| ambéyen | : | bawasir, wasir, kasakit dina bool, nongtot bool. |
| ampeg | : | asma, mengi, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama |
| katiisan, bisa népa lamu pacorok wadah kadahareun. | ||
| asma | : | ampeg, mengi, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama |
| katiisan, bisa népa lamu pacorok wadah kadahareun. | ||
| babareuhan | : | kasakit busung lapar, barareuh méh saluar awak; kasakit ba- |
| reuh di hiji tempat dina awak (semu mucunghul kawas bisul | ||
| taya mataan). | ||
| balas bogo | : | kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak. |
| bawasir | : | wasir, ambéyen, kasakit dina bool, nongtot bool. |
| borok | : | raheut anu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang nu |
| pohara. | ||
| botoleun | : | kasakit dina dampal suku, liangan. |
| budug | : | kasakit kulit, barudus atawa carénang, biasana ateul lanta- |
| ran kuman. | ||
| bungkul | : | bisul teuas dina péngpélangan (bagian pingping belah jero), |
| kasakit kotor. | ||
| cacar | : | kuris, kasakit kulit nu babari tépa sarta gedé bahayana, mun |
| teu maot sok jadi bowék. | ||
| cacingeun | : | kasakit dina beuteung lantaran cacing. |
| cénang | : | bisul leutik, béntol digaro jadi cénang lantaran inféksi. |
| congé | : | kasakit di jero ceuli, kaluar nanah. |
| daging jadi | : | daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana ka- |
| sakit, daging jadi biasana dina tikoro jsb. | ||
| éksim | : | ngaran kasakit kulit nu hésé cageurna, aya nu jiih, aya nu tu- |
| hur, rasana ateul. | ||
| éwateun | : | kuhkul, kasakit kulit dina beungeut, biasana nu keur birahi. |
| gélo | : | burung, teu waras ingetan. |
| geregeseun | : | kasakit lantaran aya sarupa batu di jero kabubuahan atawa |
| giginjel, karasana nyeri cangkéng sarta hésé kiih. | ||
| gondok | : | kasakit dina beuheung, siga bareuh nepi ka ngagandoy. |
| hapur | : | kasakit kulit, totol-totol barodas, karasana ateul mun ke- |
| sangan, babari tépa. | ||
| hapur beusi | : | hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna. |
| hapur kembang | : | hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja jsb. |
| leuwih ipis tibatan hapur beusi. | ||
| hileudeun | : | kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung |
| nanah tur nyanyautan karasana. | ||
| jéngkoleun | : | kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina bu- |
| ah jéngkol, biasana tumerap lamun ngadaharjéngkol rorosa- | ||
| an. | ||
| jangar | : | rieut, nyeri sirah jejeletétan. |
| kabebeng | : | mejen, hésé ngising. |
| késrék | : | kasakit kulit saperti éksim garing. |
| kokoloteun | : | kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran min- |
| deng kapanasan atawa ku sabab sok maké wedak murah, bi- | ||
| asana tumerap ka awéwé. | ||
| koléra | : | kasakit nyeri beuteung nu babari nular, bisa maténi, cirina |
| utah-utahan jeung ngayer terus. | ||
| kotokeun | : | kasakit panon, kurang awas nénjo, siga hayam teu awas upa- |
| ma geus peuting. | ||
| kuhkul | : | éwateun, kasakit kulit dina beungeut, biasana nu keur birahi. |
| kuris | : | cacar, kasakit kulit nu babari tépa sarta gedé bahayana, mun |
| teu maot sok jadi bowék. | ||
| kutil | : | kasakit sabangsa éwateun ngan leuwih gedé tur leuwih teu- |
| as, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan. | ||
| leuncangeun | : | kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, |
| dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul. | ||
| lilinieun | : | leungeun atawa sirah ngadégdég dilantarankeun ku kakolot- |
| an. | ||
| lumpuh | : | awak leuleus teu bisa leumpang (hojah) atawa paéh sabeu- |
| lah lantaran gangguan urat sarap. | ||
| mata iwakeun | : | sarupa kutil, biasanan dina ramo leungeun atawa ramo suku, |
| tumerapna tara lila tur tara ngalobaan kawas kutil. | ||
| mejen | : | kabebeng, hésé ngising. |
| méntér | : | tipes, kasakit di jero beuteung nu gedé bahayana sarta ba- |
| bari tépa, lantaran cai atawa kadaharan. | ||
| mengi | : | asma, ampeg, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama |
| katiisan, bisa népa lamu pacorok wadah kadahareun. | ||
| mimiseun | : | kaluar getih tina irung lantaran sariawan jsté. |
| muriang | : | awak paranas-tiis lantaran katerap panyakit malaria, influ- |
| énsa jsb. | ||
| nyeri huntu | : | huntu karasa nyeri lantaran koropok jsb. |
| nyeri panon | : | panon karasa nyeri jeung peureus semu ateul. |
| peluh | : | kasakit lalaki, nya éta upama raranganana teu daék heuras. |
| peuteuyeun | : | kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina bu- |
| ah peuteuy, leuwih parna tibatan jéngkoleun, biasana tume- | ||
| rap lamun ngadahar peuteuy rorosaan. | ||
| reunghaseun | : | kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas |
| tangkal reunghas), sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku | ||
| geutah reunghas. | ||
| rieut | : | nyeri sirah. |
| rorombéheun | : | kasakit dina dampal suku, pangpangna dina keuneung, kulit- |
| na bareulah. | ||
| sakalor | : | kasakit sarap, mun keur kanceuh, teu karana puguh sababna |
| sok ngadadak teu éling, tuluy ngagolépak kapaéhan, sungut- | ||
| na ngabudah. | ||
| salatri | : | kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur, |
| sebel, tur kaluar késang tiis. | ||
| salésma | : | kasakit di jero irung, lantaran katiisan (mindeng beresin sar- |
| ta léhoan). | ||
| sampar | : | kasakit kulit nu babari tépa. |
| sarab | : | kasakit kulit nu tumerapna ka barudak. |
| sariawan | : | kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kaluar getih tina |
| irung atawa gugusi. | ||
| sumbilangeun | : | kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran, nyerina |
| méh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut). | ||
| tajam | : | méh sarua jeung diséntri, kasakit beuteung nu dilantaran- |
| keun ku baksil-baksil, sok ngayer (murus) sarta kokotorna | ||
| sok pacampur jeung getih atawa bubudur. | ||
| tampek | : | kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka bu- |
| dak. | ||
| tibar | : | kasakit sarupa bisul matana tujuh. |
| tipes | : | méntér, kasakit di jero beuteung nu gedé bahayana sarta ba- |
| bari tépa, lantaran cai atawa kadaharan. | ||
| tuju | : | kasakit nyeri tuur atawa cangkéng, tumerapna ka jalma nu |
| geus kolot. | ||
| tujukuriling | : | kasakit lanjung (lieur anu pohara). |
| tujulajer | : | kasakit nu sok tumerap ka awéwé lantaran kaganggu sarap- |
| na, sok jengker. | ||
| turuwisen | : | kasakit sarupa cénang dina biwir panon. |
| uuseupeun | : | kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy asa aya useupan. |
| wasir | : | bawasir, ambéyen, kasakit dina bool, nongtot bool. |
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!