Seni

1.  Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)

2.  Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

3.  Pupuh

Titisan Degung



Titisan Degung






Sanggian/Rumpakan:  Endu Sulaeman Apandi
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Laras:  Pélog/Degung
Gerakan:  Sedeng




1.
Titisan degung warisan karuhun (2x)
2.
Titisan degung warisan karuhun (2x)

sim abdi amit rék ngawih

henteu leungit komarana

ngawihkeun lagu baheula

jadi tuduh keur bangsana

titinggaal para bujangga

ayeuna urang mangsana

kiwari kantun ngaranna

mangga guar pusakana

mangga urang parupusti ku sadayana

masing caang narawangan ka mana-mana

diraksa didama-dama

ulah nyasar salah rampa

supaya alus buahna

bisi poékeun di jalanna

diraksa didama-dama

ulah nyasar salah rampa

supaya alus buahna

bisi poékeun di jalanna






3.
Titisan degung warisan karuhun (2x)



jalanna seni kasusastran



seni kawih seni tembang



da geus aya ti dituna



teu ngagarap dihéséna



urang mah ngan kari néangan nu masih aya



ulah léah gancang laas



mun nu salah matak tiwas



ulah léah gancang laas



mun nu salah matak tiwas


Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh

Tepis Wiring



Tepis Wiring






Sanggian/Rumpakan:  Uking Sukri
Surupan:  4=Tugu (Barang)
Laras:  Sorog/Madenda
Gerakan:  Sedeng




1.
Tepis wiring lembur kuring
2.
Lumantung rék ilubiung

banjar karang pamidangan

rék nepikeun kaayaan

nya lahir di tepis wiring

ka jalma nu mikahéman

moal poho haté kuring

kaayaan tepis wiring

sok sanajan ayeuna paanggang

tepis wiring anu keur prihatin

teu hariwang di tinggalkeun

prihatin kurang pangeumbing

ngalantung ukur arék lumantung

pangeumbing ti batur-batur kuring

lumantung lain rék pundung

nu jauh ti tepis wiring


Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh

Sumoréang


Sumoréang






Sanggian/Rumpakan:  Uking Sukri
Surupan:  4=Tugu
Laras:  Sorog/Madenda
Gerakan:  Sedeng




1.
Sir éling ngulisik nyaring
2.
Béak bulan béak taun

bray beunta naha jeung saha

ngantos-ngantos bagja diri.

pajonghok patepung témbong

béak bulan béak taun

asa dina panyileukan

ngantos-ngantos bagja diri.

watekna daya asmara

iraha atuh iraha

daya asmara

laksana kakangen ati

sumoréang ka nu anggang

sumoréang ka nu anggang

banjar karang pamidangan

moal weléh diantosan






3.
Sakapeung sok jadi pikir



teu palér ku dibubungah



sakapeung sok jadi pikir



teu palér ku dibubungah



tetep cumantél 'na haté



iraha kadar laksana



sumoréang ka nu anggang



sok sieun kagegeringan

Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh