Sesebutan Ka Jelema


Aki-aki
=
Lalaki nu geus kolot pisan.
Balég tampélé
=
Mangkat begér, wani di tukangeun, ari dihareupeun éra kénéh.
Bébéné
=
Kabogoh (awéwé).
Beubeureuh
=
Kabogoh (lalaki).
Bijil bulu mayang
=
Saharti jeung balég tampélé.
Budak
=
Anak jalma nu can balég.
Budak gumélo
=
Budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak kénéh, kira-kira


umur 2-4 taun.
Budak kamalolé
=
1. Budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya


tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daék


cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.


2. Budak nu teu pati kaurus, kurang nyusu lantaran indungna begér


deui.
Budak pahatu
=
Budak nu geus teu boga indung.
Budak pahatu lalis
=
Budak nu geus teu boga indung bapa.
Budak yatim
=
Budak nu geus teu boga bapa.
Bujang
=
Lalaki nu geus balég tapi can kawin.
Bujang jenggléngan
=
Jajaka tulén.
Cawéné
=
Parawan, awéwé anu can kawin.
Duda
=
Lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui.
Galak sinongnong
=
Budak lalaki nu mimiti aya sir ka awéwé (sarua jeung balég tampélé,


ngan geus rada aya kawani).
Kokolot begog
=
Jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan ko-


lot.
Kolot
=
Jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
Kolot sapeuting
=
Jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kaka-


ra dijurukeun sapeuting.
Kontrong-kontrong
=
Jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki.
Lanjang
=
Awéwé nu can kawin.
Ngomboan
=
Lalaki nu mimiti begér ka awéwé, sorana ngagedéan.
Nini-nini
=
Awéwé nu geus kolot pisan.
Parawan
=
Cawéna, awéwé nu can kawin.
Parawan jekékan
=
Mojang tulén, keur meujeuhna rumaja putri.
Randa bengsrat/
=
Randa nu saenyana parawan kénéh, can sapatemon jeung salaki mé-
kulanjar

méh diserahkeun (ditinggal maot).
Randa/rangda
=
Awéwé nu geus diserahkeuh atawa ditinggal maot ku salakina.
Séngsérang panon
=
Parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nénjo, resep naksir.
Tengah tuwuh
=
Jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun.
Turun amis cau
=
Parawan nu mimiti begér.