Kecap Panuduh Bilangan


Ambekan
=
Sadami
Awi
=
Sabébék
Awi
=
Saleunjeur (satangkal)
Awi
=
Sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako
=
Salémpéng
Bangsal
=
Sacangi (sasiki)
Bawang
=
Sasihung (sasiki)
Béas
=
Sacanggeum
Bilik
=
Sailab (sagebig)
Boéh
=
Sarirang (tilu iket)
Cai
=
Sakeclak
Cangkir
=
Satangkep (cangkir katut pisinna)
Cau
=
Sasikat
Cau
=
Saturuy
Daun
=
Saponggol (sagagang daun)
Daun
=
Sakompét (sababaraha ponggol meunang nyuitan, tuluy dilipet)
Eurih
=
Sajalon (meunang ngadempét ku awi pikeun hateup)
Gula Kawung
=
Sabébék (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula Kawung
=
Sagandu (dua bébék, dua beulah)
Gula Kawung
=
Sabonjor
Hayam
=
Sajodo
Injuk
=
Sakakab (sageblég, meunang ngalokopkeun tina tangkal kawung; injuk


sok dipaké tambang atawa nutup suhunan imah)
Jahé
=
Sarémpang
Jalma
=
Urang
Jambé
=
Samanggar
Japati
=
Sajodo
Kalapa
=
Sahulu
Kalapa
=
Samanggar
Kaso
=
Sadapur; saluwuk
Kertas
=
Salambar
Konéng
=
Sasolor
Manjah
=
Sadapur; saluwuk
Munding
=
Sarakit (dua munding)
Muncang
=
Sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu siki-


na tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul)
Nangka
=
Sacamplung (sasiki)
Pakéan
=
Sapangadeg
Papan
=
Salambar
Paré
=
Saranggeuy (sagagang)
Peuteuy
=
Sapapan
Peuteuy
=
Sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy
=
Saémpong (sababaraha hanggor)
Peuteuy
=
Sapanon
Salak
=
Samanggar
Samak
=
Saheulay
Samping
=
Sakodi
Sangu
=
Sabakul (saboboko)
Sangu
=
Sapiring
Sapatu
=
Sarampasan
Sawah
=
Sakotak
Suluh
=
Sabébék
Suluh
=
Sahurun (sabeungkeut)
Tali
=
Sabatekan; méter
Tambang
=
Sabatekan; méter
Uyah
=
Sahuntu (saguruntul, kira-kira sagedé huntu)
Uyah
=
Sagandu; sabata