| anjun | = | tukang nyieun parabot tina taneuh, barang gagarabah |
| amil | = | lebé, nu kapapancénan nguruskeun saniskara nu aya pa- |
| talina jeung agama di désa | ||
| badaya | = | awéwé tukang ngigel di karaton atawa di kabupatén, igel- |
| na ogé igel badaya | ||
| baramaén | = | tukang jajaluk |
| béngkong | = | paraji sunat, tukang nyunatan |
| bujangga | = | tukang nyieun/nulis carita |
| candoli | = | awéwé nu ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan da- |
| hareun di nu kariaan | ||
| dalang | = | purah ngalalakonkeun wayang |
| gending | = | tukang nyieun parabot tina kuningan, hususna tatabeuhan |
| saperti gamelan jsb. | ||
| indung beurang | = | paraji, nu sok ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok |
| juru pantun | = | tukang pantun |
| juru ngapung | = | pilot, nu bisa nyetiran kapal udara |
| kabayan | = | 1. tukang ngajaga paséban (baheula); 2. tukang ngaladén- |
| an dina hahajatan | ||
| kajineman | = | 1. mandor sakitan; 2. tukang ngajaga jinem, sakitan, nu |
| dihukum | ||
| kamasan | = | tukang nyieun parabot tina emas atawa pérak |
| kebojéngkéng | = | tukang ngagusur padati |
| kulaér | = | kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung |
| kuncén | = | tukang ngurus kuburan |
| lebé | = | amil, nu kapapancénan nguruskeun saniskara nu aya pa- |
| talina jeung agama di désa | ||
| legig | = | tukang ngasruk (ngilang) dina pamoroan |
| lopor | = | purah ngagondéng jeung ngeureunkeun kuda, cicingna |
| nangtung dina titincakan tukang (upama kuda keur maju) | ||
| malim | = | tukang nalukkeun sasatoan |
| maranggi | = | tukang nyieun landéan, sarangka keris jeung ukir-ukiran |
| sabangsa ti éta | ||
| masinis | = | tukang ngajalankeun lokomotip |
| merebot | = | tukang nakol bedug |
| nayaga | = | tukang nabeuh gamelan |
| nyarawedi | = | tukang ngagosok permata |
| o'ah | = | jago purah ngagugulukeun teu eucreug |
| padagang | = | tukang dagang |
| pakacar | = | 1. bujang, juru ladén; 2. kabayan, purah dititah ka ditu ka |
| dieu di nu hajat | ||
| palatuk | = | panungtung aleutan atawa jalma anu dijurung lumaku heu- |
| laeun rombongan gegedén, méré nyaho ka balaréa sarta | ||
| ngosongkeun jalan | ||
| palédang | = | tukang nyieun parabot tina tambaga |
| palika | = | tukang teuleum (ngala lauk) |
| pamatang | = | tukang moro nu sok ngagunakeun tumbak |
| pamayang | = | tukang ngala lauk di laut |
| panday | = | tukang nyieun parabot tina beusi |
| panderesan | = | panérésan, tukang nyadap kawung atawa kalapa |
| panérésan | = | panderesan, tukang nyadap kawung atawa kalapa |
| pangalasan | = | tukang leuleuweungan |
| paninggaran | = | tukang moro |
| paraji | = | indung beurang, nu sok ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok |
| patani | = | tukang tani |
| panyumpit | = | tukang moro nu sok ngagunakeun sumpit |
| pilot | = | juru ngapung, nu bisa nyetiran kapal udara |
| sarati | = | jelema anu bisa meruhkeun atawa malajar gajah |
| supir | = | tukang ngajalankeun mobil |
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!