| boyot | = | leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun |
| batur. | ||
| dadaligdeugan | = | dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, ngadaligdeug, jajarigjeugan, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| dalugdag-daligdeug | = | ngadaligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, jarugjag-jarigjeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| déog | = | péngkor, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pon- |
| dok. | ||
| dohot-dohot | = | leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngado- |
| doho. | ||
| dumaligdeug | = | dalugdag-daligdeug, ngadaligdeug, dadaligdeugan, jumarigjeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| égang | = | égol, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul di- |
| na palangkakan jsb. | ||
| égol | = | égang, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul |
| dina palangkakan jsb. | ||
| gonjléng | = | leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, hayang narik |
| perhatian lalaki. | ||
| ingkud-ingkudan | = | jingkrung, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb. |
| jajarigjeugan | = | jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, ngajarigjeug, dadaligdeugan, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| jarugjag-jarigjeug | = | jajarigjeugan, jumarigjeug, ngajarigjeug, dalugdag-daligdeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| jingjet | = | leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa ma- |
| ké samping nu heureut teuing. | ||
| jingkrung | = | ingkud-ingkudan, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb. |
| jumarigjeug | = | jarugjag-jarigjeug, jajarigjeugan, ngajarigjeug, dumaligdeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| keketeyepan | = | ngeteyep, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun sora, |
| maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian. | ||
| képoh | = | leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu méh kawas aksara |
| X. | ||
| kukurubutan | = | leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu remet kaka- |
| yon. | ||
| lajag-léjég | = | ngaléjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am- |
| bek. | ||
| méngpéos | = | ngabadaus, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak- |
| lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
| mongkoy | = | moyongkod, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat si- |
| eun atawa éra. | ||
| moyongkod | = | mongkoy, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun |
| atawa éra. | ||
| narabas | = | leumpang di nu bala atawa di nu remet kalawan teu miduli cucuk |
| jsb. | ||
| nekéh | = | leumpang di tempat nu nanjak terus-terusan. |
| néléndén | = | tétéléndénan, talandan-téléndén, leuleumpangan anca, pikalu- |
| cueun katénjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
| nelenyeng | = | leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang. |
| ngabadaus | = | méngpéos, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak- |
| lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
| ngabéngbéos | = | ngabadaus, méngpéos, leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk, |
| biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
| ngabring | = | leumpang babarengan (lobaan). |
| ngabrul | = | kaluar atawa indit babarengan |
| ngaburudul | = | kaluar ti hiji tempat (lobaan). |
| ngadaligdeug | = | dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, ngajarigjeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| ngadédod | = | leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu, kusabab awakna |
| lintuh. | ||
| ngadigdig | = | ngagedig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut. |
| ngadigleu | = | leumpang kendor, semu bareurat ngaléngkah. |
| ngadudud | = | leumpang gancang teu luak-lieuk. |
| ngagandeuang | = | leumpang salsé, dada ajeg, bari keupat laun. |
| ngagéang | = | leumpang semu égang. |
| ngageblay | = | leumpang awéwé, anca, bari keupat laun. |
| ngageblig | = | leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tapi ka kadéngé |
| blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan). | ||
| ngagéboy | = | leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus. |
| ngagedig | = | ngadigdig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut. |
| ngagégag | = | leumpang kendor semu bareurat awak. |
| ngageuyeunggeung | = | leumpang laun nu keur gering atawa kakara hudang gering. |
| ngagéyot | = | ngagiyet, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. |
| ngagidig | = | ngadigdig, ngagedig, leumpang gancang sarta segut. |
| ngagigeug | = | leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu. |
| ngagiplek | = | leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek. |
| ngagitek | = | leumpang awéwé bari semu ngagutak-gitek bujur. |
| ngagiyet | = | ngagéyot, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. |
| ngajarigjeug | = | jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, jajarigjeugan, ngadaligdeug, |
| leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
| mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
| ngalanggéor | = | leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus ketempona. |
| ngaléjég | = | lajag-léjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am- |
| bek. | ||
| ngalénghoy | = | leumpang alon lantaran capé. |
| ngaleut | = | ngeungkeuy, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan |
| ngabring). | ||
| ngaleyad | = | leumpang anca diaplén. |
| ngaligincing | = | ngalongkéwang, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon- |
| naon. | ||
| ngalongkéwang | = | ngaligincing, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon-naon. |
| ngantay | = | sababaraha urang nguntuy ti hareup ka tukang bari maju lalaun- |
| an. | ||
| ngeteyep | = | keketeyepan, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun |
| sora, maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian. | ||
| ngeungkeuy | = | ngaleut, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan |
| ngabring). | ||
| ngiciprit | = | leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang. |
| ngincid | = | leumpang gancang (sorangan). |
| ngingkig | = | ngungkug, leumpang gancang teu luak-lieuk. |
| ngungkug | = | ngingkig, leumpang gancang teu luak-lieuk. |
| niliktik | = | leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang, titiliktikan ka |
| ditu ka dieu. | ||
| nolog | = | leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék. |
| noyod | = | leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram. |
| nurugtug | = | leumpang gancang di nu mudun. |
| nyelengceng | = | leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur). |
| nyérénténg | = | nyirintil, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari am- |
| bek). | ||
| nyirintil | = | nyérénténg, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari |
| ambek). | ||
| péngkor | = | déog, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. |
| rarampéolan | = | leumpang semu leuleus (nu keur mabok jsb.). |
| rincug | = | leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang |
| di nu bala sieun kacugak lantaran teu maké sendal/sapatu. | ||
| sasampoyongan | = | leumpang gagaléongan (nu keur mabok jsb.) |
| sésélékét | = | seselendep, leumpang di antara jelema loba. |
| seselendep | = | sésélékét, leumpang di antara jelema loba. |
| singkang | = | leumpang semu jégar lantaran sukuna ti lebah tuur ka handap se- |
| mu kaluar (sabalikna tina képoh). | ||
| talandan-téléndén | = | tétéléndénan, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun ka- |
| ténjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
| tétéléndénan | = | talandan-téléndén, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun |
| katénjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
| tonggoy | = | leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu ngage- |
| roan. | ||
| totolonjongan | = | leumpang kawas nu rék labuh. |
| tuturubun | = | turun (leumpang) rurusuhan, buru-buru. |
| ungkuy-ungkuyan | = | leumpang bari ngobahkeun awak ka luhur ka handap (nu tanpa- |
| daksa). |
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!