Kecap Sesebutan Sipat (Kalakuan) Jalma


adigung = takabur, boga rasa punjul ti batur
agul = resep nyaritakeun atawa némbongkeun kabisa atawa pangaboga
ancad laér = nyaritana anca pisan atawa laun pisan
ancin = cemi, daharna saeutik
andalemi = lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna
angguklung = gedé hulu, adigung
aral = teu sugema ku kaayaan
badilang = kurang tenget
bahula = teu nurut kana paréntah
baketut = pasemon nu camberut, goréng budi, goréng semu
balabah = béréhan, daék barangbéré
balakasikang = awéwé anu kalakuana cara lalaki
banci = lalaki anu kalakuana cara awéwé
bangkawarah = goréng lampah kawas nu teu meunang pangwarah
bangor = nakal, badeur, pikakeuheuleun, teu nurut kana panyarék
baragajul = sesebutan kana jalma anu kalakuana teu eucreug
barangasan = babarian ambek
basangkal = (budak) nu teu nurut ka kolot
basilat = licik, curang, teu jujur
bawél = céréwéd, loba omong (awéwé)
bedang = wangkelang, bedegong, murugul mawa karep sorangan
berewit = babarian katerap panyakit, mindeng gering atawa budak nu réa


kahayang tur hésé dicumponanana
biko = bodo
binangkit = cakep, réa kabisa
binékas = percéka, pinter, loba pokal nu aralus, kréatif
bodo = belet, kuled uteuk, hésé ngarti, hésé diajar
bodo aléwoh = bodo tapi daék tatanya
bodo katotoloyoh = bodo bari tara daék tatanya
bolon = can pati nyaho bebeneran, balata-boloto kénéh
borangan = euweuh kawani
boyot = kendor (leumpang) bangun bareurat awak
cakep = bisa milampah pagawéan sakumaha mistina
calakan = babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal-hal anu anyar
calimud = daék ceceremed, cocorokot, panjang leungeun
caluntang = teu maké bémakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun
calutak = saharti jeung caluntang
campoléh = léléwodeh, heunteu junun, lalawora kana gawé
canteng = tegep, gandang perténgtang
capétang = pinter tur lancar ngomong (biasana dilarapkeun ka budak)
caréraman = budak nu kabitaan barang nu aya di batur, tuluy ménta
célémbéng = loba omong (budak leutik)
céréwéd = awéwé nu réwél, loba omong
cemi = daharna saeutik
cileureun = balangah, teu nénjo nu nganganggu barang nu keur dijaga
cilimit = 1) budak nu resep ngaheureuyan (ka awéwé)


2) sok ménta kadaharan nu aya di batur
cidra = teu nohonan jangji, jalir
cirigih = (budak) nu resep ngaheureuyan batur
codéka = laku lampah goréng (ka batur)
cologog = kalakuan nu teu maké tatakrama
cucud = milampah hiji hal kalawan terus-terusan (leukeun) tepi ka ju-


cungna, teu kapalang dina gawé
cucungah = calutak, nyaluntang, ngalawan kana paréntah kolot
cudek = tungi, goréng budi, omonganana teu matak resep
cuih = sagala dibéja-béja, beuki teuing ngomong
culangung = belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama
culika = julig, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
cumenos = (budak) nyanyahoanan
cupet = bodo, heureut panalar
curaling = sok resep pulang paling, teu beunang di percaya
curang = licik, sok ngagunakeun akal tarékah kotor pikeun kauntungan


diri sorangan
dahdahnéng = (budak) kalakuanana sakapeung ngogo, sakapeung ngagalakan
daréhdéh = soméah, akuan, matak resep omonganana
daria = migawé hiji hal kalawan enya-enya, teu léléwodéh
darugian = teu payaan, babari pundung (budak)
dedegler = gampang teuteunggeul bari tara asa-asa, taya rasrasan
degig = apilain ka nu geus wawuh, teu nanya-nanya acan, sombong
deleka = julig, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
delitan = (budak) babari pundung, hésé kacumponan kahayangna, teu-


