Kecap Sesebutan Sipat (Kaayaan) Barang


1.  Nuduhkeun warna

Beureum euceuy
Bodas nyacas
Bodas ngeplak
Héjo ngagedod
Hideung cakeutreuk
Hideung meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)
Hideung lestreng
Konéng enay
Konéng umyang (dilarapkeun kana pakulitan jalma)


2.  Nuduhkeun rasa

Amis kareueut
Haseum ngadengil
Lada néwéwét
Pait molélél
Pangsét moléték
Panas néréptép
Tiis caméwék
Seungit melenghir
Seungit ngadalingding
Bau meledos
Bau meledek
Hangseur meleding


3.  Nuduhkeun sipat/kaayaan

Hérang ngagenclang
Hérang ngagenyas
Poék mongkléng
Poék meredong
Caang mabra
Caang ngebrak
Kandel kedeplik
Ipis nyempring
Pendék pécékrék
Pendek pédéklék
Panjang ngagebay
Gedé ngajegir
Leutik camperenik