Istilah Tatanén


A.  TANI DI SAWAH





1.  Ngagarap Tanah


-
Malik jarami, malikkeun jarami sawah anu anyar dipibuatan, upama rék nyawah sata-



un dua kali atawa tilu kali.


-
Nyambut, ngagarap atawa ngawuluku.


-
Ngawalajar, macul ngamimitian.


-
Malik, malikkeun taneuh anu geus dipacul mimiti.


-
Mindo atawa ngeprék, macul mindo ngancurkeun taneuh anu masih tingguruhul.


-
Nganglér, ngaluluh taneuh supaya jadi ancur pisan atawa leutak.


-
Ngacak, nyaéta miceunan jujukutan jeung nu barala.


-
Ngalelep, ngalelepkeun jujukutan jeung babalaan.


-
Ngararata, ngaratakeun taneuh nu geus dipacul téa.


-
Ngawuluku, ngagarap maké wuluku.


-
Motong, maculan nu teu keuna ku wuluku.


-
Ngagaru kambang, ngagarap maké garu.





2.  Omongan Nu Ngawuluku


-
Kiya, maksudna méré nyaho ka munding supaya lempeng leumpangna.


-
Kalén, supaya wuluku asup kana urut tadi, jadi maréntah ka munding supaya ngiser



saeutik leumpangna.


-
Arang, hartina anggang teuing ti urut tadi.


-
Mider, supaya muter.


-
Luput, maksudna wuluku henteu keuna, nitah munding rada tungkul.





3.  Melak Jeung Ngurus Paré


-
Ngaléan, mimitian mipit paré pibiniheun.


-
Mitembeyan tebar, mimiti ngawurkeun paré kana pabinihan.


-
Tebar, ngawurkeun binih kana pabinihan.


-
Bubut, ngarabutan binih paré dina pabinihan tandurkeuneun.


-
Nyaplak, ngagaritan taneuh nu rék dipelakan paré ku caplak.


-
Tandur, melak paré di sawah.


-
Mitembeyan tandur, ngamimitian tandur.


-
Ngarambét, miceunan jujukutan nu jaradi di antara tangkal paré.


-
Ngarambét ngabaladah, ngarambét ngamimitian.


-
Ngarambét mindo, ngarambét ngaduakalian.





4.  Panén


-
Dibuat, ngala paré.


-
Derep, buburuh dibuat.


-
Gacong, buburuh dibuat, buruhna sasangga dina sapocong.





5.  Kaayaan Paré


-
Sumihung, kaayaan binih geus saperti sihung, kira-kira saminggu ti tebar.


-
Bubuni tikukur, lamun aya tikukur nyumput bakal buni, kira-kira umur binih tilu



minggu.


-
Béar, binih anu dibabut téh teu loba mawa taneuh, binih alus.


-
Ngompol, binih anu dibabut téh akarna loba taneuhan.


-
Lilir, hartina hudang, kira-kira saminggu ti tas tandur.


-
Gumunda, daunna héjo saperti daun gunda, kira-kira tilu minggu ti tas tandur.


-
Mapak daun, daunna katémbong rata, kira-kira dua bulan ti tas tandur.


-
Nyiram, paré saperti reuneuh, kira-kira sapuluh poé ti papak daun.


-
Reuneuh, paré geus katémbong pibuaheunana, kira-kira tilu bulan ti tandur.


-
Celetu, paré geus aya hiji-dua anu bijil humutna, kira-kira sapuluh poé ti reuneuh.


-
Rampak, geus katémbong kabéh humutna, kira-kira sabulan ti celetu.


-
Tungkul, paré mimiti ngeusi, nu matak kaayaanana tungkul.


-
Beuneur héjo, paré geus katémbong beuneur tapi héjo kénéh, kira-kira tilu minggu



ti rampak.


-
Sumurawung, paré geus asak, tapi can meujeuhna dipanén, kira-kira sapuluh poé ti



beuneur héjo.


-
Jujumaahan, paré ngadagoan wanci anu mustari pikeun dipanén, kira-kira sapuluh



poé ti sumurawung.








B. TANI DI KEBON ATAWA HUMA

-
Ngaburujul, ngawuluku tanah darat.

-
Ngeprék, némprang, macul mindo ngabuyarkeun tai pacul nu tingguruhul.

-
Ngarag, ngabéarkeun taneuh sanggeus dipacul, méméh dipelakan.

-
Ngaseuk, nyieun logak laleutik keur melak sisikian, kayaning jagong, kadelé jst.

-
Ngayuman, ngaganti nu ruksak, nu goréng atawa nu teu jadi.

-
Melak, ngubur atawa nancebkeun tutuwuhan sina jadi.

-
Ngoréd (kokoréd), ngaberesihan jujukutan.

-
Ngoyos, ngaberesihan jujukutanana bari rada disaeuran taneuh.

-
Diayab, dikoréd tuluy jujukutanana dikirab-kirab, supaya taneuhna teu kapiceun.




C.  ISTILAH SÉJÉNNA

-
Ngipuk, ngawurkeun atawa melakkeun sisikian dikerepkeun sina jadi petétan nu bakal


jadi binih.

-
Ngabungbung, mindahkeun petétan kana bungbung awi atawa polibég.

-
Muter, mindahkeun tatangkalan anu geus rada gedé, ku cara dikali sabudeureun akar-


na, diangkat, dipindahkeun jeung taneuh nu narapel dina akarna.

-
Nyiram atawa nyébor, ngucuran pepelakan ku cai supaya seger.

-
Nyemprot, nyemprot tutuwuhan ku semprotan maké cai nu geus dicampuran obat (in-


séktisida jsb.).

-
Ngémbrat, nyiram maké émbrat.

-
Cangkokan, dahan pepelakan nu kaian, nu bisa dipelakkeun sanggeus akaran.

-
Nyangkok, nyieun cangkokan.

-
Gemuk, kadaharan pepelakan, surubuk atawa bérak.

-
Bérak kandang, gemuk tina kokotor sato ingon-ingon.

-
Bérak toko, gemuk buatan pabrik, saperti uréa, KCL, TSP jsb.

-
Binih, sisikian atawa pepetétan pelakeuneun.

-
Ayeuh, tumerap kana paré nu rarebah.

-
Hama, sato jeung nu lianna, anu sok ngaruksak pepelakan.

-
Tumpangsari, melak tutuwuhan nu umurna sausum (palawija) dina taneuh nu dipelak-


an tangkal nu réa umurna, tapi tacan kahieuman.

-
Heuleuran, jajaran pepelakan anu rada rubak.

-
Sték, dahan pepelakan kaian nu bisa di pelak.

-
Petétan, bibit tutuwuhan nu leutik kénéh, biasana aya kénéh sésa sikina.