Istilah Téhnologi


A.
Téhnologi Basajan


Téhnologi basajan nyaéta pangabisa atawa élmu nyieun saru-
paning barang, karajinan, adegan jsb. anu teu mikabutuh atikan ata-
wa kaahlian husus.  Contona nyieun kompor huut, nyieun kompos jsb.


Istilah-istilah anu biasa kapanggih dina téhnologi basajan, di
antarana:
-
beusi, sabangsa logam nu teuas, bahan rupa-rupa pakakas.
-
bor, ngebor, ngaliangan maké bor.
-
kabel, kawat lembut nu diuntun jadi gedé, biasa dibungkus pikeun

kaperluan listrik, telepon jsté.
-
las, ngelas, nyambungkeun beusi nu sina lééh heula, bisa ngaguna-

keun karbit atawa listrik.
-
patri, timah anu sanggeus dilééhkeun ku beusi panas, sarta dicam-

pur jeung arpus katut érkeras dipaké nyambungkeun (ngarapet) ka-

léng jsb.



B.
Téhnologi Madya


Téhnologi madya nyaéta téknologi anu geus mikabutuh kaahli-
an jeung atikan husus, tapi henteu ngagunakeun alat-alat jeung mesin-
mesin anu ruwed.  Contona nyieun pembangkit listrik tanaga surya,
kincir cai jsb.


Istilah anu biasa kapanggih dina téhnologi madya, di antarana:
-
dinamo, alat pikeun nimbulkeun tanaga listrik.
-
kincir, alat siga kolécér atawa siga kikiping nu dipuihkeun ku mo-

tor, angin, cai jsb. pikeun ngagerakkeun panggilingan, dinamo jsb.
-
listrik, sarupaning tanaga anu timbul, di antarana ku pagésrékna

'elektron' (sabangsa arpus nu geus ngabatu) jeung barang séjén.
-
mesin, alat anu ngagampangkeun atawa ngagancangkeun pagawé-

an nu biasana dipigawé ku leungeun; bisa ogé mangrupa anu jadi

motorna hiji hal.
-
motor, alat pikeun nimbulkeun tanaga, sarta ngarobah éta tanaga

jadi gerakan anu mangpaat.
-
tanaga cai, tanaga anu ditimbulkeun kumuterna (aliran) cai.
-
tanaga surya, tanaga anu ditimbulkeun ku panas panonpoé.



C.
Téhnologi Canggih


Téhnologi canggih nyaéta téknologi anu mikabutuh kaahlian
jeung atikan husus sarta ngagunakeun alat-alat jeung mesin-mesin
anu kacida ruwedna, upamana baé nyieun kapal terbang, mobil, olé-
fin jsb.


Istilah anu biasa kapanggih dina téhnologi canggih, di antara-
na baé aya nu kapanggih ogé dina téhnologi madya, saperti mesin
jeung motor.  Istilah séjénna, di antarana:
-
assembling, ngaranjing-ranjing babagian hiji barang nepi ka nga-

janggélék jadi barang nu tangtu, upamana baé mobil jeung kapal.
-
komputer, alat (mesin) pikeun ngabalitungkeun ukuran, itungan,

rarancang jsb. dumasar kana data anu geus diprogram.
-
robot, barang anu dilengkepan ku alat-alat éléktronik, nepi bisa-

eun leumpang, barang cokot, migawé hiji hal jsb.



D.
Hasil Téhnologi


Hasil téhnologi téh kacida lobana.  Malah bisa jadi sabagian
gedé barang anu sapopoé disanghareupan ku urang ogé mangrupa ha-
sil téhnologi.


Hasil téhnologi anu mangrupa tutumpakkan, saperti motor, mo-
bil, kapal terbang, katut bagian-bagianana.  Barang-barang rumah
tangga saperti televisi, radio, kipas angin, kulkas, mesin cuci, katut bagi-
an-bagianana.  Hasil citakan, saperti buku, koran, kertas jsb.  Acan nu
séjénna, saperti telepon, komputer, internét, satelit, parabola jsb.  Aya
nu mangrupa hasil téhnologi basajan, téhnologi madya, jeung téhnolo-
gi canggih.


Téhnologi ogé bisa aya dina sagala widang.  Aya téhnologi per-
tanian, téhnologi perikanan, téhnologi pendidikan, téhnologi komuni-
kasi jsb.