Rupa-Rupa Diuk


andegléng = diuk ajeg tumaninah dina korsi.
andéprok = émok rékép (awéwé).
anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong mun-


ding, kuda, sapédah jsb.).
campego = cingogo kawas aya nu didagoan.
candeluk = cendekul, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cendekul = candeluk, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindekul = cendekul, candeluk, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindeluk = cendekul, cindekul, cindukul, candeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cindukul = cendekul, cindekul, candeluk, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas


aya nu didagoan.
cingogo = cangogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang.
cangogo = cingogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang.
émok = cara diuk awéwé dina lanté (samak), pingpingna diréndéngkeun, bitis-


na patumpang, arahna sarua.
émok cabok = sabangsa émok tapi bitis nu kénca kana pingping kénca, nu katuhu ka-


na pingping katuhu.
nagog = cingogo.
nanggeuy gado = diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado, biasana


keur ngalamun atawa baringung pipikiran.
ngabaheuhay = diuk nyanghunjar bari suku dipaanggangkeun, biasana lantaran capé.
ngabebengkung = diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur.
ngalageday = ngalegeday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté.
ngalegeday = ngalageday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté.
nyanghunjar = nangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
nanghunjar = nyangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
nyanghunjar lambar = diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.
nyangsaya = diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan.
sidéngdang = diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah pang-


gung nu aya kolongan), lamun suku duanana diayun-ayun disebutna


ucang-ucangan, lamun suku diayun-ayun bari didiukan budak disebut-


na ucang anggé (sarupa kaulinan).
sideuha = diuk émok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak awak.
sila = diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didéngkak-


keun.
sila andekak = sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan.
sila ipis = sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jébrag.
sila mando = sila bari leungeun duanana aya di antara dua suku nu ditumpangkeun,


awak biasana semu doyong ka hareup.
sila tumpang = sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kénca katuhu.
sila tutug = suku nu sebeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.