Istilah Olahraga


1.
Istilah dina maénbal

-
aut (out), bal kaluar pakalangan lebah gurat sisi.

-
balik bandung, nyépak bal bari malik, bal ngaliwatan si-


rah sorangan.

-
barung, bareng nyépak bal jeung lawan.

-
bék (back), pamaén tukang.

-
békpas (back pass), ngoperkeun bal ka kiper ngagunakeun


bagian awak ti pingping ka handap.

-
beulah jambé, bal keuna kana ciri gul tihang, batu, jsb.

-
bomber, pamaén anu bisa diandelkeun dina nyitak gul.

-
dienol, éléh (kaasupan) loba bari teu bisa ngasupkeun.

-
dua belas pas atawa pinalti (finalty-kick), sépakan lebah


titik bodas di tengah-tengah kotak pinalti, lantaran pe-


langgaran nu dianggap beurat.  Baréto sok diukur ku


léngkah (12 léngkah) ti gul.

-
galandang, pamaén lapangan tengah.

-
gedeg (seri), hasil pertandingan euweuh nu éléh euweuh


nu meunang.

-
gelekan, maénbal nu teu maké lépri.

-
gul (goal), 1. bal asup ka gul; 2. gawang nu dijaga ku ki-


per.

-
héden (heading), bal disundul.

-
hén (handsball), pelanggaran lantaran bal kana leungeun.


kiper narima operan békpas ku leungeun.

-
kiper (goal-keeper), purah ngajaga gul.

-
kornal (corner-kick), sépakan ti juru lantaran bal keuna


ka musuh méméh ngaliwatan garis lempengan gul.

-
libéro, pamaén tukang anu gerakna laluasa, malah saka-


peung milu nyerang nepi ka daérah pinalti lawan.

-
ngajaga bawang, cicing hareupeun kiper batur, sangkan


gampang ngasupkeun (dina gelekan).

-
opsét (off-side), pelanggaran lantaran aya di satukang-


eun lawan waktu dioperanna.

-
prikik (free-kick), sépakan bébas, sépakan lantaran


pelanggaran di luar kotak pinalti.  Jeung mun kiper nari-


ma békpas ku leungeun (ditéwak).

-
sénterpur atawa striker, pamaén hareup nu pancénna


ngasupkeun bal ka gul lawan.

-
topskor (top-scorer), pamaén anu panglobana ngasup-


keun dina kompetisi, kajuaraan, jsb.

-
wing bék (wing back), bek sayap, pamaén tukang (kénca-


katuhu) nu sok milu nyerang.



2.
Istilah Dina Tinju

Istilah dina tinju, di antarana:

-
asbuk, bungkus leungeun tina kulit paranti tinju (sarung


tinju).

-
double cover, nahan teunggeulan lawan ku cara ngara-


petkeun dua leungeun kana beungeut jeung awak.

-
clinch, petinju rapet teuing, silih rangkul, nepi ka kudu di-


pisah ku wasit.

-
hok (hook), nonjok semu dikaél.

-
jeb (jab), nonjok semu dikenyedkeun.

-
KO (knock-out), salah saurang petinju ngajurahroh.

-
meunang angka (MA), meunang lantaran ceuk itungan juri


leuwih unggul angkana ti lawan.

-
ring, pakalangan tempat nu tinju.

-
ronde, babak, bagian.

-
RSC (referee  stop  contess),  wasit  ngeureunkeun


pertandingan, lantaran salah saurang petinju ngajurah-


roh atawa geus teu sanggup neruskeun pertandingan.


Mangrupa istilah di tinju amatir.

-
strike, nonjok lempeng.

-
sudut, juru ring, aya sudut mérah jeung sudut biru, tem-


pat istirahat petinju waktu istirahat.  Ari sudut nétral, su-


dut anu teu dipaké istirahat petinju.

-
TKO  (technical  knock-out),  wasit  ngeureunkeun pertan-


dingan lantaran salasaurang petinju nyerah; atawa ka-


témbong ripuh sarta dianggap henteu mampuh neruskeun


pertandingan. Istilah KO jeung TKO aya dina tinju profé-


sional.

-
upper cut, neunggeul ti handap ka luhur.



3.
Istilah Dina Batminton

Istilah dina batminton, di antarana:

-
aut (out), kok kaluar lapang.

-
békhén (backhand), tepakan bari nukang kawas nu diké-


prét.

-
cemés (smash), tepakan tarik tur nutug (nyeceb).

-
cop, tepakan laun hareupeun nét.

-
jus (deuce), angka sarua 19 atawa 20, nepi ka angkana


ditambahan sangkan bisa gim (jus dua, jsb.).

-
kok (shuttle cock), bal batminton, tina kayu gabus maké


bulu soang, jsb.

-
lob, tepakan nu diapungkeun luhur.

-
longsét (rubber set) maén tilu sét lantaran dua sét


saméméhna silih éléhkeun.

-
nét, sarupa jaring nu dipaké pikeun hahalang sekaligus


ngabagi daérah pamaén.

-
nétting, laun hareupeun nét, tepakan ipis luhureun nét.

-
pindah bola, pindah sérpen ka lawan.

-
rakét (racket), panepak batminton, gagangan, buleud ma-


ké kenur.

-
sérpen (serve), tepakan munggaran unggal angka.



4.
Istilah Séjénna

-
lépri (referee), wasit, anu ngatur jalanna pertandingan di


lapang mawa surilit.

-
kaptén, pamaén anu jadi pamanggul di tengah lapangan


dina olahraga beregu; kaptén tak bermain, nyaéta kaptén


nu teu milu maén, ayana dina ténis.

-
pangebut (hakim garis), nu ngabantuan wasit dina maén-


na, cicingna di sisi lapang (kénca-katuhu), mawa pange-


but bandéra leutik.

-
panjaga garis, nu ngabantuan wasit dina batminton jeung


ténis, pancénna nuduhkeun bal/kok upama asup atawa


kaluar.

-
time-out, ménta waktu eureun sakeudeung ka wasit wak-


tu pertandingan lumangsung, pikeun ngabebenah tim


jsb.

-
WO (walk-out), ngundurkeun diri tina pertandingan.