| Kasenian nyaéta kabinangkitan anu ngahasilkeun barang nu éndah- | |||
| éndah. Aya seni sora, seni karawitan, seni sastra, seni téater, seni rupa | |||
| jsb. | |||
| A. | Rupa-rupa Kasenian Sunda | ||
| Nurutkeun para ahli mah kasenian Sunda téh aya 400 rupa leuwih, | |||
| di antarana: | |||
| 1. | Seni helaran: sisingaan, kuda rénggong, surak ibra, tungbrung, | ||
| jsb. | |||
| 2. | Seni karawitan: kacapi suling, degung, angklung, tutunggulan, | ||
| patingtung, rampak bedug, rampak kendang jsb. | |||
| 3. | Seni sora: tembang Sunda, kawih, anggana sekar, rampak sekar, | ||
| beluk jsb. | |||
| 4. | Seni tari: tari topéng, tari merak, tari kukupu, jaipongan, tari su- | ||
| lintang jsb. | |||
| 5. | Seni téater: longsér, banjét, topéng bekasi, ubrug jsb. | ||
| 6. | Seni téater padalangan: wayang golék, wayang patéhi jsb. | ||
| B. | Waditra | ||
| Waditra téh nyaéta alat kasenian Sunda. Jumlahna kawilang loba. | |||
| Dumasar kana bahan jeung cara nabeuhna, bisa dipasing-pasing, jadi: | |||
| 1. | Awi ditakol: calung, calung rénténg, kohkol (awi) | ||
| 2. | Awi ditiup: suling | ||
| 3. | Awi dioyag-oyag: angklung, rengkong. | ||
| 4. | Kai ditakol: gambang, lisung, kohkol (kai) | ||
| 5. | Kawat dipetik: siter, kacapi indung, kacapi rincik. | ||
| 6. | Kulit ditakol: bedug, patingtung. | ||
| 7. | Kulit ditepak: kendang, genjring, terebang, dogdog jsb. | ||
| 8. | Parunggu/beusi ditakol: goong, saron, peking, panerus, selen- | ||
| tem, ketuk jsb. | |||
| 9. | Senar dikését: rebab, piul. | ||
| C. | Kekecapan jeung lstilah Husus | ||
| Unggal kasenian mibanda istilah husus, di antarana: | |||
| 1. | Beluk: tukang ilo, silir, rubuh jsb. | ||
| 2. | Penca: suliwa, kelid, tepak dua, tepak tilu, padungdung jsb. | ||
| 3. | Réog: tilingtit, bangbrang, pangréwong jsb. | ||
| 4. | Tari: ukel, gedig, mincid, sampur jsb. | ||
| 5. | Téater: olah tubuh, géstur, adegan, babak, sripanggung jsb. | ||
| 6. | Tembang: pedotan, eur-eur, randegan jsb. | ||
| 7. | Wayang golék: sampala, gugunungan, kakawén, nyandra, jantur, | ||
| perang kembang jsb. | |||
| D. | Istilah Séjén | ||
| 1. | Dalang, 1. purah ngalalakonkeun carita wayang; 2. pamingpin | ||
| rombongan réog, calung jsb. | |||
| 2. | Juru alok, purah ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan. | ||
| 3. | Juru kawih, sindén, nu ngawihan dina wayang golék jsb. | ||
| 4. | Laras, surupan gamelan, saperti saléndro, pélog, madenda jsb. | ||
| 5. | Lurahsekar, pamingpin rombongan kasenian anu dikawihan ku | ||
| sindén, saperti kiliningan jeung celempungan. | |||
| 6. | Nayaga, tukang nabeuh gamelan. | ||
| 7. | Panjak, lulugu ketuk tilu. | ||
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!