Ngaran (Cabang) Olahraga




Olahraga téh nyaéta gerak badan, sepor, rupa-rupa kaulinan jeung
latihan pikeun kaséhatan badan jeung katangginasan.  Nu kaasup istilah
olahraga, di antarana:


A.
Ngaran (Cabang) Olahraga



1.
Anggar




Olahraga anggar nyaéta olahraga anu ngagunakeun anggar




(pedang buleud), petana saperti nu sérmen.



2.
Angkat besi




Olahraga angkat besi nyaéta olahraga anu ngagunakeun ta-




naga pikeun ngangkat barbel.  Angkat berat asup ka dieu




ogé.



3.
Atletik




Atletik nyaéta cabang olahraga nu lari, lompat, loncat, lém-




par jeung tolak.  Nu kaasup atletik, di antarana:




-
lari:  100 m, 200 m, 400 m, 5.000 m, 10.000 m, marathon,





lari gawang, lari halang rintang.




-
lompat:  lompat jauh, lompat jangkit.




-
loncat:  loncat tinggi, loncat galah.




-
tolak peluru.




-
lémpar:  lémpar lembing, lémpar cakram, lémpar martil.



4.
Bal Gedé




Olahraga bal gedé (bola besar) nyaéta olahraga anu ngagu-




nakeun bal gedé, di antarana: maénbal, baskét, poli, bola




tangan.



5.
Bal Leutik




Olahraga bal leutik (bola kecil) nyaéta olahraga anu nga-




gunakeun bal leutik, saperti:  ténis, sofbol, bisbol, badmin-




ton, pingpong, hoki, jsb.



6.
Balap Sapédah




Olahraga balap sapédah nyaéta olahraga anu ngaguna-




keun sapédah.



7.
Béla Diri




Olahraga béla diri nyaéta olahraga anu mintonkeun gerak-




gerak béla diri, upamana: silat, karaté, taék won do, yudo




gulat, tinju, jsb.



8.
Dayung




Olahraga dayung nyaéta olahraga anu ngagunakeun da-




yung, upamana:  kano, jsb.



9.
Menémbak




Olahraga menémbak nyaéta olahraga anu ngagunakeun




senjata, upamana:  air pistol, riffle, jsb.



10.
Olahraga Bahari




Olahraga bahari nyaéta olahraga anu dilakukeun di laut,




saperti:  surfing, perahu layar, jsb.



11.
Olahraga Otomotif




Olahraga otomotif nyaéta olahraga nu ngagunakeun kenda-




raan motor, saperti:  balap mobil, balap motor, rally, jsb.



12.
Olahraga Tradisional




Olahraga tradisional nyaéta olahraga anu mangrupa olah




raga sampakan, tur nyebar di masarakat.  Umumna mang-




rupa kaulinan atawa seni béla diri, saperti galah, bébén-




téngan, jeung bénjang.



13.
Panahan




Olahraga panahan nyaéta olahraga anu maké panah, di an-




tarana:  ronde FITA jeung ronde tradisional.



14.
Renang




Renang nyaéta olahraga anu dilakukeun di cai (ngojay,




jsb.), di antarana;




-
gaya:  gaya dada, gaya punggung, gaya bébas, gaya katak.




-
loncat indah, renang indah.




-
polo air.



15.
Senam




Senam nyaéta olahraga gerak badan, di antarana:




-
senam lantai, senam ritmik.




-
senam alat:  gelang-gelang, kuda-kuda lompat, palang





bertingkat, kuda-kuda, palang sejajar, jsb.




-
senam pagi, aérobik, jsb.








B.
Kekecapan Jeung Istilah



1.
Istilah dina maénbal




-
aut (out), bal kaluar pakalangan lebah gurat sisi.




-
balik bandung, nyépak bal bari malik, bal ngaliwatan si-





rah sorangan.




-
barung, bareng nyépak bal jeung lawan.




-
bék (back), pamaén tukang.




-
békpas (back pass), ngoperkeun bal ka kiper ngagunakeun





bagian awak ti pingping ka handap.




-
beulah jambé, bal keuna kana ciri gul tihang, batu, jsb.




-
bomber, pamaén anu bisa diandelkeun dina nyitak gul.




-
dienol, éléh (kaasupan) loba bari teu bisa ngasupkeun.




-
dua belas pas atawa pinalti (finally-kick), sépakan lebah





titik bodas di tengah-tengah kotak pinalti, lantaran pe-





langgaran nu dianggap beurat.  Baréto sok diukur ku





léngkah (12 léngkah) ti gul.




-
galandang, pamaén lapangan tengah.




-
gédég (séri), hasil pertandingan euweuh nu éléh euweuh





nu meunang.




-
gelekan, maénbal nu teu maké lépri.




-
gul (goal), 1. bal asup ka gul; 2. gawang nu dijaga ku ki-





per.




-
héden (heading), bal disundul.




