Kamus Undak Usuk Basa Sunda (M)




Basa Loma Basa lemes keur ka sorangan Basa lemes keur ka batur



maap hapunten haksama, haksami, hapunten
maca maca maos
magahan mapagahan miwejang, ngawurukan
mahal awis awis
mahi cekap cekap
maju majeng majeng
maké nganggo nganggo
maksud maksad maksad
malah malih malih
malahmandar mamanawian mamanawian
malarat jalmi teu gaduh teu kagungan nanaon
malem wengi wengi
malik malik mayun
maliré maliré merhatoskeun
mamayu mamayu mamajeng
mandéan mandéan mapadani, nyamian
mandi mandi siram, ngebak
manéh - anjeun, salira
manéhna - anjeunna
manggih mendak mendak
mangka mugi mugi(a)
mangku mangku mangkon
mangkuk kantos kantos
maot nilar, tilar dunya, ngantunkeun pupus
mapagahan mapagahan miwejang, ngawurukan
marak marak munday
marga jalaran, (ku) margi (ku) margi, réh(ing)
marhum jenatna, marhum marhum, suargi, suwargi
mariksa mariksa marios
marukanana pangintenna pangintenna
matuh matuh linggih
mawa ngabantun nyandak
mayit layon layon
mecak nyobi nyobi
megat megat ngandeg
melang deudeupeun deudeupeun
méméh sateuacan sateuacan
mencét meuseul meuseul
mencétan meuseulan meuseulan
mending langkung saé langkung saé
menerkeun ngalereskeun ngalereskeun
mengi asma ampeg
ménta neda, nyuhunkeun mundut
méré masihan maparin, ngahaturan(an), ngalélér
meujeuhna cekap cekap
meuli mésér ngagaleuh
meunang kénging kénging
meureun panginten panginten
miang mios angkat, jengkar
mihapé ngawiat ngawewerat(an)
mikeun maparinkeun, masihkeun ngahaturkeun, nyanggakeun
milang ngétang ngétang
milu ngiring ngiring
mimiti kawit awit, kawit
mimitina kawitna awitna, kawitna
minangka étang-étang étang-étang
minantu minantu mantu
mindeng sering sering
minggat minggat (nga)lolos
minyak lisah lisah
mireungeuh mireungeuh, ningal ningali
miskin jalmi teu gaduh teu kagungan nanaon
mitoha mitoha mertua
montok montok ageung
moro moro bubujeng
muga mugi mugi(a)
muga-muga mugi-mugi mugi-mugi
mulang wangsul mulih
mun upami upami
mungguh menggah menggah(ing)
mupakat mupakat, rempug rempag
murah mirah mirah
muriang muriang nyenyepan
muru ngabujeng ngabujeng






Kamus Undak Usuk Basa Sunda (A-B)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (C-G)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (H-J)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (K-L)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (N-O)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (P-R)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (S)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (T-Y)