kaopan
dengki = goréng haté, sok nyilakakeun batur
deugeul = kurang ingetan
dolim = nempatkeun perkara lain dina hakna, teu adil, bengis
doroi = julig, resep nyilakakeun batur
durjana = jahat, goréng lampah
dursila = goréng lampah, teu ngéndahkeun kasusilaan
élodan = babari kagoda ku sual-sual séjén dina keur ngajalankeun papan-


cén, henteu junun dina gawé atawa diajar
épésméér = babari ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri
eucreug = bener, bérés dina gawé jeung laku lampah
eusleum = rada gélo, kurang ingetan
gagabah = lalawora, kurang ati-ati
géhgéran = nurutan omongan batur (bari reuwas)
gélényé = awéwé nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasa-


na teu puguh adatna
gélo = burung, teu waras ingetan
gebleg = saharti jeung gélo
gedebul = gedé bohong, gedé wadul
gejul = kurang ingetan
gentur = getol ngulik élmu, cucud, leket atawa suhud
getén = tulatén, némbongkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongok atawa


barangbéré ka jelema (pangpangna ka kolot)
getol = daékan, daék atawa resep digawé
goréjag = babari hudang
gujih = ngarasa punjul ti batur lantaran boga barang nu euweuh di batur
gumati = ati-ati, saregep
guménak = méménakan, niron-noron ménak sabab hayang disebut ménak,


adigung
guranyih = resep némbong-némbongkeun barang kaboga atawa resep nu-


keur-nukeurkeun barang nu nyar kénéh dipiboga
haat = hadé haté, resep migawé kahadéan teu karana buruhan atawa


pujian
handap asor = daék ngahormat ka batur
handap lanyap = hormat tapi matak nyentug kana haté
harak = gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun


batur (sok dilarapkeun dina kalakuan budak)
haripeut = gancang narima paméré, gancang nurut kana pangajak batur


bari teu dipikir mamalana
hariweusweus = haliwu, nyarita bari rada gugup lantaran manggih kareuwas, ka-


sieun atawa kagét
harung-gampung = 1) sompral, ngomong sangeunahna


2) babari ambek
hasud = dengki, teu reuseup nempo batur senang
hawek = hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang panglobana
héman = nyaah bari sok barangberé atawa mindeng ngalongokan
hianat = cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka musuh
hideng = nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoé dina waktuna, nya-


ho di tempat sorangan
jahat = goréng lampah, goreng patékadan
jalingeur = tangginas, cangker (dilarapkeun ka budak)
jalingkak = awéwé nu boga tingkah kawas lalaki
janglar = bisa nandangan kasusah, teu dipaké nguluwut
jarambah = resep ulin atawa resep indit-inditan jauh
jatmika/yatmika = alus budi matak kayungyun
jatnika = mulya, senang
jécéh = reueus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur


dipaké atawa mindeng némbongkeun barang kaboga (dilarap-


keun kana kalakuan budak)
jéngjlé = (budak awéwé) nu teu daék cicing, loba tingkah bari gumeulis
jeté = gumeulis, teu daék cicing supaya meunang perhatian
jolédar = lalawora nyumponan kawajiban, teu tulatén ka nu jadi baraya


atawa kolot
jucung = migawé hiji hal tapi ka réngsé, bérés atawa tamat
judes = kucem, goréng budi, resep sesentak
jujur = tara nyumput-nyalindungkeun hij pasualan, tara milampah sé-


rong, teu kagoda ku ruruba
kancolah = loba tingkah
karooh = mikahayang barang teu pira, barang saeutik, atawa nu euweuh


pangajina
kecing = borangan, sieunan
kedul = tara daék baranggawé
kesit = tangginas, gancang tur bérés dina milampah pagawéan
keukeureuweut = terus-terusan ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di


tangan batur kalawan setengah maksa
kodomoyo = boyot, sagala rupa kendor (leumpang, digawé), heunteu tanggi-
korét = nas medit, tara daék barangbéré
kumed = saharti jeung korét
kuuleun = tay guam, euweuh kadaék
lalawora = gagabah, teu ati-ati, teu gumati
lanca-linci = laca-lecé, luncat mulang, teu tigin kana jangji
lancang = kurang ajar, teu sopan (ka jalma saluhureun)
léléda = kendor, alon-alon dina milampah hiji pagawéan
léléwodéh = lalawora
lénggotan = limpeuran
lénglé = langla-lénglé, méh saharti jeung léléda
leukeun = daék ngeureunyeuh digawé atawa ngusahakeun hiji perkara sa-


