Ngaran Patempatan


Alun-Alun
=
Tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupatén jsb)
Babakan
=
Lembur anyar; ngababakan - nyieun lembur anyar
Babantar
=
Bagian walungan anu léah sarta déét
Bangawan
=
Walungan gedé
Bobojong
=
Jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
Bubulak
=
Sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa


pasir
Dungus
=
Ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada remet (di leu-


weung)
Huma
=
Tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan paré tur tara dikocoran


cai
Jungkrang / jurang
=
Legok anu jero sarta sisi-sisina gurawés
Karéés
=
Sisi walungan nu réa keusikan (mun di sisi laut, basisir)
Kebon
=
Tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Lamping
=
Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
Legon
=
Bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
Lembur
=
Kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
Lembur narikolot
=
Lembur nu tadina gegek imahna jadi coréngcang, nu tadina haneuteun


jadi tiiseun
Leuwi
=
Bagian walungan anu jero sarta lega (rubak)
Liang angin
=
Lolongkrang antara gunung jeung gunung atawa pasir jeung pasir nu ne-


pungkeun dua padataran nu lega
Monggor / momonggor
=
Sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
Muhara / muara
=
Tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut ata-


wa walungan leutik jeung walungan gedé
Mumunggang / geger
=
Bagian gunung pangluhurna (tonggong gunung)
Pasir
=
Gunung leutik sarta handap
Régol
=
Pamager sari, kampung satukangeun gedong kabupatén beulah tukang
Reuma
=
Tanah darat urut huma
Rorah
=
Cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung
Sabang
=
Tanah darat nu dihapit ku dua walungan
Sampalan
=
Tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
Sawah
=
Tanah nu sok dikembeng, dikurilingan ku galengan tempat melak paré


nu loba cai
Situ
=
Sarupa balong ngan leuwih lega (biasana walungan anu dibendung sok


ngajanggélék jadi situ)
Somang
=
Jurang gurawés sarta jero
Talaga
=
Situ alam nu jadi ku manéh, lain meunang nyieun jelema
Tanjung
=
Jojontor, tanah anu nyodor ka laut
Tarikolot
=
Tempat urut lembur
Tegalan
=
Tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
Teluk
=
Bagian basisir anu ngelok ka darat (sabalikna tina tanjung)
Tepiswiring
=
Sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan
Tetelar
=
Tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok dipaké


pangangonan
Tutugan gunung
=
Bagian gunung beulah handap (suku gunung)
Wahangan
=
Walungan, cai gedé nu ngocor ti girang ka muara