Kecap Panuduh Bilangan


Ambekan
=
Sadami
Awi
=
Sabébék
Awi
=
Saleunjeur (satangkal)
Awi
=
Sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako
=
Salémpéng
Bangsal
=
Sacangi (sasiki)
Bawang
=
Sasihung (sasiki)
Béas
=
Sacanggeum
Bilik
=
Sailab (sagebig)
Boéh
=
Sarirang (tilu iket)
Cai
=
Sakeclak
Cangkir
=
Satangkep (cangkir katut pisinna)
Cau
=
Sasikat
Cau
=
Saturuy
Daun
=
Saponggol (sagagang daun)
Daun
=
Sakompét (sababaraha ponggol meunang nyuitan, tuluy dilipet)
Eurih
=
Sajalon (meunang ngadempét ku awi pikeun hateup)
Gula Kawung
=
Sabébék (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula Kawung
=
Sagandu (dua bébék, dua beulah)
Gula Kawung
=
Sabonjor
Hayam
=
Sajodo
Injuk
=
Sakakab (sageblég, meunang ngalokopkeun tina tangkal kawung; injuk


sok dipaké tambang atawa nutup suhunan imah)
Jahé
=
Sarémpang
Jalma
=
Urang
Jambé
=
Samanggar
Japati
=
Sajodo
Kalapa
=
Sahulu
Kalapa
=
Samanggar
Kaso
=
Sadapur; saluwuk
Kertas
=
Salambar
Konéng
=
Sasolor
Manjah
=
Sadapur; saluwuk
Munding
=
Sarakit (dua munding)
Muncang
=
Sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu siki-


na tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul)
Nangka
=
Sacamplung (sasiki)
Pakéan
=
Sapangadeg
Papan
=
Salambar
Paré
=
Saranggeuy (sagagang)
Peuteuy
=
Sapapan
Peuteuy
=
Sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy
=
Saémpong (sababaraha hanggor)
Peuteuy
=
Sapanon
Salak
=
Samanggar
Samak
=
Saheulay
Samping
=
Sakodi
Sangu
=
Sabakul (saboboko)
Sangu
=
Sapiring
Sapatu
=
Sarampasan
Sawah
=
Sakotak
Suluh
=
Sabébék
Suluh
=
Sahurun (sabeungkeut)
Tali
=
Sabatekan; méter
Tambang
=
Sabatekan; méter
Uyah
=
Sahuntu (saguruntul, kira-kira sagedé huntu)
Uyah
=
Sagandu; sabata

Kecap Sesebutan Bilangan


1.  Nuduhkeun Jumlah



Salosin
=
Dua welas (12)
Sakodi
=
Dua puluh (20)
Salikur
=
Dua puluh hiji (21)
Dua likur
=
Dua puluh dua (22)
Tilu likur
=
Dua puluh tilu (23)
Salawé
=
Dua puluh lima (25)
Saraju
=
Opat puluh (40)
Sawidak
=
Genep puluh (60)
Sagros
=
Saratus opat puluh opat (144)
Salaksa
=
Sapuluh rébu (10.000)
Saketi
=
Saratus rébu (100.000)
Sayuta
=
Sajuta (1.000.000)






2.  Ukuran Beurat Jeung Lobana Paré



Saranggeuy
=
Sagagang
Saeundan
=
Sapocong
Sapocong
=
Satengah geugeus
Sageugeus
=
Dua pocong (nu dibeungkeut dihijikeun)
Sagedeng
=
Sageugeus
Sabawon
=
2 geugeus
Sasangga
=
5 geugeus
Salajer
=
20 geugeus
Satanggung
=
50 geugeus = 3 kati
Samadéa
=
100 geugeus
Sacaéng
=
200 geugeus
Sakati
=
Kira-kira 817,5 gram
Saundem
=
Sabatok (kira-kira satengah léter)
Sagantang
=
10 undem = 5 kati
Saléter
=
1 dm kubik
Saemud
=
Kira-kira saléter leuwih
Sakulak
=
Kira-kira 2,5 kg (keur ukuran béas)
Sapikul
=
100 kati (keur ukuran bangsal)
Sadacin
=
Sapikul






3.  Ukuran Panjang Jeung Lega



Satumbak
=
3,77 méter
Sabata
=
Kira-kira satumbak pasagi (14 méter pasagi)
Sapal
=
1,5 kilométer
Samil
=
Sapal
Saare
=
100 méter pasagi
Sahéktar
=
100 are
Sabau
=
500 bata
Sakaki
=
30 séntiméter
Saélo
=
0,688 méter
Saicak
=
Saélo pasagi
Sadim
=
Satapak jempol
Sajeungkal
=
Sapanjang ti tungtung indung leungeun tepi ka tungtung cinggir nu


dipentangkeun (kira-kira 20 cm)
Sajeujeuh
=
Sapanjang dampal suku kolot
Sadeupa
=
Sapanjang tungtung ramo leungeun kénca tepi ka tungtung ramo


leungeun katuhu nu dipentangkeun (Kira-kira 1,6 m)
Satampah
=
Kira-kira sagedé dampal leungeun kolot
Sakodok
=
Sapanjang ti tungtung jajangkung nepi ka kélék