Kamus Undak Usuk Basa Sunda (P-R)




Basa Loma Basa lemes keur ka sorangan Basa lemes keur ka batur



pacilingan jamban jamban
paéh nilar, tilar dunya, ngantunkeun pupus
paham paham, ngartos ngartos
pahili paliron pagentos
paju pajeng pajeng
paké anggo anggo
palangan kareseban, udur sasih kareseban
palangsiang tiasa janten tiasa janten
palar palar pambrih, pamrih
palebah leresan leresan
paliré paliré perhatoskeun
pamajikan (pun) bojo (tuang) istri, (tuang) rai/rayi, geureuha
paman (pun) paman (tuang) rama
pancuran jamban jamban
pandé pandé padan, sami
pandé (rupa) rupi rupi
pandeuri pengker pengker
pang nu mawi nu mawi
pangaweruh kauninga kauninga
panggih pendak, tepang pendak, tepang
pangkat kadudukan kalungguhan
pangku pangkon pangkon
pangna nu mawi nu mawi
pangraksa pangraksa panangtayungan
panitih panitih sanggétan, sangkétan
panon panon soca
pantar pantar sayuswa
pantég kalintang kalintang, teu kinten
papacangan tunangan tunangan
paparah kinten-kinten kinten-kinten
papatah naséhat, papatah piwejang, piwuruk
parak parak punday
parandéné sanaos sanaos
paribasa paripaos paripaos
pariksa pariksa parios
parna répot wales
paro palih palih
parok sami sami
pasti kantenan, tangtos kantenan, tangtos
pati patos patos
patuh patuh linggih
payu pajeng pajeng
payung payung pajeng
pecak cobi cobi
pédah jalaran, (ku) margi (ku) margi, réh(ing)
pegat pegat andeg
pék geura, mangga mangga
pelik sesah sesah
pencét peuseul peuseul
pénta teda, suhunkeun pundut
penting peryogi peryogi
pepegatan pipisahan pipisahan
percaya percanten percanten
perelu peryogi peryogi
perkara perkawis perkawis
perlu peryogi peryogi
permata sosoca sosoca
permisi permios permios
peuting wengi wengi
pianakan pianakan wewetengan
pias pucet pucet
pidato biantara biantara
pihapé wiat wewerat, wiat
pikeun kanggo haturan, kanggo
pikir pikir manah
piligenti piligentos piligentos
pilih peto selir
pindah pindah ngalih
pingping pingping paha
pipi pipi damis
pirang-pirang pinten-pinten pinten-pinten
pireungeuh pireungeuh, tingal tingali
pitulung pitulung pitandang
poé dinten dinten
pohara kalintang kalintang, teu kinten
poho hilap lali
popotongan patilasan patilasan
potong tilas tilas
pribadi pribados ku anjeun
prihatin prihatin prihatos
puasa puasa saum
puguh kantenan, tangtos kantenan, tangtos
pukul tabuh tabuh
pupulih nyanggem, popoyan, unjukan, wawartos nyarios, pupulih, unjukan, wawartos
purun purun kersa
raat lirén lirén
rajin kersaan kersaan
raket caket caket
raksa raksa tangtayungan
ramo ramo réma
rampés mangga mangga
ranyéd ranyéd lambang sari
rarabi rarabi garwaan
rarasaan raraosan raraosan
rasa raos raos
réa seueur seueur
récéh récéh artos alit
rék badé, seja badé, seja
remen sering sering
rempug mupakat, rempug rempag
rérégan gardéng lalangsé
resep resep langen, seneng, sedep
reujeung sareng sareng
reuneuh kakandungan bobot, ngandeg
reureuh reureuh ngaso
rieut rieut puyeng
rikip rikip rencep
ripuh répot répot
ririkipan ririkipan rerencepan
risi risi rémpan
robah robih robih
roko roko sesepeun
rongkah ageung ageung
rua rupi rupi
rugi rugel rugel
rujuk rempug rempag
rumasa rumaos rumaos
rupa rupi rupi
rurusuhan énggal-énggalan énggal-énggalan
rusuh énggal-énggalan énggal-énggalan






Kamus Undak Usuk Basa Sunda (A-B)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (C-G)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (H-J)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (K-L)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (M)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (N-O)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (S)
Kamus Undak Usuk Basa Sunda (T-Y)