Istilah Molah Barang


Awi dihua
=
Dibeulah tepi ka aripis.
Awi dileumpeuh
=
Didéang (biasana maké obor) bari dilelempeung, ilaharna awi pi-


keun gantar atawa sosog.
Béas digésoh
=
Dipisahkeun sérahna ku cara ngagoyang-goyangkeun nyiru bari se-


mu diputer.
Béas diisikan
=
Dikumbah, diberesihan (biasana rék disangu).
Béas disosoh
=
Diberesihan ku cara ditutuan deui lalaunan atawa digiling deui.
Béas ditapi
=
Diberesihan maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supaya kapi-


ceun kokotorna.
Bendungan diaram
=
Dihalangan caina.
Buuk diképang/diuntun
=
Dibagi tilu tuluy dianyam.
Cau (peuyeum cau)
=
Dikaluarkeun (dikakat) tina lombang emposan.
diludang


Cau diempos
=
Dipeuyeum kana lombang, saméméhna lombangna sok dipanas-


an heula maké sapu paré (dibeuleum) aya ogé nu maké apu ata-


wa dangdaunan.
Ciung dikését
=
Dikeureut létahna saeutik (cenah sok ku emas) sangkan geura bi-


sa ngomong.
Daun dileumpeuh
=
Didéang kana seuneu (biasana di hawu) sangkan leuleus, daun


nu dileumpeuh ilaharna keur mungkus timbel.
Gamelan dipasieup
=
Disusurup sorana.
Honjé/jeruk dikalua
=
Digodog ku cigula nepi ka bisa diawétkeun, boh baseuh atawa di-


tuhurkeun.
Hurang dipélas
=
Diparud dilembutkeun, marudna dicampur jeung kalapa, tuluy di-


pais (diseupan atawa digarang).
Jagong diunun
=
Digaringkeun di paraseuneu.
Jebug diubub
=
Jebug sikina disimpen dina ruas awi, tuluy salah sahiji tungtung-


na dibeuleum. Jebug diubub maksudna ambéh leuwih ngeunah


dipaké nyeupahna.
Kalapa dibutik
=
Dikadékan (dipiceun) batokna.
Kalapa dikeletik
=
Diparud, diperes, tuluy digolakkeun diala minyakna.
Kalapa disalumbat
=
Dipesék (dipiceun tapasna) maké salumbat.
Kasur digendér
=
Ditepungkeun maké bola kasur supaya bagéan handap jeung lu-


hur tepung, maksudna sangkan beungkeut kasur marecenghul


upama geus dikapukan.
Kawung ditinggur
=
Leungeun carulukna diteunggeulan lalaunan maké paninggur (pa-


neunggeul nu dijieun tina kai) sangkan lahangna babari bijil mun


disadap.
Keris ditepus
=
Dibilang elukna atawa dijeungkalan pikeun nganyahokeun kasiat-


na.
Kulit disamak
=
Dikokolakeun tepi ka jadi kulit asak pikeun bahan sapatu, tas jsb.
Kulit diwidang
=
Dibébérkeun bari dipentang kana awi atawa kai, tuluy dipoé sina


garing.
Lebu dituras
=
Lebu panas diabruskeun kana cai (tiis), tuluy ditamperkeun dia-


rah caina (cilebu), sok dipaké pahinum, ngurut jsté.
Munding didadung
=
Dicangcang maké dadung (tambang gedé, biasanan tina areuy-


areuyan leuweung nu kuat).
Munding diténdok
=
Ditojos liang irungna ku awi panéndok, tuluy diasupan tali kaluh-


an (tali nu ngawet tina liang irung tepi kana hulu munding). Mun-


ding dikaluhan ambéh lindeuk.
Pakarang diasah
=
Digésrék-gésrékeun kana batu asahan ambéh seukeut.
Pakéan dijalujur
=
Dikaput saheulaanan saméméh dikaput ku mesin.
Pakéan dijarumat
=
Dikaput ku leungeun kalawan kaputan nu lemes sangkan teu kari-


jut.
Paré diirik
=
Dileyekan, ditijekan sina jadi bangsal.
Picung dikelewek
=
Dikubur (sikina) dina lebu ngarah awét/kuat lila.
Samping digerus
=
Samping poléng nu warna beureum digosok maké kewuk gedé su-


paya hérang (aya parabotna).
Samping dilépé/
=
Dilipet-lipet maké panglépé (biasana samping kebat) sangkan
dilamban

alus katempona mun dipaké.
Suling disungging
=
Digambaran (dikembangan) maké beusi atawa batok meunang


meuleum.
Suluh dihurun
=
Ditumpukkeun, tuluy dibeungkeut.
Sumur dikuras
=
Disaatkeun tur diberesihan.
Tambakan dirucuk
=
Direumpeukan ku régang awi.
Walungan dihambaro
=
Dibendung pikeun ngocorkeun cai ka tempat séjén.