Aambeuan Jeung Rarasaan


A.  Aambeuan





Bau

Bangké, bugang, kokotor jalma/sato
Hangit

Olahan anu tutung, barang anu kaduruk
Hangru

Getih
Hangseur

Cikiih
Hanyir

Lauk, getih
Hapeuk

Pakéan kotor, tempat kotor
Haseum

Kokotor ucing, kélék nu késangan, olahan anu geus lila
Pengar

Jéngkol, peuteuy, obat-obatan nu ngandung bahan kimia
Pesing

Cikiih
Segak

Bako, cipeuyeum
Seungit

Kembang, minyak seungit






B.  Rarasaan





Amis

Rasana gula
Anta

Rasana cai (cai sumur di taneuh tela/basisir)
Asin

Rasana uyah
Gahar

Rasana manisan, inuman nu ngandung rasa amis-haseum.
Haseum

Rasana cuka, bungbuahan nu atah kénéh
Kecut

Rasana cuka
Kesed

Rasana salak (salak ngora)
Keutar

Rasana geutah, cangkang bungbuahan
Keurang

Rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu digoréng ku minyak


kalapa murah
Lada

Rasana céngék
Pahang

Rasana buah jéngkol, iwung nu geus kolot atawa can diasakan
Pangset

Rasana olahan nu réa teuing uyah (asin pisan)
Pait

Rasana kina, paria, hamperu
Peuheur

Rasana térong

Ngaran Rupa-Rupa Leumpang


boyot = leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun


batur.
dadaligdeugan = dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, ngadaligdeug, jajarigjeugan,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
dalugdag-daligdeug = ngadaligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, jarugjag-jarigjeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
déog = péngkor, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pon-


dok.
dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngado-


doho.
dumaligdeug = dalugdag-daligdeug, ngadaligdeug, dadaligdeugan, jumarigjeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
égang = égol, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul di-


na palangkakan jsb.
égol = égang, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul


dina palangkakan jsb.
gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, hayang narik


perhatian lalaki.
ingkud-ingkudan = jingkrung, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb.
jajarigjeugan = jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, ngajarigjeug, dadaligdeugan,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
jarugjag-jarigjeug = jajarigjeugan, jumarigjeug, ngajarigjeug, dalugdag-daligdeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa ma-


ké samping nu heureut teuing.
jingkrung = ingkud-ingkudan, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb.
jumarigjeug = jarugjag-jarigjeug, jajarigjeugan, ngajarigjeug, dumaligdeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
keketeyepan = ngeteyep, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun sora,


maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian.
képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu méh kawas aksara


X.
kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu remet kaka-


yon.
lajag-léjég = ngaléjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am-


bek.
méngpéos = ngabadaus, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak-


lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté.
mongkoy = moyongkod, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat si-


eun atawa éra.
moyongkod = mongkoy, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun


atawa éra.
narabas = leumpang di nu bala atawa di nu remet kalawan teu miduli cucuk


jsb.
nekéh = leumpang di tempat nu nanjak terus-terusan.
néléndén = tétéléndénan, talandan-téléndén, leuleumpangan anca, pikalu-


cueun katénjona (budak leutik, japati jsté.).
nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.
ngabadaus = méngpéos, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak-


lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté.
ngabéngbéos = ngabadaus, méngpéos, leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk,


biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté.
ngabring = leumpang babarengan (lobaan).
ngabrul = kaluar atawa indit babarengan
ngaburudul = kaluar ti hiji tempat (lobaan).
ngadaligdeug = dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, ngajarigjeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
ngadédod = leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu, kusabab awakna


lintuh.
ngadigdig = ngagedig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut.
ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngaléngkah.
ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk.
ngagandeuang = leumpang salsé, dada ajeg, bari keupat laun.
ngagéang = leumpang semu égang.
ngageblay = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun.
ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tapi ka kadéngé


blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan).
ngagéboy = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus.
ngagedig = ngadigdig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut.
ngagégag = leumpang kendor semu bareurat awak.
ngageuyeunggeung = leumpang laun nu keur gering atawa kakara hudang gering.
ngagéyot = ngagiyet, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.
ngagidig = ngadigdig, ngagedig, leumpang gancang sarta segut.
ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu.
ngagiplek = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek.
ngagitek = leumpang awéwé bari semu ngagutak-gitek bujur.
ngagiyet = ngagéyot, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.
ngajarigjeug = jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, jajarigjeugan, ngadaligdeug,


leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu


mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering).
ngalanggéor = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus ketempona.
ngaléjég = lajag-léjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am-


bek.
ngalénghoy = leumpang alon lantaran capé.
ngaleut = ngeungkeuy, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan


ngabring).
ngaleyad = leumpang anca diaplén.
ngaligincing = ngalongkéwang, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon-


naon.
ngalongkéwang = ngaligincing, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon-naon.
ngantay = sababaraha urang nguntuy ti hareup ka tukang bari maju lalaun-


an.
ngeteyep = keketeyepan, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun


sora, maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian.
ngeungkeuy = ngaleut, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan


ngabring).
ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang.
ngincid = leumpang gancang (sorangan).
ngingkig = ngungkug, leumpang gancang teu luak-lieuk.
ngungkug = ngingkig, leumpang gancang teu luak-lieuk.
niliktik = leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang, titiliktikan ka


ditu ka dieu.
nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék.
noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram.
nurugtug = leumpang gancang di nu mudun.
nyelengceng = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur).
nyérénténg = nyirintil, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari am-


bek).
nyirintil = nyérénténg, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari


ambek).
péngkor = déog, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
rarampéolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok jsb.).
rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang


di nu bala sieun kacugak lantaran teu maké sendal/sapatu.
sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok jsb.)
sésélékét = seselendep, leumpang di antara jelema loba.
seselendep = sésélékét, leumpang di antara jelema loba.
singkang = leumpang semu jégar lantaran sukuna ti lebah tuur ka handap se-


mu kaluar (sabalikna tina képoh).
talandan-téléndén = tétéléndénan, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun ka-


ténjona (budak leutik, japati jsté.).
tétéléndénan = talandan-téléndén, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun


katénjona (budak leutik, japati jsté.).
tonggoy = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu ngage-


roan.
totolonjongan = leumpang kawas nu rék labuh.
tuturubun = turun (leumpang) rurusuhan, buru-buru.
ungkuy-ungkuyan = leumpang bari ngobahkeun awak ka luhur ka handap (nu tanpa-


daksa).


Rupa-Rupa Diuk


andegléng = diuk ajeg tumaninah dina korsi.
andéprok = émok rékép (awéwé).
anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong mun-


ding, kuda, sapédah jsb.).
campego = cingogo kawas aya nu didagoan.
candeluk = cendekul, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cendekul = candeluk, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindekul = cendekul, candeluk, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindeluk = cendekul, cindekul, cindukul, candeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindukul = cendekul, cindekul, candeluk, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cingogo = cangogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang.
cangogo = cingogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang.
émok = cara diuk awéwé dina lanté (samak), pingpingna diréndéngkeun, bitis-


na patumpang, arahna sarua.
émok cabok = sabangsa émok tapi bitis nu kénca kana pingping kénca, nu katuhu ka-


na pingping katuhu.
nagog = cingogo.
nanggeuy gado = diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado, biasana


keur ngalamun atawa baringung pipikiran.
ngabaheuhay = diuk nyanghunjar bari suku dipaanggangkeun, biasana lantaran capé.
ngabebengkung = diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur.
ngalageday = ngalegeday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté.
ngalegeday = ngalageday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté.
nyanghunjar = nangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
nanghunjar = nyangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
nyanghunjar lambar = diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.
nyangsaya = diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan.
sidéngdang = diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah pang-


gung nu aya kolongan), lamun suku duanana diayun-ayun disebutna


ucang-ucangan, lamun suku diayun-ayun bari didiukan budak disebut-


na ucang anggé (sarupa kaulinan).
sideuha = diuk émok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak awak.
sila = diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didéngkak-


keun.
sila andekak = sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan.
sila ipis = sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jébrag.
sila mando = sila bari leungeun duanana aya di antara dua suku nu ditumpangkeun,


awak biasana semu doyong ka hareup.
sila tumpang = sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kénca katuhu.
sila tutug = suku nu sebeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.