najan bangga
leumpeuh yuni = babari kapangaruhan, teu tahan gogoda
lihay = pinter kodék, loba akal bulus
limpeuran = pohoan (biasana tumerap ka jalma nu geus kolot)
linglung = limpeuran, loba poho
linyok = kalakuan nipu atawa ngabohong
liwar = notorékeun manéh, teu ngagugu kana paréntah atawa pépéling
luhung/linuhung = luhur budi, mulya haté sarta luhur élmu panemu
méncédél = moyodok, goréng gawé, taya kabubuatan
medit = korét, tara daék barangbéré
melencing = kedul, mindeng teu datang ka pagawéan
melid = kedul, mumulan, tara daék baranggawé
merewedeng = keukeuh mawa karep sorangan
motékar = ngalampahkeun rupa-rupa usaha pikeun nambahkeun kanyaho


atawa pikeun ngoméan nasib
nakal = bangor, kalakuan teu pikaresepeun (sok dilarapkeun ka budak)
nalaktak = budak nu resep ajleng-ajlengan, tataekén jsb. nu matak nyilaka-


keun
ngékrék = korét, medit, tara daék barangbéré
ngeleyed = ngabudi ucing, kawas nu lungguh tapi mun bongoh ti batur sok


milampah pagawéan nu teu uni
ngulet = resep hudang beurang, padahal geus nyaring
nirca = nista, nyimpang tina papagon agama jeung darigama
nurustunjung = notorogan, teu boga kaéra, matak cua
owel = ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana
pangalitan = (budak) ogoan, olo-olo
pangérétan = awéwé atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa banda ti jal-


ma nu dideukeutanana
pasagi/masagi = sagala bisa
perténgtang = capétang, bisa nyarita, gandang
peupeuleukeuk = nojolkeun manéh kawas nu pinter loba kabisa; jajagoanan, pada-


hal henteu
poksang = wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareup-


eun tur tara didingding kelir
rancagé = cakep, réa kabisa
rancingeus = tangginas, cakep
rapékan = daékan digawé tur bisa migawé rupa-rupa pagawéan
reueus = agul
réwél = loba omong nu matak pikapusingeun
rewog = gembul, daharna ganncang tur loba
ririwit = geringan, mindeng gering
rucah = resep ngalajur napsu
rucita = binangkit, réa kabisa
sabar = tawekal dina ngarandapan kasusah atawa musibah
saliwang = sok salah déngé atawa salah harti
singer = hadé gawé, hideng, tara nunggu paréntah
sombong = gedé omong, ngagulkeun manéh, takabur
soméah = akuan tur amis budi, daréhdéh (ka sémah)
sompral = kawas nu euweuh kasieun, méh sarua jeung sombong, nyarita


sangeunahna
sonagar = wanter, teu éraan dina pasemon, wani nyanghareupan saluhur-


eun bari tetep maké tatakrama
sonagar huma = sonagar tapi kaciri dusun (dina basa)
songong = heuras genggerong, teu némbongkeun hormat ka saluhureun di-


na cacarita
suhud = saregep, enya-enya ngajalankeun pagawéan
talédor = lalawora, teu tigin kana kawajiban
tambélar = ngabaékeun kana kawajiban (umpamana baé dina ngurus pa-


majikan, anak, indung, bapa, banda jsb.)
tangginas = rikat, cepet ngagerakkeun awak atawa anggotana, rancingeus di-


na ngajalankeun pagawéan
tanggoh = wani nyanghareupan lawan, tara mundur atah-atah
telenges = gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya
tulatén = getén, titén, henteu lalawora dina ngurus gawé atawa ngurus ra-


hayat
wacis/wasis = binékas, pinter atawa binangkit
wandu = awéwé anu tingkah lakuna siga lalaki
wani = sanggup nyanghareupan sarupaning perkara
wanter = sonagar, teu éraan sarta teu dusun
wijaksana = pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanana hasil


timbangan pikiran anu daria