Bagian Awak Sato


1.  Tanduk

 -  Dongkol, tanduk anu ngulapés duanana, goréng katénjona.

 -  Leker, bangun tanduk munding anu méh siga leukeur (méh mangrupa sirkel),

     tungtung jeung tungtung padeukeut.

 -  Ranggaék, tanduk anu cagakan atawa nu nyengklik.

 -  Sanggadulang, bangun tanduk munding anu melengkungna rubak ka gigir.


2.  Hulu

 -  Balung, jawér hayam nu ka luhur (bagian luhur).

 -  Bangus, sungut sasatoan suku opat, anjing, babi jsb.

 -  Cula, sabangsa tanduk dina cukang irung badak.

 -  Cungur, tungtung irung sasatoan sabangsa munding jsb.

 -  Gading, sihung gajah atawa singa laut.

 -  Jawér, gagabér (hayam jsb.) handapeun caréham.

 -  Loyop (koplok), ceuli sasatoan anu ngapléh.

 -  Pamatuk, sungut sasatoan sabangsa manuk , hayam jsté. paranti macok.

 -  Rancung, ceuli sasatoan anu nangtung, jeceng.

 -  Sihung, huntu sato galak, bangunna méncos antara huntu hareup jeung caréham.

 -  Tulalé, irung gajah nu panjang sarta bisa dipaké barang cokot saperti leungeun.


3.  Awak

 -  Buntut, bagian awak sato nu pangtukangna.

 -  Burih, bagian eusi beuteung bangsa manuk tempat ngancurkeun (ngagiling) ka-

     hakanna.

 -  Cécépét, anggahota badan lauk cai pikeun kasaimbangan awakna.

 -  Dada mento, daging dada hayam jeung bangsa manuk lianna.

 -  Gagabér, bagian kulit beuheung sapi India jeung sawatara sato séjén nu guwang-

     gawing.

 -  Jangjang, anggahota badan bangsa manuk, insékta jsté. nu biasana sok dipaké

     hiber.

 -  Pamatil, cucuk cécépét lauk tur sawaréh ngandung peurah.

 -  Sisit, bagian kulit sasatoan tina sabangsa tanduk nu nyusun.

 -  Telih, sarupa kantong handapeun beuheung hayam jeung bangsa manuk lianna,

     tempat ngumpulkeun kahakanan.

 -  Tunggir, bagian buntut hayam jeung bangsa manuk, ngandung gajih pikeun nga-

     leuciran buluna.


4.  Suku

 -  Cakar, tapak cokor.

 -  Ceker, kuku sato opat nu beulah dua (embé, sapi jsté.).

 -  Cokor, suku sasatoan.

 -  Siih, sénggéh suku hayam jago jsb. nu siga sihung paranti ngabintih.

 -  Talapok, kuku kuda nu sok diterapan beusi ti handapna.


5.  Bulu

 -  Borontok, warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas.

 -  Bulu kumuut, bulu nu kakara jadi, lemes kénéh.

 -  Bulu pangéré, bulu manuk nu kakara mekar congona.

 -  Jambul, bulu-bulu istiméwa dina hulu sawatara hayam, japati jsté. nu rada

     nyungcung.

 -  Kondang, warna bulu hayam semu konéng.

 -  Kukuncung, bulu anu ngacung atawa ngacir dina huluna.

 -  Renggé, warna bulu hayam nu méh siga célé leutik.

 -  Rintit, bulu hayam nu carentik.