-
hén (handsball), pelanggaran lantaran bal kana leungeun.





kiper narima operan békpas ku leungeun.




-
kiper (goal-keeper), purah ngajaga gul.




-
kornal (comer-kick), sépakan ti juru lantaran bal keuna





ka musuh méméh ngaliwatan garis lempengan gul.




-
libéro, pamaén tukang anu gerakna laluasa, malah saka-





peung milu nyerang nepi ka daérah pinalti lawan.




-
ngajaga bawang, cicing hareupeun kiper batur, sangkan





gampang ngasupkeun (dina gelekan).




-
opsét (off-side), pelanggaran lantaran aya di satukang-





eun lawan waktu dioperanna.




-
prikik (free-kick), sépakan bébas, sépakan lantaran





pelanggaran di luar kotak pinalti.  Jeung mun kiper nari-





békpas ku leungeun (ditéwak).




-
sénterpur atawa striker, pamaén hareup nu pancénna





ngasupkeun bal ka gul lawan.




-
topskor (top-scorer), pamaén anu panglobana ngasup-





keun dina kompetisi, kajuaraan, jsb.




-
wing bék (wing back), bek sayap, pamaén tukang (kénca-





katuhu) nu sok milu nyerang.









2.
Istilah Dina Tinju




Istilah dina tinju, di antarana:




-
asbuk, bungkus leungeun tina kulit paranti tinju (sarung





tinju).




-
double cover, nahan teunggeulan lawan ku cara ngara-





petkeun dua leungeun kana beungeut jeung awak.




-
clinch, petinju rapet teuing, silih rangkul, nepi ka kudu di-





pisah ku wasit.




-
hok (hook), nonjok semu dikaél.




-
jeb (jab), nonjok semu dikenyedkeun.




-
KO (knock-out), salah saurang petinju ngajurahroh.




-
meunang angka (MA), meunang lantaran ceuk itungan juri





leuwih unggul angkana ti lawan.




-
ring, pakalangan tempat nu tinju.




-
ronde, babak, bagian.




-
RSC (referee  stop  contess),  wasit  ngeureunkeun





pertandingan, lantaran salah saurang petinju ngajurah-





roh atawa geus teu sanggup neruskeun pertandingan.





Mangrupa istilah di tinju amatir.




-
strike, nonjok lempeng.




-
sudut, juru ring, aya sudut mérah jeung sudut biru, tem-





pat istirahat petinju waktu istirahat.  Ari sudut nétral, su-





dut anu teu dipaké istirahat petinju.




-
TKO  (technical  knock-out),  wasit  ngeureunkeun pertan-





dingan lantaran salasaurang petinju nyerah; atawa ka-





témbong ripuh sarta dianggap henteu mampuh neruskeun





pertandingan. Istilah KO jeung TKO aya dina tinju profé-





sional.




-
upper cut, neunggeul ti handap ka luhur.









3.
Istilah Dina Batminton




Istilah dina batminton, di antarana:




-
aut (out), kok kaluar lapang.




-
békhén (backhand), tepakan bari nukang kawas nu diké-





prét.




-
cemés (smash), tepakan tarik tur nutug (nyeceb).




-
cop, tepakan laun hareupeun nét.




-
jus (deuce), angka sarua 19 atawa 20, nepi ka angkana





ditambahan sangkan bisa gim (jus dua, jsb.).




-
kok (shuttle cock), bal batminton, tina kayu gabus maké





bulu soang, jsb.




-
lob, tepakan nu diapungkeun luhur.




-
longsét (rubber set) maén tilu sét lantaran dua sét





saméméhna silih éléhkeun.




-
nét, sarupa jaring nu dipaké pikeun hahalang sekaligus





ngabagi daérah pamaén.




-
nétting, laun hareupeun nét, tepakan ipis luhureun nét.




-
pindah bola, pindah sérpen ka lawan.




-
rakét (racket), panepak batminton, gagangan, buleud ma-





ké kenur.




-
sérpen (serve), tepakan munggaran unggal angka.









4.
Istilah Séjénna




-
lépri (referee), wasit, anu ngatur jalanna pertandingan di





lapang mawa surilit.




-
kaptén, pamaén anu jadi pamanggul di tengah lapangan





dina olahraga beregu; kapten tak bermain, nyaéta kapten





nu teu milu maén, ayana dina ténis.




-
pangebut (hakim garis), nu ngabantuan wasit dina maén-





na, cicingna di sisi lapang (kénca-katuhu), mawa pange-





but bandéra leutik.




-
panjaga garis, nu ngabantuan wasit dina batminton jeung





ténis, pancénna nuduhkeun bal/kok upama asup atawa





kaluar.




-
time-out, ménta waktu eureun sakeudeung ka wasit wak-





tu pertandingan lumangsung, pikeun ngabebenah tim,





jsb.




-
WO (walk-out), ngundurkeun diri tina pertandingan.