Istilah Tutuwuhan


A.  Akar

 -  Akar, bagian tutuwuhan nu aya di jero taneuh.

 -  Akar mayang, akar tutuwuhan nu taya akar pancerna.

 -  Akar Pancer, akar tengah nu terus ka handap.

 -  Beuti, akar nu ngabenggul sarta dagingan.

 -  Canir, akar nu rubak nyéréngkébéng.

 -  Jangkar, akar nu témbong luhureun taneuh.




B.  Tangkal

 -  Tangkal, bagian tutuwuhan nu panggedéna.

 -  Bodogol, tangkal cau bagian pangjerona, anu kalakop ku gebog.

 -  Buku, bagian antara dua ruas (awi, tiwu jsb.).

 -  Catang, tangkal kai nu geus ngagolér, lantaran runtuh atawa dituar.

 -  Dahan, bagian tutuwuhan nu bijil tina tangkal luhureun taneuh, asalna ti-

     na sirung.

 -  Gebog, kalokop daun cau anu ngabulen bodogolna sarta mangrupa tangkal

     cau sagemblengna.

 -  Geleuh, bagian tangkal kai tengah-tangahna nu biasana béda warna sarta

     nu pangteuasna.

 -  Jarami, tangkal paré nu geus garing.

 -  Kulit kai, bagian tangkal kai pangluarna.

 -  Mamata, bagian kai atawa awi nu teuas sarta buleud urut dahan.

 -  Pangpung, rangrang, dahan garing.

 -  Papagan, kulit kai nu rada kandel.

 -  Ruas, bagian awi antara dua buku.

 -  Sénggéh, sarupa sélér luhureun taneuh atawa dahan nu teu pati lumrah.

 -  Sirung, pidahaneun atawa pitangkaleun anu kakara melentis kénéh.

 -  Tunggilis, tunggul tangkal jambé.

 -  Tunggul, bagian tangkal sésa nuar.




C.  Daun

 -  Daun, bagian tutuwuhan anu lalambaran, umumna warnana héjo, aya

     tangkay atawa palapahan.

 -  Barangbang, baralak, daun kalapa garing dina tangkalna.

 -  Janur, pucuk kalapa nu semu konéng kénéh.

 -  Kalakay, daun nu geus garing.

 -  Kararas, daun cau nu geus garing.

 -  Koléang, daun nu geus garing, nu ngoléang murag tina tangkalna ( samé-

     méh tepi ka taneuh).

 -  Nyéré, urat daun kalapa atawa daun kawung, sok dijieun sapu, seumat jsb.

 -  Palapah, gagang daun anu panjang sarta rubak atawa buleud.

 -  Pucuk, daun ngora.

 -  Tangkay, gagang daun atawa kembang.




D.  Kembang

 -  Kembang, bagian tatangkalan nu biasana sok jadi buah, loba nu alus rupa-

     na jeung seungit.

 -  Buku, kucup kénéh, tacan beukah.

 -  Kamanilan, kembang mimiti, beukahna can alus (sedep malem jsb.).

 -  Ligar, maruragan daun kembangna.

 -  Mangkak, daun kembangna mekar, beukah.

 -  Sintung, kalokop mayang/suligar nu geus tuhur.




E.  Buah

 -  Buah, bagian tutuwuhan nu asalna tina kembang.






1.  Ayana dina tangkal



 -  Pala gumantung, bubuahan nu biasa ngagarantung dina tangkalna,



     saperti manggah, jambu, jeruk jsb.



 -  Pala kapendem, sarupaning beubeutian, saperti suuk, boléd, bang-



     kuang jsb.



 -  Pala kasimpar, bubuahan nu sok ngagolér dina taneuh saperti bon-



     téng, samangka jsb.






2.  Istilah pentilna



 -  Cengkir, pentil buah kalapa.



 -  Pakél, pentil buah manggah/limus.



 -  Semi, pentil buah jagong.



 -  Tongtolang, pentil nangka.






3.  Istilah buahna



 -  Benda, buah teureup.



 -  Caruluk, buah kawung.



 -  Gadog, buah gintung.



 -  Jebug, jambé kolot.



 -  Kamal, buah asem.



