Istilah Kadaharan Jeung Inuman 2


A
Istilah Ngasakan





Istilah nu patali jeung ngasakan kadaharan, di antarana:


-
Mais, ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuy-



keun kana lebu panas atawa diseupan, contona:  pais lauk, pais



hayam, jsb.





-
Manggang, meuleum anu dipanggang, contona:  saté, maranggi



jsb.





-
Meuleum, ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa di-



deukeutkeun kana seuneu, contona:  ketan, jsb.


-
Mubuy, ngasupkeun (hui, sampeu, jsb.) kana lebu panas.


-
Ngabakar, ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantina (open



jsb.), contona:  ngabakar kuéh, jsb.


-
Ngabolostron, ngasakan kadaharan ku cara dikusrukkeun kana



seuneu gedé, teu diolah heula.


-
Ngagoréng, ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak susuk,



mantéga, jsb. anu panas, biasana dina katél, contona:  goréng ta-



hu, goréng pisang, jsb.


-
Ngulub, ngasakan kadaharan maké cai sina ngagolak, contona:



kulub suuk, kulub hui, jsb.


-
Nyangray, ngasakan kadaharan dina katél atawa talawéngkar teu



maké minyak, contona: sangray suuk, sangray sangu, jsb.


-
Nyeupan, ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak, contona:



seupan daun sampeu, seupan daun gedang, jsb.







B.
Istilah Nu Patali Jeung Nyangu


Nyangu nyaéta ngasakan béas atawa nyieun sangu.  Istilahna dimi-
mitian ti molah béas nu rék disanguna, di antarana:


-
Napi, meresihan béas maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supa-



ya kapiceun kokotorna (bubuk huut, keusik, gabah) atawa kapi-



ceun beunyeurna.



-
Ngisikan, ngumbah béas nu rék di sangu, biasana dina boboko, cai



urut ngisikanana disebut cibéas.


-
Ngagigihan, nyeupan béas nepi ka satengah asak.  Gigih nyaéta sa-



ngu satengah asak.


-
Ngarih, ngaduk-ngaduk gigih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya



beukah, maké pangarih.


-
Nyeupankeun, ngasupkeun kana aseupan, jsb. nepi ka asak.


-
Timus, sangu geus asak, cirina geus nyerebung saabna.


-
Ngakeul, ngurah-ngaréh sangu nu kakara dijait bari diteueul jeung



dihihidan, ambéh pulen, biasana dina dulang atawa boboko.


-
Ngaliwet, ngasakan béas (nyangu) dina kastrol atawa panci hen-



teu diseupankeun.


-
Ngahaneutkeun sangu, nyeupan sangu nu geus tiis.


-
Nimbel, ngalulun sangu nu haneut kénéh ku daun cau, supaya



lila pulenna.




-
Nutup, nyieun sangu nu diakeulna dicampuran kadaharan séjén



(oncom, jsté.) katut sambara supaya leuwih ngeunah atawa pi-



keun sasarap.




-
Ngagoréng sangu, ngasakan sangu ku cara digoréng maké samba-



ra supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.


-
Nyangray sangu, ngagoréng sangu teu maké minyak, supaya ha-



neut.





-
Sangu anyar, sangu anu kakara nyait tina aseupan, jsb.


-
Sangu béar, sangu anu kurang atawa geus euweuh daya léngkétna.


-
Sangu beueuy, sangu nu rada beyé.


-
Sangu heuras, sangu nu kurang cai dina ngagigihanana.


-
Sangu kabuli, sangu liwet maké samin, daging domba, jsté. (kada-



haran modél Arab).


-
Sangu konéng, sangu nu rupana konéng, lantaran diasakanana di-



campur konéng, boh diseupan boh digoréng.


-
Sangu poé, sangu sésa kamari.


-
Sangu pulen, sangu ngeunah, henteu béar jeung henteu beyé.


-
Congcot, sangu nu teu diakeul, ditamplokkeun tina seupan, jadi



nyungcung persis saperti aseupan.


-
Buceng, puncak congcot.