Obahna Anggahota Badan


1.  Obahna Suku

jéngké = ngangkatkeun keuneung nepi ka napak ku ramo suku.
najong = ngeunakeun (ramo) suku kalawan ngagentak kana barang jst.
nalapung = nyépak (bal jst.) ka luhur ku tonggong suku (sanggeus dialungkeun


heula).
nalipak = nyépak ku dampal suku.
néjéh = nyépak ku suku nu tukang (kuda, kaldé jst.).
ngajejek = nincak barang ngagentak ku dampal suku.
ngaréngkas = ngahalangan léngkah batur ku suku urang (sina labuh).
nincak = napakkeun suku.
nokér = ngésérkeun barang ngagentak ku suku rada ka gigir atawa ka tu-


kang.
nyépak = ngeunakeun suku kalawan tanaga kana barang (bal jst.).



2.  Obahna Leungeun
gagaro teu ateul = gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheul.
garo ganyang = gagaro saluar awak.
garo maling = gagaro bari teu sadar, keur saré.
garo singsat = gagaro bari nyingsat, lantaran geus teu sabar atawa lantaran am-


bek (awéwé).
garo = gagaro, ngeruk-ngerukkeun ramo leungeun (kuku) kana kulit lebah


nu ateul.
gupay = ngagupay, ngobahkeun leungeun tanda nitah nyampeurkeun, nya-


lukan ku isarah leungeun.
gugupay = ngobahkeun leungeun tanda mileuleuyankeun (nu indit atawa nu


ditinggalkeun).
malédog = ngalungkeun batu jst. kalawan tarik, kana sato (anjing jst.).
mencét = neueulkeun atawa ngadempétkeun indung leungeun jeung curuk


kana barang bagian awak jst.
mencétan = neueul-neueulkeun indung leungeun kana awak batur nu karasa


carangkeul atawa nyareri, sangkan cageur.
meureup = ngeupeulkeun leungeun.
meureupan = ngeupeulkeun leungeun diacung-acung, nangtang atawa ngajak


geulut ka batur.
nakis = nahan paneunggeul batur ku leungeun, supaya ulah keuna kana


awak.
nakol = neunggeulkeun barang teuas ku leungeun kana barang sején (na-


kol bedug, nakol goong jst.).
naleukeum = nempatkeun leungeun atawa siku duanana nu dipaké nahan


awak kana méja, kana barang nu malang.
nampiling = neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
nanggeuy = mawa barang dina dampal leunggeun ditamprakkeun, leungeuna


tina semet siku sina ajeg (nanggeuy baki jst.).
nangkeup = ngadekkeun barang jst. kana dada bari ngeukeupkeun leungeun


duanana (ilaharna dilakukeun kana jelema).
nangkeup harigu = nempatkeun leungeun duanana sina julat-jalit dina harigu.
nangkeup sirah = nyekel sirah beulah tukang ku leungeun duanana nu ramona di-


pacorokkeun.
néké = ngetrok sirah atawa tarang batur ku tonggong ramo nu ditikel-


keun.
nepak = ngeunakeun dampal leungeun atawa ku dampal ramo opatanana.
neunggeul = ngeunakeun leungeun sakuat-kuatna supaya batur nyerieun.
ngajembél = nyiwit rosa ku indung leungeun jeung tengah-tengah curuk.
ngaléng = nyangkolkeun leungeun kana leungeun batur nu aya di gigireuna


palebah taktak.
ngarameus = ngarames, ngalembutkeun barang ku ramo limaanana jeung dam-


pal leungeun.
ngarawu = nyokot barang (laleutik) ku dua dampal leungeun nu diréndéng-


keun sarta dikewungkeun.
ngarongkong = nyodorkeun leungeun (awak milu obah) pikeun nyokot barang nu


rada anggang, teu katepi bari diuk.
ngélék = barang bawa dina kélék didempét ku peupeuteuyan.
ngéprét = 1. ngobahkeun leungeun baseuh digentakeun supaya cai nu nara-


pel ngaracleng; 2. ngobahkeun leungeun (ramo limaanana) nga-


gentak kana awak batur (biasana kana beungeut) supaya nyeri-


eun.
ngeupeul = nyekel barang dina leungeun nu keupeulkeun (barang digenggem


ku ramo limaanana).
ninjul = nekenkeun tungtung curuk kana awak batur, biasana kana cang-


