Minggu, 29 Juli 2012

Istilah Pakakas (Parabot)





Aseupan, parabot paranti nyeupan, dijieun tina awi nu dianyam.









Ayakan, parabot pikeun ngala lauk atawa ngayak, dijieunna tina
awi dianyam carang.







Baki, parabot paranti ngawadahan geulas atawa kéler mun nyuguhan sémah, dijieun tina kai atawa beusi








Bakul, paranti wadah béas atawa sangu, dijieun tina awi.










Baskom, parabot paranti wawadahan: béas, sangu, dahareun, jsb. Dijieun tina kaléng/alumunium bisa ogé tina bahan palastik.









Boboko, parabot paranti wadah béas, sangu, jsb. Dijieun tina awi









Céntong, dijieun tina kai, paranti nyiuk sangu.






Cécémpéh, nyiru leutik paranti napikeun béas atawa moé kadaharan. Dijieun tina awi.







Centing, dijieun tina taneuh, paranti wadah uyah.










Cewo, dijieun tina taneuh beureum, paranti meuleum uyah guruntulan supaya lemes.







Coét jeung mutu, mutu dijieun tina kai atawa batu, coét dijieun tina taneuh, kai, atawa batu, parabot paranti nyambel.






Cukil, dijieun tina kai atawa awi, paranti nyiuk sangu.









Cumbung, dijieun tina awi, parabot paranti wadah sangu nu kariaan.








Didingkil/jojodog, dijieun tina kai, paranti diuk di hareupeun hawu.










Dingkul, parabot paranti wadah sangu atawa wadah béas.









Dulang jeung hihid, dulang dijieun tina kai, paranti ngakeul atawa nyieun ulén; Hihid dijieun tina awi, paranti ngahihidan sangu, jsb.








Emuk jeung cangkir, dijieun tina séng atawa kaléng, parabot paranti wadah cai.






Gayung/siwur, dijieun tina batok kalapa, paranti nyiuk cai tina buyung, tina sééng jst.







Gentong/buyung, dijieun tina taneuh, paranti wadah cai atawa béas.









Halu, dijieun tina kai, paranti nutu.







Hawu, dijieun tina taneuh atawa semén, paranti mirun seuneu di dapur keur ngasakan kadaharan atawa naheur cai.










Jodang/ayakan gedé, dijieun tina hinis awi, paranti moé opak, ranginang, kéré, jst.









Jubleg, dijieun tina kai atawa batu, paranti nipung.









Jubung, dijieun tina awi, parabot paranti nyimpen aseupan nu eusian.











Kalo, dijieun tina anyaman kawat atawa kai, paranti ngayak tipung.








Kameuti/kameron, dijieun tina anyaman daun gebang, paranti wawadahan mun indit-inditan ka leuweung.










Kastrol, dijieun tina beusi, paranti ngaliwet atawa naheur cai.








Katél, dijieun tina beusi, paranti gurang-goréng.









Kélé, dijieun tina ruas awi nu aya bukuan, paranti ngala cai di pasisian.









Kekeb, dijieun tina awi, paranti nutupan aseupan lamun nyangu atawa nyeupan kadaharan.









Kekeba/tingkem, dijieun tina anyaman awi, paranti mawa oléh-oléh.










Kempis, dijieun tina awi, paranti wadah lauk lamun nguseup atawa ngecrik










Kendi, dijieun tina taneuh, paranti wadah cai.










Koja, dijieun tina anyaman hoé, paranti wawadahan mun indit-inditan ka leuweung.









Kolanding, dijieun tina anyaman awi, paranti wawadahan lamun barang ala, saperti buah, kopi, jst.









Korang, dijieun tina awi, paranti wadah lauk.







Kukuran, dijieun tina kai maké séng, paranti ngerok kalapa nu geus dibeulah.





Leukeur, dijieun tina awi atawa sapu paré, paranti nunda sééng, pariuk, jst. sangkan teteg.





Lisung, dijieun tina kai, paranti nutu.





Lodong, dijieun tina ruas awi gombong, paranti lahang atawa cai.






Lulumpang, dijieun tina batu, kai atawa beusi, paranti nutuan kopi, sambara jst.





Nyiru, dijieun tina awi, paranti napi bangsal, béas jst.





Pangarih, dijieun tina kai, pranti ngarih atawa ngakeul sangu.








Parud, dijieun tina kai maké kawat, paranti marud kalapa.








Pipiti, dijieun tina anyaman awi, paranti wadah sangu jeung deungeuna bagikeuneun, biasana di nu kariaan.







Piring, dijieun tina beling, kaléng, atawa poslén, paranti wadah sangu atawa kadaharan.









Poci, dijieun tina taneuh, séng atawa beling, paranti nyeduh cientéh.








Rampadan, dijieun tina kuningan, paranti mawa susuguh.







Ranggap, dijieun tina awi, paranti kurung hayam.










Rantang, dijieun tina alumunium, paranti mawa sangu atawa kaolahan.










Said (boboko gedé), dijieun tina awi, paranti wadah sangu atawa béas.







Saji, dijieun tina awi, paranti wadah kadaharan.









Salang, dijieun tina tambang, awi, atawa hoé, paranti nyimpen boboko sangu atawa paranti mawa barang maké rancatan.









Sééng, dijieun tina kaléng, paranti nyangu, nyeupan atawa ngulub beubeutian jsb.







Sendok, dijieun tina kaléng atawa alumunium, paranti nyéndokan dahareun.




Sésérok, dijieun tina séng atawa kaléng, paranti nyait gogoréngan.






Sinduk, dijieun tina batok kalapa jeung kai, paranti nyiu sayur, jeung dahreun séjén nu ngandung cai.





Songsong, dijieun tina ruas awi, paranti niup seuneu di hawu.





Talenan, dijieun tina kai, paranti las kurat-keureut di dapur.





Tampir, (nyiru gedé), dijieun tina anyaman awi, paranti napi, moé opak, jst.





Tampolong, dijieun tina kaléng atawa kuningan, paranti wadah luah nu keur nyeupah.






Téko, dijieun tina kaléng, atawa alumunium, paranti wadah cai.







Téténong, dijieun tina anyaman awi, paranti nyimpen deungeun sangu.









Tolok, paranti wadah dagangan siga tolombong maké soko jeung turub.









Tolombong, dijieun tina anyaman awi, paranti wawadahan mun barang ala.







Tomo jeung pariuk, dijieun tina taneuh beureum, paranti ngangeun, mindang, jsb.







Undem, dijieun tina batok, paranti naker béas/gabah.





 

Parako, dijieun tina palupuh maké taneuh, tempat nyimpen hawu sangkan ulah kahuruan.





Sair, dijieun tina anyaman awi, paranti ngala lauk.



Sangrayan, dijieun tina taneuh, paranti nyangray suuk, kacang, jsb.




Undem, dijieun tina batok, naker béas/gabah.




Tidak ada komentar: