Kamus Undak Usuk Basa Sunda (S)




Basa Loma Basa lemes keur ka sorangan Basa lemes keur ka batur



saba saba angkat-angkatan
sabab jalaran, (ku) margi (ku) margi, réh(ing)
sabalikna sawalerna, sawangsulna sawalerna, sawangsulna
sabot waktos waktos
sabuk beubeur, sabuk beulitan
sadia sayagi, sayogi sayagi, sayogi
sadu tamada tamada, tomada
saemét sakedik sakedik
saendeng-endeng salamina sapaosna, sapapaosna
saeutik sakedik sakedik
sagala sagala saniskanten
sakapeung sawaktos-waktos sawaktos-waktos
sakeudeung sakedap sakedap
sakit sakit kasawat
sakuduna sakedahna sakedahna
sakur sadaya, sugri sadaya, sugri
salah lepat lepat
salah saurang salahsawios salahsawios
salaki (pun) lanceuk, salaki carogé, (tuang) raka
salamet salamet wilujeng
salat netepan, sambéang, sambiang netepan
salempang salempang rejag manah, salempang
salésma salésma pileg
salin salin gentos
samak amparan amparan
samarukna pangintenna pangintenna
saméméh sateuacan sateuacan
sampak sampak sondong
samping sinjang sinjang
sanajan sanaos sanaos
sanding sanding sumpingan
sanggeus saparantos saparantos
sanggup sanggem kersa
sangka kinten kinten
sangkan supados supados
sangu sangu sangu
saniskara saniskanten saniskanten
sapantar sapantar sayuswa
saparo sapalih sapalih
sapédah ku margi, jalaran réhing
saperti sapertos sakarupi, sapertos, sarupi
saputangan saputangan salempay
saré mondok kulem
saréréa sadayana sadayana
sarta sareng sareng
sarua sami, sarupi sami, sarupi
sasadu tamada tamada, tomada
sasarap neda (énjing-énjing), sasarap tuang (énjing-énjing)
sawadina sakedahna sakedahna
sawah sérang sérang
sawaréh sapalih sapalih
sawatara sawatawis sawatawis
sayaga sayagi sayagi
sebut sebat sebat
sedih sedih sedih, sungkawa
séjén sanés sanés
séléh pasrah hatur, sangga
séléwér pidua haté pidua manah
sémah (ta)tamu (ta)tamu
semet dugi ka, wangkid dugi ka, wangkid
senang senang raos mahan
serah késér, pirak késér, pirak
serahkeun késér, pirak késér, pirak
sérédan rorodan rorodan
seret wangkid wangkid
sésa kantun kantun
seubeuh wareg sesek
seug mangga mangga
seupah lemar lemar
seuri seuri gumujeng, kahaturan
siar pilari pilari
sibanyo sibanyo tamas, wawasuh
sim kuring sim abdi -
simbut simbut kampuh
simpang sindang sindang
sing mugi mugi(a)
sirah sirah mastaka
siram sébor sébor
sirit larangan, rarangan larangan, rarangan
sisig sisig susur
sisir pamérés pamérés
soara sora soanten
solat netepan, sambéang, sambiang netepan
sono sono honeng, oneng
sora soanten soanten
sorangan sorangan nyalira
soré sonten sonten
sugan manawi manawi
suku suku sampéan
sukur nuhun nuhun
sumawon sumawonten sumawonten
sumawona sumawonten sumawonten
sunat beresihan sepitan
sungut cangkem baham
supaya supados supados
surat serat serat, tétésan
surup sarumah calik
susah sesah sesah
susu pinareup pinareup
suweng kurabu, suweng giwang, sumber
suwung seweng, suwung seweng, suwung






Kamus Undak Usuk Basa Sunda (A-B)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (C-G)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (H-J)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (K-L)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (M)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (N-O)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (P-R)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (T-Y)