Istilah Usum-Usuman


1.  Nu patali jeung kaayaan alam

-
Usum mamaréng, usum mimiti ngijih.

-
Usum ngijih, usum hujan, ngecrek unggal poé.

-
Usum dangdarat, usum panyelang antara usum hujan jeung halodo, hujan


jeung halodo kakapeungan.

-
Usum katiga, usum halodo.

-
Usum barat, usum angin gedé nu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan.

-
Usum selatan, usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.





2.  Nu patali jeung kaayaan masarakat

-
Usum pagebug, usum loba nu gering parna, loba nu maot.

-
Usum sasalad, usum loba panyakit nu babari tépa.

-
Usum patépok, usum loba nu kawin.

-
Usum paceklik, usum paila, kurang dahareun.

-
Usum nguyang, usum paceklik

-
Usum tigerat, usum paceklik.

-
Anjrah, usum (rambutan, peuteuy jsb.) di mana-mana.





3.  Nu patali jeung tatanén di sawah

-
Usum tebar, usum ngawurkeun binih kana pabinihan.

-
Usum nyambut, usum ngagarap sawah.

-
Usum tandur, usum melakkeun binih paré di kotakan.

-
Usum ngarambét, mangsa miceunan jujukutan nu jaradi di antara tangkal


paré.



-
Usum celetu, mangsa paré geus mimiti cul-cel baruahan.

-
Usum rampak, usum paré geus rampak kaluar humbutna.

-
Usum beuneur héjo, usum paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo.

-
Usum pibuateun, usum ngadagoan mangsa nu mustari pikeun paré dipa-


nén.



-
Usum panén, mangsa dibuat, usum paré diala.





4.  Nu patali jeung tatanén di huma

-
Usum nyacar, mangsa nyacar leuweung pihumaeun.

-
Usum ngahuru, usum ngahuru/meuleum kai jeung kakayon séjénna nu


geus gararing meunang nyacar.

-
Usum ngaseuk, Usum melak paré.

-
Usum ngoréd/ngoyos, usum meresihan jukut nu jaradi di antara luwukan


paré ku koréd.

-
Usum panén/dibuat/ngétém, usum ngala paré kalawan maké étém.





5.  Pranata mangsa

Kasa
=
Kahiji, tanggal 22/23 Juni - 2/3 Agustus, usum mimiti melak pa-




lawija.

Karo
=
Kadua, tanggal 2/3 Agustus - 25/26 Agustus, usum randu pucuk-




an, melak palawija kadua.

Katiga
=
Katilu, tanggal 25/26 Agustus - 18/19 Séptémber, usum beubeu-




tian sirungan, panén palawija.

Kapat
=
Kaopat, tanggal 18/19 Séptémber - 13/14 oktober, usum sumur




saraat, randu pentilan, usum melak cau.

Kalima
=
Kalima, tanggal 13/14 Oktober - 9/10 Nopémber, usum turun hu-




jan, asem pucukan, konéng ngadaun ngora.

Kanem
=
Kagenep, tanggal 9/10 Nopémber - 22/23 Désémber, usum bu-




buahan mimiti karolot, usum ngagarap sawah.

Kapitu
=
Katujuh, tanggal 22/23 Désémber - 3/4 Pebruari, usum caah




jeung gedé angin, usum tandur.

Kawolu
=
Kadalapan, tanggal 3/4 Pebruari - 1/2 Maret, usum paré rampak,




turaés ngéar.

Kasanga
=
Kasalapan, tanggal 1/2 Maret - 26/27 Maret, usum paré reuneuh,




loba hileudan jsb.

Kasadasa
=
Kasapuluh, tanggal 26/27 Maret - 19/20 April, usum melak pala-




wija di tanah darat.

Désta
=
Kasawelas, tanggal 10/20 April - 12/13 Méi, usum manuk-manuk




maraban anakna, aya kénéh waktu keur melak palawija.

Sada
=
Kadua welas, tanggal 12/13 Méi - 22/23 Juni, usum rumpak jami,




isuk-isuk tiris.