Istilah Waktu


1.  Dumasar kana kajadian alam jsb.

-
Wanci janari leutik, kira-kira pukul 01.00-03.00.

-
Wanci janari gedé, kira-kira pukul 03.00-04.30.

-
Wanci balébat, waktu pajar geus udat-udat, kira-kira pukul 04.30.

-
Wanci carangcang tihang, wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng


kénéh, kira-kira pukul 04.30-05.30.

-
Wanci haneut moyan, wanci sesedengna ngeunah dipaké moyan, kira-kira


pukul 07.00-08.30.

-
Wanci rumangsang, wanci panonpoé geus mimiti karasa panas, kira-kira


pukul 09.00.

-
Wanci pecat sawed, waktu munding nu dipaké magawé (ngawuluku) dila-


an sawedna, kira-kira pukul 10.00.

-
Wanci manceran, waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé.

-
Wanci lingsir kulon, waktu panonpoé geus mimiti ngésér ka kulon, kira-


kira pukul 13.00.

-
Wanci panonpoé satangtung, kira-kira pukul 15.00.

-
Wanci tunggang gunung, waktu panonpoé geus rék surup, ayana dina lu-


hureun gunung, kira-kira pukul 16.00-17.00.

-
Wanci sariak layung, waktu layung di langit katénjo beureum, kira-kira pu-


kul 17.00-18.00.

-
Wanci sareupna, waktu geus mimiti poék, kira-kira pukul 18.00-18.30.

-
Wanci sareureuh gaang, waktu gaang eureun disada, kira-kira pukul 19-00.

-
Wanci sareureuh budak, waktu barudak leutik reureuh, kira-kira pukul


19.30-20.00.

-
Wanci sareureuh kolot, waktu kolot mangsana reureuh, kira-kira pukul


21.00.

-
Wanci tengah peuting, kira-kira pukul 24-00.



2.  Dumasar kana waktu ibadah (salat)

-
Pajar, waktu rék meleték panonpoé, kira-kara pukul 04.00-04.30.

-
Subuh, waktu ngajalankeun salat subuh, kira-kira pukul 04.30-05.00.

-
Lohor, waktu ngajalankeun salat lohor, kira-kira pukul 12.00.

-
Bada lohor, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor, kira-kira pukul 12.30-


13.00.

-
Asar, waktu ngajalankeun salat asar, kira-kira pukul 15.30.

-
Bada asar, waktu sanggeus kadéngé bedug asar atawa salat asar, kira-kira


pukul 15.30-16.00.

-
Magrib, waktu geus mimiti poék, geus waktuna salat magrib, kira-kira pu-


kul 17.30-18.00.

-
Bada Magrib, waktu saréngséna salat magrib, kira-kira pukul 18.00-19.00.

-
Isa, waktu salat isa, kira-kira pukul 19.00.

-
Bada isa, sanggeus salat isa, kira-kira pukul 19.00-20.00.



3.  Istilah umum

-
Peuting, wanci ti barang surupna panonpoé nepi ka meletékna deui.

-
Beurang, wanci ti mimiti meletékna panonpoé nepi ka surupna deui.

-
Isuk-isuk, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed, antara pukul


05.00-10.00.

-
Pabeubeurang, wanci sabada pecat sawed nepi ka wanci panonpoé sa-


tangtung, kira-kira pukul 11.00-14.30.

-
Pasosoré, wanci sabada panonpoé satangtung nepi ka sareupna, kira-kira


15.00-18.00.



4.  Istilah nu patali jeun poé

-
Poé ieu, poé ayeuna nu keur dilakonan.

-
Isukan, sapoé nu bakal datang.

-
Pagéto, dua poé nu bakal datang, sapoé sanggeus isukan.

-
Pagéto amat, sapoé sabada pagéto.

-
Kamari, sapoé nu geus kaliwat.

-
Mangkukna, dua poé nu geus kaliwat, sapoé saacan kamari.

-
Tilu poé ka tukang, waktu nu geus kaliwat tilu poé.  Kecap katukang dipaké


pikeun poé, minggu, bulan, taun jst. nu geus kaliwat sababaraha kali.



5.  Istilah nu patali jeung nu kalakon

-
Ayeuna, waktu nu keur kalakon.

-
Bieu, waktu nu can lila kalakon, kakara pisan kaliwat.

-
Cikénéh, sarua jeung bieu.

-
Tadi, waktu nu geus rada lila kalakon.

-
Engké, waktu nu bakal kalakon.



6.  Istilah nu patali jeung jaman.

-
Kiwari, jaman nu keur dilakonan ayeuna.

-
Baréto, jaman nu geus lila kaliwat.

-
Baheula, jaman nu geus kaliwat béh ditueun baréto.

-
Bihari, jaman nu geus kaliwat lila pisan.

-
Jaga, jaman nu lila kénéh bakal kasorang.

-
Isuk jaganing géto (pagéto), jaman nu lila kénéh pisan bakal kasorang.



7.  Istilah séjénna.

-
Sakedét nétra, sakiceup, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan.

-
Saharita, harita kénéh.

-
Sakilat, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan diumpamakeun kana lila-


na kilat ngaburinyay.

-
Sajongjonan, sawatara sekon.

-
Sakedapan, saharita, jero sawatara sekon.

-
Sapanyeupahan, nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua


lilana jeung waktu pikeun nyeupah.

-
Sapangéjoan, nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira sarua lilana jeung


waktu pikeun ngéjo (nyangu).

-
Saumur jagong, lilana sarua jeung umur jagong, kira-kira sabulan satengah.

-
Sabulan campleng, sabulan jejeg.

-
Sataun landung, sataun leuwih.

-
Sawindu, dalapan taun.

-
Saabad, saratus tahun.

-
Sausum, sakali usum, henteu lana.