Ngaran Rupa-Rupa Omongan


ancad laér = ngomongna anca pisan.
céntal = pacéntal-céntal, paséa paréa-réa omong.
eur-eur = garap, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap-ap


ereup-eup.
galantang = ngagalantang, nyarita atawa pidato panjang tur tatag.
galécok = garécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun.
garap = eur-eur, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap-


ap ereup-eup.
garécok = galécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun.
garihal = omongan kasar matak nyentug kana ati.
gebah = ngagebah, ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur


reuwaseun.
gebés = ngagebés, nyentak, ngahuit.
gedebul = rahul, gedé omong, gedé bohong.
gelendeng = ngagelendeng, ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatah-


an, biasana paduduaan.
gelendut = ngagelendut, nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lem-


but.
gentem = omongan semu agem.
gentra = ngagentraan, nyalukan, ngageroan.
gerentes = ngagerentes, ngomong di jero haté.
gereyem = ngagereyem, ngomong laun ukur kadéngé ku sorangan.
gero = ngagero, nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas


atawa aya bahaya, ngageroan = nyalukan.
gonjak = ngagonjak, ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseu-


rieun).
gorocok = beuki ngomong, ngagorocok = ngomong rusuh.
gundam = ngalindur, ngomong kalawan teu sadar (biasana keur saré).
gunem catur = ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang.
guntreng = cacarita lila duaan, sorana lalaunan.
handap lanyap = omongan lemes tapi eusina ngahina.
haréwos = ngaharéwos, nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur


sangkan ulah kadéngé ku nu lian.
haréwos bojong = caritaan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku batur.
hariweusweus = haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas


jsté.).
haroshos = omongan anu méh teu kadéngé (sora jalma nu geus kurang na-


pas).
harung gampung = sompral, ngomong sangeunahna.
hoghag = paréa-réa omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu paséa


atawa nu parebut bebeneran).
humandeuar = ngomong (bari rumahuh, ngedalkeun kasusah, kahoréam jsté.


(biasana jalma nu ngarasula).
jejebris = ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goréng budi, ambek


jsb.
kah = jawaban awéwé mun dicalukan.
kecewis = ngecewis, ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun.
kecewas-kecewis = ngomongkeun batur ka ditu ka dieu.
kocéak = ngocéak, ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasi-


eun jsb.
kukulutus = gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek).
kulan = jawaban lalaki mun dicalukan.
kunyam-kunyem = ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab.
sosoak = ngomong tarik bari ambek.


Sesebutan Ka Jelema


Aki-aki
=
Lalaki nu geus kolot pisan.
Balég tampélé
=
Mangkat begér, wani di tukangeun, ari dihareupeun éra kénéh.
Bébéné
=
Kabogoh (awéwé).
Beubeureuh
=
Kabogoh (lalaki).
Bijil bulu mayang
=
Saharti jeung balég tampélé.
Budak
=
Anak jalma nu can balég.
Budak gumélo
=
Budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak kénéh, kira-kira


umur 2-4 taun.
Budak kamalolé
=
1. Budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya


tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daék


cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.


2. Budak nu teu pati kaurus, kurang nyusu lantaran indungna begér


deui.
Budak pahatu
=
Budak nu geus teu boga indung.
Budak pahatu lalis
=
Budak nu geus teu boga indung bapa.
Budak yatim
=
Budak nu geus teu boga bapa.
Bujang
=
Lalaki nu geus balég tapi can kawin.
Bujang jenggléngan
=
Jajaka tulén.
Cawéné
=
Parawan, awéwé anu can kawin.
Duda
=
Lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui.
Galak sinongnong
=
Budak lalaki nu mimiti aya sir ka awéwé (sarua jeung balég tampélé,


ngan geus rada aya kawani).
Kokolot begog
=
Jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan ko-


lot.
Kolot
=
Jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
Kolot sapeuting
=
Jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kaka-


ra dijurukeun sapeuting.
Kontrong-kontrong
=
Jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki.
Lanjang
=
Awéwé nu can kawin.
Ngomboan
=
Lalaki nu mimiti begér ka awéwé, sorana ngagedéan.
Nini-nini
=
Awéwé nu geus kolot pisan.
Parawan
=
Cawéna, awéwé nu can kawin.
Parawan jekékan
=
Mojang tulén, keur meujeuhna rumaja putri.
Randa bengsrat/
=
Randa nu saenyana parawan kénéh, can sapatemon jeung salaki mé-
kulanjar

méh diserahkeun (ditinggal maot).
Randa/rangda
=
Awéwé nu geus diserahkeuh atawa ditinggal maot ku salakina.
Séngsérang panon
=
Parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nénjo, resep naksir.
Tengah tuwuh
=
Jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun.
Turun amis cau
=
Parawan nu mimiti begér.