 -  Keceprek, buah hiris.



 -  Ketewel, nangka ngora.



 -  Langgoko, buah kiray.






4.  Istilah sipat buahna



 -  Cumolat, manggu nu geus coklat, téréh asak.



 -  Dumewegan, tangkil atawa hiris nu keur meujeuhna siga dawegan



     eusina.



 -  Gumading, gedang nu semu gading, rék asak.



 -  Humaseum, buah nu haseum kénéh tapi téréh asak.



 -  Lumého, dawegan keur meujeuhna siga lého.



 -  Lumiat, jéngkol nu geus téréh kolot.



 -  Rumangu, pakél atawa hiris nu keur meujeuhna rangu.



 -  Sumagol, istilah pikeun hui.




F.  Istilah  Tutuwuhan Séjénna

 -  Balukang, palapah daun kalapa/kawung.

 -  Bogol, bagian tangkal kalapa/cau nu panghandapna (tempat bijilna akar).

 -  Harupat, bagian injuk nu siga nyéré.

 -  Humbut, pucuk tangkal kalapa, kawung jsb. nu bodas sarta uduh.

 -  Injuk, bulu tangkal kawung nu hideung siga buuk.

 -  Iwung, anak awi nu mangrupa boros kénéh.

 -  Kawul, lunglum nu siga lukut warna coklat, sok dipaké panékér.

 -  Mérang awi, bulu kalokop awi nu matak ateul.

 -  Pancar, tangkal awi nu geus garing.

 -  Petét, bibit tutuwuhan nu leutik kénéh, nu jadi sorangan atawa beunang

     ngahaja melak.

 -  Régang, dahan leutik.

 -  Ruyung, bogor, bagian nu teuas dina tangkal kawung.








G.  Guna Tutuwuhan





 1.  Nu diala buahna


 -  Tangkal gedé:  Alpuket, asem, balingbing, bencoy, ceremé, dukuh, gedang,


     huni, jambu, jéngkol, jeruk, kadongdong, kadu, kalapa, manggah, mang-


     gu, picung, peuteuy, pisitan, rambutan, sawo, sukun, tangkil, pala jsb.


 -  Tangkal leutik:  Cabé, céngék, térong, tomat, cabé rawit jsb.


 -  Tangkal ngareuy:  Roay, buncis, kacang panjang, jaat, paria, anggur, ka-


     pri jsb.





 2.  Nu diala beutina


 -  Akar ngabengul:  Hui, sampeu, kentang, wortel, lobak, bangkuang, bit, bo-


     léd jsb.


 -  Bagal ngabenggul/sénggéhan:  Taleus, ganyol, cikur, jahé, konéng, panglay,


     lampuyang, jaringao jsb.





 3.  Nu diala daunna


 -  Sayuran:  Kangkung, katuk, bayem, pécay jsb.


 -  Lalab:  Antanan, écéng, kahitutan, jalantir, jotang, daun sampeu, daun ge-


     dang, paris, sintrong, randamidang, téspong, marémé, putat, saladah,


     pohpohan jsb.


 -  Samara/panyari:  Bawang daun, saledri, surawung, salam, pandan jsb.


 -  Obat-obatan:  Kumis ucing, pecah beling, saga, sembung, randu, lidah bu-


     aya, tarum, seureuh jsb.


 -  Pakakas/parabot:  Méndong, pandan, kiray, eurih, kalapa jsb.


 -  Bungkus:  Daun cau, waru, jati, hanjuang jsb.





 4.  Nu diala tangkalna


 -  Kai/dangdanan:  Jati, awi, kawung, kalapa, angsana, bangban, bihbul, bi-


     soro, kidamar, gempol, jamuju, junti, angsana, pineus, rasamala, kayu-


     jaran, puspa, albasiah, jeungjing, mindi, mahoni, kihiang jsb.


 -  Obat/panyari:  Kina, kayumanis, candana jsb.





 5.  Nu diala kembangna


 -  Panyari/seuseungitan:  Cengkéh, kananga jsb.


 -  Hiasan:  Sedep malem, radiul, hébras, eros, malati, anyelir, rasida, ang-


     krék, dahlia, margrit, suyok jsb.