Istilah Organisasi




Organisasi téh nyaéta:  1. pakumpulan, paguyuban; 2. susunan
jeung aturan rupa-rupa bagian (badan atawa pakumpulan) nepi ka sagala
rupana bisa jalan lancar.
A.
Papasingan Organisasi

1.
Organisasi sosial masarakat (ormas) nyaéta organisasi anu bage-


rak di bidang sosial jeung masarakat, di antarana:


-
Organisasi pamuda:  KNPI, AMPI, AMS.


-
Organisasi wanita:  Dharma Wanita, Persit Kartika Chandra,



Diah Pitaloka, jsb.


-
Organisasi kaagamaan:  NU, Muhammadiyah, MDI, jsb.


-
Organisasi olahraga:  PSSI, KONI, Podsi, jsb.

2.
Organisasi sosial politik (orsospol) nyaéta organisasi anu bagerak


dina widang sosial politik, upamana: PPP, Golkar jeung PDIP.




B.
Kekecapan

Kekecapan nu mindeng kapanggih dina organisasi, di antarana:

-
akte notaris, surat panyaksén ti notaris, upamana baé anu nétéla-


keun ngadegna éta organisasi.

-
anggaran dasar (AD), kumpulan palanggeran hiji paguyuban.

-
anggaran rumah tangga (ART), wincikan jeung tambahan


anggaran dasar.

-
anggota, 1. jelema anu asup kana hiji paguyuban; 2. organisasi


anu asup kana organisasi gabungan.

-
asosiasi, organisasi anu dibentuk mangrupa gabungan organisasi


sajenis, jsb.

-
bendahara, pangurus anu ngokolakeun urusan dana (duit jsb).

-
déwan, lembaga réngréngan jalma-jalma pinilih nu dipapancénan


musawarah pikeun mutuskeun rupa-rupa hal anu penting.

-
féderasi, sarikat, beungkeutan, partéy.

-
girang serat (sékertaris), pangurus anu ngurus sagala rupa surat-


sinurat.

-
hak, 1. perkaran anu bisa diperedih ku anggota pakumpulan jsb.;


2. wewenang, upamana hak pangurus.

-
kantor, tempat migawé administrasi, puseur kagiatan, jsb.

-
kawajiban, anu kudu dilampahkeun ku anggota, pangurus, jsb.

-
komisaris, 1. anggota pangurus pakumpulan anu sawaktu-waktu di-


béré papancén husus; 2. wawakil pangurus perkumpulan di salah


sahiji daérah, upamana baé:  Komisaris Daérah (Komda) PSSI


Jabar.

-
komisi, badan anu dibentuk ku sawatara jalma (ahli) anu dipapan-


cénan nguruskeun atawa nalungtik sarupaning perkara.

-
komite, panitia, sawatara jelema anu dipapancénan ngalaksana-


keun putusan pamaréntah, putusan rapat organisasi, jsb.

-
lembaga, badan atawa perkumpulan (organisasi) anu maksudna


nalungtik salah sahiji widang pangaweruh atawa kabudayaan ka-


tut usaha mekarkeunana.

-
pangaping, anu ngajaga, nalingakeun, sangkan organisasi jalan sa-


kumaha mistina (basa Indonésia: pembimbing).

-
pangurus, anu ngurus jeung ngokolakeun organisasi.

-
papayung (pelindung), anu nangtayungan organisasi.

-
partéy, pihak atawa golongan jalma-jalma anu sapaham, sahaluan


dina urusan tatanagara, organisasi pulitik.

-
pupuhu (ketua), pangurus anu nyekel kawijakan enggoning ngaja-


lankeun organisasi.

-
rapat anggota, rapat anu diiluan ku sakumna anggota, kaasup pa-


ngurus.

-
rapat anggota taunan (RAT), rapat anggota anu dilaksanakeun sata-


un sakali (unggal taun).

-
rapat pangurus, rapat anu ngan diiluan ku pangurus wungkul.

-
séksi, pangurus anu kapapancénan ngokolakeun salah sahiji wi-


dang garapan organisasi.

-
sékertariat, tempat atawa alamat éta organisasi.

-
staf pangurus, réngréngan pangurus.

-
wakil, anu nyuluran jeung anu ngabantu-bantu, upamana baé


wakil pupuhu, nu nyuluran jeung ngabantu-bantu pupuhu.

-
yayasan, badan atawa organisasi anu disahkeun ku notaris, pikeun


ngalaksanakeun tujuan sosial, saperti ngadegkeun sakola, rumah


sakit jsté.; aya pangurus tapi teu boga anggota.