Istilah Wangunan Imah


A.  Ngaran Rohangan Di Imah/Wangunan

 -  Buruan, tanah hareupeun imah.

 -  Dapur, tempat mirun seuneu, masak, nyangu jsb.

 -  Garasi, tempat (kandang) mobil.

 -  Goah, pangkéng (kamar) pabéasan jeung tempat neundeun kadaharan nu

     séjénna, biasana di jero imah bagian tukang.

 -  Jamban, pamandian, tempat mandi.

 -  Madé, rohangan lega di tengah karaton paranti nu ngadareuheusan.

 -  Mihrab, rohangan leutik di masigit, paranti imam jeung mimbar.

 -  Pakarangan, tanah sakurilingeun imah.

 -  Pamengkang, bagian karaton atawa kabupatén (baheula) tempat nampa nu

     ngadeuheusan atawa masamoan.

 -  Pancaniti, tempat ngabadamikeun urusan pamaréntahan di karaton atawa

     kabupatén (baheula).

 -  Pangkéng, kamar, rohangan imah paranti saré atawa barangteundeun.

 -  Panyepén, tempat nyepi.

 -  Patengahan, rohangan imah nu di tengah.

 -  Pipir,  tanah tukangeun imah.

 -  Sepén, kamar leutik tempat neundeun bahan dahareun.

 -  Sitinggil, babancong, wawangunan nu lanténa rada luhur di alun-alun (ba-

     heula), paranti raja (bupati jsb.), ningali karaméan sok aya ogé nu nyebut

     istinggil.

 -  Srimanganti, gedong atawa tempat abdi-abdi nu rék ngadeuheus ka raja

     (baheula).

 -  Tepas, émpér, bagian imah panghareupna atawa pangtukangna, anu biasa-

     na heunteu ditutup kabéh ku bilik, atawa maké kaca.


B.  Babagian Imah/Adegan

 -  Abig (ampig), bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.

 -  Adeg-adeg, pananggeuy nok dina suhunan.

 -  Ambén, tepas imah panggung nu lanténa tina palupuh.

 -  Babancik, golodog, papanggé.

 -  Balandar, sarupa balok nu wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-

     kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.

 -  Bangbarung, kai atawa awi antara tihang panto di handap.

 -  Cempéd, lakop, papan heureut atawa awi sabébék anu dipaké nutupan sar-

     ta mageuhan sisi-sisi atawa sambungan bilik.

 -  Dalurung (darurung), awi guluntungan atawa kai antara pananggeuy jeung

     palupuh dina imah panggung.

 -  Damit, iga-iga leuit, palang dada luareun bilik.

 -  Deudeul, tihang pondok panahan dalurung (di kolong imah panggung).

 -  Érang-érang, awi atawa kai nu aya di antara dua tihang panto atawa jandé-

     la belah luhur.

 -  Eréng, awi bébékan atawa kai paranjang nu dipaku kana usuk pikeun nga-

     itkeun ceuli kenténg, numpangkeun séng jsb. nu dipaké tutup suhunan

     (hateup).

 -  Gagalur, kai atawa beusi panahan tataban.

 -  Galar, palang dada, kai malang antara dua tihang wates sadada (harigu)

     luhurna, sok dipaké barangteundeun.

 -  Golodog, tangga paranti unggah-unggah di imah panggung.

 -  Hateup, tutup imah di luhurna, supaya iuh, ulah kapanasan, asup cihujan

     jsb.

 -  Heuay badak, liang haseup,  bangunan pasagi dina suhunan dapur, maké

     hateup deui sina calangap.

 -  Iga-iga, pamageuh bilik jeung bilik deui, awi golondongan, jaman bilik

     rangkep dianggangkeun.

 -  Jandéla, lawang cahaya jeung hawa dina bilik atawa dingding témbok nu

     biasana bisa dibuka jeung ditutup cara panto, aya ogé nu maké sarigsig.

 -  Jungjang, kai atawa awi anu dipalingpangkeun antara dua tihang supaya

     ulah réyod, pamageuh saung atawa raraga imah nu rék di adegkeun.

 -  Juré, kai suhunan antara pucukna jeung juru imah nu opat.

 -  Kolong, rohangan dihandapeun imah panggung.

 -  Kuda-kuda, balok kai nu dipasang déngdék anu nyambungkeun tihang adeg

     jeung pamikul.

 -  Kusén, kai rangkay panto atawa jandela.

 -  Lincar, cempéd (papan) rubak pikeun nutup bilik ti belah luar, lebah daru-

     rung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah

     panggung).

 -  Mundu, golodog panto.

 -  Palang dada, galar.

 -  Palipid, palisir, papan nu dipaké nutup tungtung usuk supaya ulah katénjo

     rogokna.

 -  Palisir, palipid.

 -  Palupuh, lanté imah panggung nu di cacag ka panjangna tuluy dibébérkeun

     sarta diamparkeun dina dalurung.

 -  Pamikul, panahan suhunan ka panjangna imah.

 -  Pangérét (panghérét), pamikul rubakna atawa heureutna imah.

 -  Panto, panutup lawang imah nu bisa dibuka jeung dipeundeutkeun (ditu-

     tup).

 -  Papanggé, golodog atawa babancik.

 -  Para, bagian imah antara suhunan jeung lalangit.

 -  Pondasi, dasar atawa tatapakan adegan témbok (gedong), pasangan batu

     jeung adukan dina rorakan anu jerona nepi kana lapisan taneuh nu teuas.

 -  Pongpok, rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig

     (ampig).

 -  Ranki, sabagian tina suhunan imah baheula anu dijieun tina sasag paranti

     hateup balubur.

 -  Sarang, awi beunang meulahan saperti eréng nu dipasang dina dalurung

     handapeun palupuh.

 -  Sarigsig, ruji, sarupaning pager saperti dina jandéla, liang hawa jsté. tina

     kai atawa beusi supaya ulah beunang diponcoran.

 -  Siku-siku (sisiku), kai atawa awi sateukteuk pikeun ngawewegan raraga

     imah jsb.

 -  Sorondoy, hateup panambah gigireun atawa tukangeun adegan nu geus aya.

 -  Sosompang, wawangunan panambah mangrupa kamar, biasana keur saheu-

     laanan.

 -  Suhunan, bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun

     imah.

 -  Tataban, papan kandel nu dipaké lanté imah panggung jsté.

 -  Tatapakan, batu atawa témbok tempat napakna tihang imah.

 -  Téér, kai atawa awi guluntungan nu nyambungkeun antara dua tatapakan.

 -  Tihang, kai atawa awi panjang nu ditangtungkeun pikeun nahan pamikul

     imah jsté.

 -  Usuk, kaso-kaso.

 -  Wuwung, tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna

     dina puncak suhunan (témbok atawa séng).