Rupa-Rupa Ngaran Wangunan


A.  Ngaran Wangunan

 -  Babancong, wawangunan leutik rada luhur di sisi alun-alun, minangka

     panggung paranti gegedén (baheula).

 -  Bagan, saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun

     sirib atawa jaring), di Banten disebutna bagang.

 -  Balandongan, adegan saheulaan pikeun narima sémah atawa tempat ka-

     monésan (hiburan jsb.) di nu kariaan.

 -  Balé, adegan wangunan.

 -  Balé bandung, tempat ngabandungan paréntah raja.

 -  Balé désa, kantor pamong désa jeung tempat kumpulan rayat désa.

 -  Balé kambang, iimahan nu diadegkeun luhureun cai émpang jsb.

 -  Balé kota, kantor walikota.

 -  Balé watangan, kantor pangadilan.

 -  Bédéng, imah leutik atawa imah dipétak-pétak pikeun pagawé leutik upa-

     mana di kontrak entéh, proyék wangunan jsb.

 -  Bédéng, tempat pabinihan karét, kopi, entéh jsb.

 -  Bénténg, wawangunan nu tohaga pikeun nahan panarajang musuh.

 -  Bui, panjara, pangbérokan, tempat ngerem jeung ngadidik jelema-jelema

     nu meunang hukuman.

 -  Elos, adegan nu biasana tara dibilikan sabudeurna, paranti nyimpen ba-

     han piimaheun.

 -  Garduh, wawangunan leutik sisi jalan tempat kaamanan atawa tempat

     pangreureuhan nu ngaronda.

 -  Gedogan, Istal, kandang kuda.

 -  Gedong, imah alus, biasana imah témbok.

 -  Gedong songko, kabupatén (imah bupati) baheula.

 -  Gosali, wangunan tempat digawé panday.

 -  Gudang, wawangunan anu biasana lega ublug-ablag pikeun neundeun ru-

     pa-rupa barang.

 -  Hanggar, gudang gedé ublug-ablag di palabuan,  atawa wawangunan tem-

     pat ngampihkeun kapal, minangka garasi.

 -  Imah, wangunan tempat pamatuhan jalma.

 -  Jobong, kamar atawa imah leutik nu némpél di imah batur.

 -  Joglo, saung atawa adegan leutik.

 -  Jongko, kios, adegan basajan paranti dagang.

 -  Kadaton, karaton, gedong pangcalikan ratu (raja).

 -  Kaputran, bumi putra raja.

 -  Kaputrén, bumi para putri (di karaton).

 -  Karapyak, kandang munding jsb. anu dikurilingan ku pager.

 -  Kobong, kamar leutik.

 -  Langgar, tajug, masigit, masjid leutik, tempat salat jeung diajar ngaji

     Kur'an.

 -  Leuit, gudang paré (geugeusan nu biasana aya hareupeun imah).

 -  Lio, adegan paranti nyieun kenténg atawa bata.

 -  Masjid, adegan gedé paranti salat

 -  Masjid agung, masjid gedé nu aya di kabupatén

 -  Masjid jami, masjid nu teu sabaraha gedéna, nu aya di unggal tempat, pa-

     ranti salat (jumaahan).

 -  Pakandangan, kandang gedé atawa kumpulan kandang-kandang.

 -  Pakuwon, pakarangan katut imah boga sorangan.

 -  Pagupon, kandang japati.

 -  Palalangon, saung luhur di sisi leuweung paranti ngintip sato nu diboro

     atawa di huma paranti tunggu huma.

 -  Pandapa, babagian anu biasa bolongor (teu dibilikan) jadi mangrupa te-

     pas hareup kawadanaan, kabupaten jsb. paranti masamoan, nayuban jsté.

 -  Paranjé, kandang tempat meuting hayam.

 -  Poporogok, imah leutik sarta lumayan, siga saung.

 -  Ranggon, saung nu luhur pisan kolongna atawa saung di luhur tangkal kai

     paranti ngintip sato boroan jsb.

 -  Régol, panto lawang pakarangan, biasana panto gedé.

 -  Saung, adegan leutik sarta lumayan siga imah, di sawah atawa di kebon,

     paranti reureuh jsb.

 -  Saung lisung, saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu.

 -  Sorondoy, wangunan leutik nu ditémpélkeun ka imah, dipaké nyimpen kai,

     parabot nyawah jsté.

 -  Warung, wawangunan tempat nu dagang kadaharan jsté.


B.  Wangun Suhunan Jeung Adegan

 -  Badak heuay, potongan wawangunan henteu make wuwung, pasambungna

     hateup tukang jeung hareup saperti badak heuay.

 -  Bapang, potongan imah panjang teu maké juré, disebut ogé potongan hal-

     teu.

 -  Buka palayu, adegan (imah jsb.) anu nyanghareup ka panjangna.

 -  Buka pongpok, adegan anu nyanghareup ka pondokna.

 -  Capit gunting, potongan wangunan imah anu tungtung suhunanana maké

     awi atawa kai dicagakkeun kawas gunting rék nyapit.

 -  Jogo anjing atawa tagog anjing, saung nu tihangna ngan dua di hareup hung-

     kul.

 -  Julang ngapak, wangun suhunan jiga julang nu keur ngapak.

 -  Lilimasan, hateup imah nu siga piramida.

 -  Parahu kumureb, suhunan imah nu saperti parahu nangkub.

 -  Suhunan ngapak, suhunan anu rata (ku beton), henteu nyungcung cara ku

     kenténg atawa eurih jsb.




C.  Wangun/Parabot Paranti Meuntas

 -  Cukang, kai atawa awi saleunjeur atawa leuwih luhureun susukan, solokan

     atawa walungan leutik.

 -  Jambatan, wangunan nu ngahubungkeun dua sisi wahangan, dijieun tina

     kai atawa beusi.

 -  Jambatan gantung, jambatan nu maké tihang pangdeudeul, siga rawayan

     ngan leuwih tohaga.

 -  Kurutug, sasak tina kai.

 -  Rawayan, sasak nu teu maké tihang (siga jambatan gantung).

 -  Sasak, siga cukang ngan kaina/awina leuwih réa, luhurna aya nu sok maké

     dadampar awi meunang nganyam kerep siga kikis.

 -  Érétan, parahu atawa rakit paranti meuntaskeun jalma, nu meuntaskeuna-

     na narik éta  parahu/rakit ku cara mapay (muntangan) balantara, nya éta

     tambang, hoé atawa kawat gedé nu dipanteng ti sisi ka sisi wahangan.