Aambeuan Jeung Rarasaan


A.  Aambeuan





Bau

Bangké, bugang, kokotor jalma/sato
Hangit

Olahan anu tutung, barang anu kaduruk
Hangru

Getih
Hangseur

Cikiih
Hanyir

Lauk, getih
Hapeuk

Pakéan kotor, tempat kotor
Haseum

Kokotor ucing, kélék nu késangan, olahan anu geus lila
Pengar

Jéngkol, peuteuy, obat-obatan nu ngandung bahan kimia
Pesing

Cikiih
Segak

Bako, cipeuyeum
Seungit

Kembang, minyak seungit






B.  Rarasaan





Amis

Rasana gula
Anta

Rasana cai (cai sumur di taneuh tela/basisir)
Asin

Rasana uyah
Gahar

Rasana manisan, inuman nu ngandung rasa amis-haseum.
Haseum

Rasana cuka, bungbuahan nu atah kénéh
Kecut

Rasana cuka
Kesed

Rasana salak (salak ngora)
Keutar

Rasana geutah, cangkang bungbuahan
Keurang

Rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu digoréng ku minyak


kalapa murah
Lada

Rasana céngék
Pahang

Rasana buah jéngkol, iwung nu geus kolot atawa can diasakan
Pangset

Rasana olahan nu réa teuing uyah (asin pisan)
Pait

Rasana kina, paria, hamperu
Peuheur

Rasana térong