| ancad laér | = | ngomongna anca pisan. |
| céntal | = | pacéntal-céntal, paséa paréa-réa omong. |
| eur-eur | = | garap, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap-ap |
| ereup-eup. | ||
| galantang | = | ngagalantang, nyarita atawa pidato panjang tur tatag. |
| galécok | = | garécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun. |
| garap | = | eur-eur, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap- |
| ap ereup-eup. | ||
| garécok | = | galécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun. |
| garihal | = | omongan kasar matak nyentug kana ati. |
| gebah | = | ngagebah, ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur |
| reuwaseun. | ||
| gebés | = | ngagebés, nyentak, ngahuit. |
| gedebul | = | rahul, gedé omong, gedé bohong. |
| gelendeng | = | ngagelendeng, ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatah- |
| an, biasana paduduaan. | ||
| gelendut | = | ngagelendut, nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lem- |
| but. | ||
| gentem | = | omongan semu agem. |
| gentra | = | ngagentraan, nyalukan, ngageroan. |
| gerentes | = | ngagerentes, ngomong di jero haté. |
| gereyem | = | ngagereyem, ngomong laun ukur kadéngé ku sorangan. |
| gero | = | ngagero, nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas |
| atawa aya bahaya, ngageroan = nyalukan. | ||
| gonjak | = | ngagonjak, ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseu- |
| rieun). | ||
| gorocok | = | beuki ngomong, ngagorocok = ngomong rusuh. |
| gundam | = | ngalindur, ngomong kalawan teu sadar (biasana keur saré). |
| gunem catur | = | ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang. |
| guntreng | = | cacarita lila duaan, sorana lalaunan. |
| handap lanyap | = | omongan lemes tapi eusina ngahina. |
| haréwos | = | ngaharéwos, nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur |
| sangkan ulah kadéngé ku nu lian. | ||
| haréwos bojong | = | caritaan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku batur. |
| hariweusweus | = | haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas |
| jsté.). | ||
| haroshos | = | omongan anu méh teu kadéngé (sora jalma nu geus kurang na- |
| pas). | ||
| harung gampung | = | sompral, ngomong sangeunahna. |
| hoghag | = | paréa-réa omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu paséa |
| atawa nu parebut bebeneran). | ||
| humandeuar | = | ngomong (bari rumahuh, ngedalkeun kasusah, kahoréam jsté. |
| (biasana jalma nu ngarasula). | ||
| jejebris | = | ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goréng budi, ambek |
| jsb. | ||
| kah | = | jawaban awéwé mun dicalukan. |
| kecewis | = | ngecewis, ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun. |
| kecewas-kecewis | = | ngomongkeun batur ka ditu ka dieu. |
| kocéak | = | ngocéak, ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasi- |
| eun jsb. | ||
| kukulutus | = | gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek). |
| kulan | = | jawaban lalaki mun dicalukan. |
| kunyam-kunyem | = | ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab. |
| sosoak | = | ngomong tarik bari ambek. |
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!