Kecap Sesebutan Sipat (Kaayaan) Jalma

 
Bahénol
=
Awakna lintuh matut, tapi bangun teu peungkeur
Bahono
=
Bohono, démplon, donto, lintuh semu peungkeur
Bangbang
=
Awakna jangkung gedé
Bangir
=
Irungna alus, mancung
Bayuhyuh
=
Awakna lintuh pisan
Bedegul
=
Sirahna gedé
Besekel
=
Awakna pendék gedé
Bolotot
=
Panonna gedé
Bopéng (garok)
=
Bowék, beungeutna pinuh ku ceda urut kasakit cacar (kuris)
Bosongot
=
Rupa beungeut atawa pasemon nu wanian
Botak (butak)
=
Gundul ti tengah-tengah nepi kana tarang
Buncir
=
Sok dilarapkeun kana kaayaan beuteung (budak) anu mereketeng


lantaran loba eusina
Bureuteu
=
Beuteung nu nyemplu (lantaran lintuh keur kakandungan, atawa


boga kasakit)
Cadél
=
Teu béntés nyebut aksara /r/
Cameuh
=
Caréhamna rada ngelok
Camihmil
=
Pipina rada kebi lantaran montok
Cadok
=
Gado nyodor ka hareup
Cingked
=
Leumpangna pincang, lantaran nyeri suku atawa cacad salah sahiji


sukuna
Cureuleuk
=
Panonna buleud, beresih, cahayaan tur alus sorotna
Demés
=
Irungna pésék (sabalikna tina bangir)
Demplu
=
Awakna lintuh teu matut
Dénok
=
Awakna rada montok, donto, tur geulis
Déog
=
Sukuna péngkor, teu bisa leumpang bener lantaran suku nu sabeulah


rada pondok
Galing
=
Buukna rada rintit
Galing muntang
=
Buukna rintit tungtungna
Gamuleng
=
Gadémol, rupa beungeutna buleud tur ngeusi, awakna donto; (nu di-


sebut gamuleng biasana awéwé nu pakulitanana konéng umyang)
Geulis
=
Awéwé nu rupana alus, pikaresepeun
Gomplok
=
Buukna kandel
Gundul
=
Sirahna lénang, taya buukan
Gandang
=
Lalaki nu hadé dangong, boh dina leumpang boh dina paripolah
Héjo carulang
=
Kulit awéwé nu alus, rada ngoraan tina hideung santen
Hulupeutieun
=
Sirahna leutik
Jalugjung
=
Awakna jangkung
Jebléh
=
Biwirna nu handap leuwih rubak batan nu luhur sarta rada ngampléh
Jeding
=
Biwirna nu luhur leuwih rubak batan nu handap sarta rada ngampléh
Kambuy
=
Awakna lintuh tapi teu séhat, siga karembung
Kasép
=
Lalaki nu rupana alus
Kécéng
=
Panonna teu nénjo sabeulah
Kecing
=
Sieunan, teu wani sabab nyanghareupan lawan nu leuwih gedé
Kékéd
=
ramona hareuras lantaran kasakit incok, jsb.
Kéwes
=
Sesebutan ka jalma nu tegep, pantes katénjona
Kemong
=
Pipina semu ngelok ka jero lantaran kuru
Kempot
=
Pipina legok saeutik lamun keur seuri siga liang undur-undur
Keueuseun
=
Huntuna goréng, harideung tur teu rata
Lenggik
=
Awakna jangkung leutik, ramping (awéwé)
Lenjang
=
Awakna lenggik leutik, ramping (awéwé)
Lingsig
=
Awakna ngeusi, séhat lantaran diurus
Lolong
=
Panonna duanana teu bisa nénjo
Nongnong
=
Tarangna rada nonjol
Ngajedig
=
Sesebutan keur kumis atawa halisna kandel
Pacér
=
Sukuna leutik
Pécak
=
Panonna teu nénjo sabeulah
Péngkor
=
Sukuna pincang, teu bisa leumpang bener
pétét
=
Panonna leutik saperti nu setengah peureum
Pireu/pégo
=
Teu bisa ngomong
Pongés
=
Irungna cacad tungtungna
Rangkebong
=
Awakna begang pisan (biasana jalma nu tas hudang geuring atawa


jalma anu geus kolot pisan)
Rebéh
=
Biwirna rada beukah ka gigir, sabab ngarasa atoh dipuji
Regéng
=
Awakna begang atawa kuru
Rogés
=
Huntuna goréng (teu rata)
Sampulur
=
Awakna alus potonganana (biasana sok dilarapkeun ka awéwé)
Sieuran
=
Dilarapken ka jalma anu henteu kaasup kasep atawa geulis, tapi lamun


dilelekan pantes atawa tegep (sieuran dilarapkeun  kana kaayaan beu-


ngeut)
Sipit
=
Panonna rada leutik henteu bolotot (panon bangsa Cina)
Tonggar
=
Huntuna nyodor ka hareup, tampolana tepi ka matak hésé balem