kéng.
noél = ngeunakeun tungtung curuk kana awak batur, maksudna méré bé-


ja atawa méré isarah.
nonjok = ngeunakeun peureup kalawan tarik.
nungkup = nutupan nu molongo ku leungeun, nutupan sungut nu keur heuay.
nunjuk = nuduhkeun ku curuk.
nuyun = nungtun, nyekelan leungeun budak jst. dibawa leumpang.
nyabok = nampiling, neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.
nyakar = ngoét tapi leuwih parna ku kuku kabéhanana.
nyawuk = nyokot barang (laleutik: beas, keusik jsb.) ku ramo kabéhanana


jeung dampal leungeun sakaligus.
nyewol = nyokot atawa ngalaan ku leungeun rada loba (nyewol sangu, nye-


wol pais lauk jsb.).
nyintreuk = ngabetrikeun tungtung jajangkung kana awak batur (biasana kana


ceuli) supaya nyeurieun; kana sato leutik (sireum, laleur jsb.) su-


paya paéh.
nyiwit = ngeunakeun indung leungeun jeung tengah-tengah curuk (nyapit)


kana awak batur supaya nyeurieun.
nyokél = mukakeun barang, peti jsb. anu teu bisa dibuka ku alat saperti ku


linggis, obéng gedé jsb.
nyokot = mindahkeun barang tina tempatna, boh jauh boh deukeut, ku leu-


ngeun pikeun dipaké, didahar jsb.
nyolék = nyokot atawa ngalaan barang beyé/leuleus (sangu jsb.) ku ramo


atawa ku parabot, séndok jsb.
nyolok = ngasupkeun barang nu panjang kana liang; ngasupkeun curuk ka-


na liang irung jsb.
nyomot = nyokot barang saeutik ku tungtung ramo (beas, tipung, sangu jsb.).
sidakep = merenahkeun leungeun duanana kana dada.



3.  Obahna Sirah

dangah = sirah rada ditanggahkeun.
gideug = gigideug, ngobahkeun sirah ka kénca ka katuhu, setengah muih,


tanda embung.
godeg = ngobahkeun sirah dina keur ngigel nurutkeun wirahma gamelan,


palebah sora goong.
gogodeg = ngobahkeun sirah sabarah kali, nandakeun héran atawa embung.
lieuk = ngalieuk, ngobahkeun sirah ka kénca atawa katuhu lantaran aya


nu diténjo jsb.
lunggak-linggek = ngalinggek sababaraha kali, peta awéwé nu gumeulis atawa ogo.
ngaheluk = ngaheruk, sirah tungkul baé lantaran susah, bingung, atawa éra.
ngaléhléh = sirah ngulahék, teu bisa ngajegkeun sirah lantaran capé atawa


gering ripuh.
ngalinggek = ngobahkeuh (ngagilekkeun) sirah rada ka gigir, peta nu ngigel la-


mun rék malik.
tanggah = nénjo ka luhur bari ngagerakkeun sirah, supaya beungeut nyang-


hareup ka nu diténjo.
tungkul = sirah rada ngeluk bari nénjo ka handap.
unggeuk = tunggkul sakeudeung tuluy cengkat deui, nandakeun daék, panuju.



4.  Obahna Panon

beunta = panon muka.
kiceup = ngiceup, ngagerakeun biwir panon luhur sakeudeung sina antel


kana biwir panon nu handap.
mélétét = beunta saeutik.
melong = nénjo lila ka batur bangun aya maksud kurang hadé.
meureudeuy = kikiceupan atawa kucap-kiceup (kerep) lantaran sérab atawa ka-


peureupeunan jsb.
molotot = ngabeuntakeun panon satakerna, nandakeun ambek, sieun jsb.
muncereng = molototkeun panon bari ambek.
mureleng = 1. mencrong nuturkeun gerak nu di pencrong; 2. panon nénjo ka lu-


hur (méh kana halis), nu rék maot.
nelek-nelek = ngawas-ngawas, ngilikan kalawan telik, enya-enya.
nempo = nunjukeun panénjo ti tempat nu diwatesanan (ti lawang panto, ti-


na jandela jst.) ti jero ka luar atawa sabalikna pikeun nénjo saru-


paning barang jsb.
nénjo = 1. ngagunakeun panon ditujukeun kana sarupaning barang, jalma;


