Istilah Pancakaki

1. Rundayan Atawa Turunan

- anak, turunan kahiji.

- incu, turunan kadua, anakna anak.

- buyut, anakna incu.

- bao, anakna buyut.

- janggawaréng, canggahwaréng, anakna bao.

- udeg-udeg, anakna janggawaréng.

- kait siwur, kakait siwur, gantung siwur, anakna udeg-udeg.



2. Ka luhur

- bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung.

- indung, awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.

- aki, bapana indung atawa bapa.

- nini, indungna indung atawa bapa.

- uyut, indung/bapana aki atawa nini.

- bao, indung/bapana uyut.

- janggawaréng, canggahwaréng, indung/bapana bao.

- udeg-udeg, indung/bapana janggawaréng.

- kait siwur, kakait siwur, gantung siwur, indung/bapana udeg-udeg.



3. Ka Gigir

- adi, dulur sahandapeun.

- lanceuk, dulur saluhureun.

- emang, paman, lalaki, adina bapa atawa indung.

- bibi, awéwé, adina bapa atawa indung.

- ua, toa, lanceukna bapa atawa indung.

- alo, anakna lanceuk.

- suan, anakna adi.

- kapiadi, misan, anakna emang atawa bibi.

- kapilanceuk, misan, anakna ua.

- incu ti gigir, incuna adi.

- aki ti gigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.

- nini ti gigir, awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.

- ua ti gigir, anakna lanceuk aki/nini.

- emang ti gigir, lalaki, anakna adi aki/nini.

- bibi ti gigir, awéwé, anakna adi aki/nini.



4. Istilah séjénna

- adi beuteung, adina pamajikan atawa salaki.

- dahuan, lanceukna pamajikan atawa salaki.

- dulur sabrayna, dulur misan, anakna paman, bibi atawa ua.

- dulur teges, dulur enya, saindung sabapa.

- indung téré, pamajikan bapa, ngan lain anu ngalahirkeun urang.

- bapa téré, salaki indung, ngan lain nu ngalantarankeun urang lahir.

- anak tére, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.

- dulur patétéréan, anakna indung/bapa téré.

- tunggal, anak tunggal, anak nu ngan hiji-hijina, teu bogaeun adi


jeung lanceuk.

- cikal, anak nu panggedéna.

- panengah, anak tengah, anak nu dilahirkeun di tengah-tengah (bi-


asana mah pikeun jumlah anak anu gangsal).

- pangais bungsu, lanceuk bungsu nu teu kahalangan deui.

- bungsu, anak pangleutikna, dilahirkeun pangtungtungna.

- pamajikan, bojo, garwa, geureuha, istri, awéwé nu geus dikawin.

- salaki, carogé, lalaki nu mihukum awéwé atawa panutan awéwé


anu sah nurutkeun aturan perkawinan.

- minantu, salaki anak atawa pamajikan anak.

- mitoha, indung-bapa salaki atawa indung-bapa pamajikan.

- bésan, warang, indung atawa bapa minantu, mitoha anak.

- sabah, silihsabahan, baraya.

- baraya, wargi, sakur nu aya pancakakina.

- baraya laér, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.

- ti gigir, istilah pancakaki nu nerangkeun yén aya kénéh pernahna,


ngan lain rundayan ka luhur atawa ha handap.

- kapi, pernahna pancakaki.

- teu hir teu walahir, teu baraya saeutik-eutik acan.

- bau-bau sinduk, baraya kénéh, sanajan geus laér.

- dulur pet ku hinis, dulur teges.

- karuhun, luluhur, jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya,


jelema-jelema nu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarunday-


keun urang.