Istilah Nu Patali Jeung Sasatoan


A.  Istilah husus



 Badot
:
Embé jalu nu meujeuhna begér, kaambeu bau.

 Bajir/majir
:
Munding, domba, embé nu teu daékeun anakan, jadi lintuh loba gajihna.

 Bibit
:
Ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna, umpamana lauk emas,



domba, embé, munding jsb.

 Camani
:
Hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipaké ubar atawa tumbal.

 Dongkol
:
Munding nu tandukna duanana ngeluk (ngulapés) ka handap.

 Jago
:
Hayam jaluna.

 Jajangkar
:
Hayam jalu nu mangkat begér.

 Jarah
:
Munding nu teu diurus, diantep sakarepna di sampalan atawa di leuweung.

 Kumahkar
:
Hayam bikang nu kokotak rék ngendog.

 Pancawarna
:
Manuk titiran/purukutut nu sorana pohara alusna, langka tur hésé ngalana.

 Pelén
:
Munding jalu nu mangkat begér.

 Pelung
:
Hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadéngé ka jauh.

 Ranggah
:
Tanduk  munding nu melung ka luhur, tanduk uncal nu ranggakgak.

 Rintit
:
Hayam nu tungtung buluna carentik.

 Sasapihan
:
Anak hayam nu geus disapih ku indungna.

 Tumang
:
Anjing nu buluna hideung meles.

 Tutul
:
Maung nu buluna konéng totol-totol hideung.




B.  Pakarang Jeung Cara Nyalametkeun Dirina

 Badak
:
Cula

 Bagong
:
Sihung

 Banténg
:
Tanduk

 Belut
:
Leuleueur

 Buhaya
:
Buntut (seuseukeutan)

 Cakcak
:
Buntut (dipotongkeun)

 Cucurut
:
Bau nu kacida

 Cumi-cumi
:
Mangsi

 Embé/domba
:
Tanduk

 Gajah
:
Tulalé jeung gading

 Hayam jago
:
Siih

 Hileud
:
Bulu

 Kalajengking
:
Panyeureud

 Kamarang
:
Panyapit

 Kapiting
:
Panyeureud

 Kéong
:
Imah-imah

 Kuda
:
Suku (panyépak)

 Landak
:
Cucuk (bulu)

 Lélé
:
Pamatil

 Londok
:
Ganti warna kulit

 Maung
:
Kuku jeung sihung

 Munding
:
Tanduk

 Nyiruan
:
Panyeureud

 Odéng
:
Panyeureud

 Oray
:
Sihung (peurahan)

 Peusing
:
Ngaréngkol

 Sapi
:
Tanduk

 Singa
:
Kuku jeung sihung

 Tawon/tiwuan
:
Panyeureud

 Titinggi
:
Ngaréngkol

 Ucing
:
Kuku

 Uncal
:
Tanduk

 Walangsangit
:
Bau nu kacida




C.  Sora



 Anjing
:
Ngagogog, babaung.

 Bagong
:
Sesegrok.

 Domba/embé
:
Ngabérélé.

 Éntog
:
Hoshosan, ngahoshos.

 Gagak
:
Ngelak

 Hayam bikang
:
Kokotak.

 Hayam jago
:
Kongkorongok.

 Kuda
:
Ngahieum, hohoang.

 Manuk
:
Récét, ricit.

 Maung
:
Ngagerem, ngagaur.

 Meri/bébék
:
Ngawékwék.

 Reungit
:
Ngahieng.

 Tikukur/titiran
:
Ngantuk

 Ucing
:
Éong-éongan.




D.  Sato Nu Ngarugikeun

 Bagong
:
Ngaruksak tutuwuhan.

 Bajing
:
Ngaruksak tangkal kalapa.

 Bangbung
:
Ngaruksak tangkal kalapa.

 Beurit
:
Ngaruksak paré, nyebarkeun kasakit pés.

 Cacing pita
:
Ngaruksak usus.

 Careuh
:
Maling hayam jeung buah kopi.

 Cocodot
:
Ngahakan bungbuahan.

 Cucunguk
:
Nyebarkeun kasakit nyeri beuteung.

 Hileud
:
Ngaruksak tutuwuhan.

 Kalong
:
Ngahakan bungbuahan.

 Kéong emas
:
Ngaruksak paré.

 Laleur
:
Nyebarkeun kasakit nyeri beuteung.

 Piit
:
Ngaruksak paré.

 Reungit
:
Nyebarkeun kasakit malaria jsb.

 Séro
:
Ngahakan lauk di balong.

 Walangsangit
:
Ngaruksak paré.

 Wereng
:
Ngaruksak paré.