2. bisa ngagunakeun panon sakumaha mistina; sabalikna tina lo-


long.
nénjoan = ngilikan.
nénjokeun = ngawaskeun.
ngadelék = ngagilerkeun panon lantaran ngéwa atawa teu resep.
ngadilak = ngagilerkeun panon lantaran ambek atawa api-api ambek (biasa-


na awéwé).
ngarérét = nénjo ka gigir saeutik, nénjo ku juru panon.
ngiceupan = méré isarah ku kiceup.
noong = ngahaja nempo perkara nu saeunyana teu meunang diténjo tina


liang leutik (liang konci, mata bilik jsb.).
palatat-pélétét = rarat-rérét bari méré semu (lalaki ka awéwé atawa sabalikna).
peupeureuman = meureumkeun panon (nu rék saré).
peureum = nutupkeun biwir panon (nu saré) sabalikna tina beunta.
peureum hayam = peureum meueusan, bisa kénéh nénjo, api-api peureum.
popolotot = ngomong tarik (ambek) bari molotot ka batur.
téténjoan = barang-barang nu katénjo.



5.  Obahna Biwir/Sungut
balem = 1. ngarapetkeun biwir nu luhur nu handap; 2. teu ngomong, teu mi-


lu ngobrol.
calangap = ngangah, mukakeun sungut (rék ngahuap jsb.).
calawak = sungut calangap kacida gedéna.
imut = seuri leutik, seuri ukur ku kunyeumna biwir, henteu nyoara.
imut kanjut = imut ku jalan ngariutkeun biwir.
imut ngagelenyu = imut rada lila lantaran kayungyun ku polah batur.
jebi = ngobahkeun biwir handap sina ka hareup, tanda teu panuju ata-


wa rék ceurik.
kéom = kényom, imut rada ka gigir biwirna.
kunyam-kunyem = ngobahkeun biwir kawas nu ngomong tapi teu nyoara.
lewa-lewé = biwir jebéw rék ceurik.
manyun = biwir monyong lantaran ambek atawa susah.
nyéréngéh = seuri teu nyoara tapi némbongkeun huntu.
nyeungseurikeun = seuri ditujukeun ka nu kalakuanana teu parok jeung batur.
renyah-renyéh = umat-imut lantaran bungah atawa éra.
renya-renyu = ngobahkeun biwir tanda rék ngomong atawa ceurik ditahan kénéh.
rényoh = ngarényohan, ngobah-ngobahkeun biwir sina monyong saperti


monyét anu ngambek.
seuri = ngedalkeun rasa suka, bungah atawa resep ku sora ngahahah,


ngehkey jst.
seuri konéng = seuri maur, seuri rada éra, nyeri, sedih, upamana tas ceurik atawa


tas ngambek.
seuri leutik = seuri ditahan atawa seuri jero haté.
seuseurian = seuri lila.



6.  Obahna Awak

diuk = nempatkeun awak ku bujur bari sila, émok, nyanghunjar jst.
jijingklak = awak kawas nu igel-igelan lantaran meunang kabungah.
malik = ngagerakeun badan 180°, nepi ka nyanghareup ka nu tadi ditu-


kangeun.
nangkarak = ngedeng, tonggong di handap.
nangkuban = ngedeng, tonggong di luhur; sabalikna tina nangkarak.
nangtung = napak kana taneuh jsb. sarta sakujur awak ajeg.
ngadapang = nangkuban tapi dada diangkat ditahan ku suku.
ngadayagdag = nyarandé bari rada ngadangheuak sarta ngalonjorkeun suku sa-


perti dina korsi males.
ngalanggir = lalanggiran, nangkuban atawa ngadapang bari suku semet tuur


dikaluhurkeun duanana kawas langgir.
ngalangsud = nanggkuban bari maju ku tanaga siku (budak nu rék diajar ngoron-


dang; perjurit nu ngadodoho bari ngadeukeutan musuh jst.).
ngarandang = leumpang ku tuur jeung leungeun cara sato.
ngedeng = ngagolérkeun awak di enggon, dina samak jst. biasana maké ang-


gel.
nyanda = nyarandé (kana tumpukan anggel) bari nyanghunjar saperti awé-


wé nu hudang ngajuru.
nyangsaya = nyarandékeun awak kana bantal, tihang jst. lantaran capé jsb.