Tepas


Sasieureun Sabeunyeureun Pikeun Sunda

Anu janten luluguna mah nyaéta malar dina pagaliwotana sareng basa
sanés, basa Sunda tiasa mekar dina galur kudrat kapribadianana.  Ngé-
mutkeun kana kalungguhanana dina hirup-kumbuh, basa Sunda janten
basa-indung urang sunda, janten basa lulugu nu hirup dina pakumbuh-
an masarakat Sunda.  Sajabi ti éta mugia tiasa ngabantos ka marurang-
kalih nu nuju sarakola atanapi karuliah.

Dina danget ieu, sim kuring nembé tiasa midangkeun Kamus sareng
Istilah-istilah nu ilahar dianggo sadidinten.  Atuh mugi-mugi kapayun
mah tiasa nambihan ku perkawis nu sanésna.

Ieu blog téh ngahaja sim kuring nganggo wangun nu teu tiasa di "salin-
témpél" atanapi teu tiasa di "copy-paste", hapunten anu kasauhun.
Maksadna mah sanés ku medit, namung ngahaja kanggo ngajénan nu
ngadaramel buku.

Atuh ka sadayana nu rido galih ngiring ngarojong, sim kuring ngahatur-
keun hatur séwu nuhun laksa keti kabingahan, mugia janten amal ka-
saéan tur kénging wawales ti Gusti Nu Maha Suci.

Bilih aya nu badé silaturami sareng sim kuring, mangga diantos di:
http//www.facebook.com/binbin.binbin.31 atanapi nelahna di
facebook mah nyaéta:  Binbin BéÉm.

Pamungkas carios, tina sagala rupi kakirangan, dina lepat léngkah ata-
napi maksad, sim kuring neda sih hapuntenna.  Atuh panyawad sareng
pamair ti sadayana kalintang diantos-antosna.


Wasalam.