Istilah Kadaharan Jeung Inuman


A.
Deungeun Sangu





Deungeun sangu téh nyaéta kadaharan atawa kaolahan nu sok didahar
bareng jeung sangu.  Deungeun sangu bisa dipasing-pasing dumasar kana bahanna:





-
Anu bahanna tina tutuwuhan:  Angeun aseum, angeun poloy,



angeun kacang, tahu, témpé, kécap, semur jéngkol, ulukutek leun-



ca, tauco, emih, bihun, jsb.


-
Anu asalna tina daging:  Abon, bakakak, bistik, dééng, empal, kéré,



gepuk, soto, gulé, saté, jsb.


-
Anu asalna tina lauk:  Asin, pindang, pais lauk, pecel lélé, sardén-



cis, cobék lélé, jsb.







B.
Kuéh






Kukuéhan ogé bisa dipasing-pasing dumasar kana bahan pokona, di antara-
na:






-
Hui
:
Obi, biji salak, jsb.


-
Ketan
:
Bugis, dodol, jalabria, wajit, opak, ulén, peuyeum





ketan, gemblong, kuéh pandan, jsb.


-
Sampeu
:
Comro, misro, katimus, putri noong, gegetuk, jsb.


-
Tarigu
:
Donat, kuéh semprit, bolu, dadar gulung, roti, sus,





lapis, jsb.


-
Tipung béas
:
Ali agrem, bibika, cuhcur, nagasari, papais, jo-





jongkong, cara, surabi, angléng, jsb.







C.
Inuman





Istilah inuman dina basa Sunda, di antarana:


-
Bajigur, inuman anu ditaheur, dicipatian jeung digula kawungan,



diseungitan daun pandan.


-
Bandrék, inuman anu dijieun tina gula kawung, pedes hideung



jeung cabé areuy, digodog atawa ditinyuh ku cai ngagolak.


-
Céndol, dijieun tina aci kawung, digéréntél-géréntél, didaharna



maké cipati jeung peueut.


-
Cingcaw, kadaharan siga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh,



didaharna maké sirop.


-
Goyobod, kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager, didaharna



jeung alpuket, sirop, diésan.


-
Lahang, tuak amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa



palem lianna.




-
Sakoteng, kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas



siga siki dalima, ditinyuh ku cigula jeung cipati panas, ditambah-



an ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.


-
Sirop, cai gula kentel dicampuran sari bubuahan, jsté. nu beunang



dililakeun, diinumna ditambahan ku cai és jsb.







D.
Istilah Ngasakan





Istilah nu patali jeung ngasakan kadaharan, di antarana:


-
Mais, ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuy-



keun kana lebu panas atawa diseupan, contona:  pais lauk, pais



hayam, jsb.





-
Manggang, meuleum anu dipanggang, contona:  saté, maranggi,



jsb.





-
Meuleum, ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa di-



deukeutkeun kana seuneu, contona:  ketan, jsb.


-
Mubuy, ngasupkeun (hui, sampeu, jsb.) kana lebu panas.


-
Ngabakar, ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantian (open,



jsb.), contona:  ngabakar kuéh, jsb.


-
Ngabolostron, ngasakan kadaharan ku cara dikusrukkeun kana



seuneu gedé, teu diolah heula.


-
Ngagoréng, ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak susuk,



mantéga, jsb. anu panas, biasana dina katél, contona:  goréng ta-



hu, goréng pisang, jsb.


-
Ngulub, ngasakan kadaharan maké cai sina ngagolak, contona:



kulub suuk, kulub hui, jsb.


-
Nyangray, ngasakan kadaharan dina katél atawa talawéngkar teu



maké minyak, contona: sangray suuk, sangray sangu, jsb.


-
Nyeupan, ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak, contona:



seupan daun sampeu, seupan daun gedang, jsb.







E.
Istilah Nu Patali Jeung Nyangu


Nyangu nyaéta ngasakan béas atawa nyieun sangu.  Istilahna dimimiti-
an ti molah béas nu rék disanguna, di antarana:


-
Napi, meresihan béas maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supa-



ya kapiceun kokotorna (bubuk huut, keusik, gabah) atawa kapi-



ceun beunyeurna.



-
Ngisikan, ngumbah béas nu rék di sangu, biasana dina boboko, cai



urut ngisikanana disebut cibéas.


-
Ngagigihan, nyeupan béas nepi ka satengah asak.  Gigih nyaéta sa-



ngu satengah asak.


-
Ngarih, ngaduk-ngaduk gigih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya



beukah, maké pangarih.


-
Nyeupankeun, ngasupkeun kana aseupan, jsb. nepi ka asak.


-
Timus, sangu geus asak, cirina geus nyerebung saabna.


-
Nakeul, ngurah-ngaréh sangu nu kakara dijait bari diteueul jeung



dihihidan, ambéh pulen, biasana dina dulang atawa boboko.


-
Ngaliwet, ngasakan béas (nyangu) dina kastrol atawa panci hen-



teu diseupankeun.


-
Ngahaneutkeun sangu, nyeupan sangu nu geus tiis.


-
Nimbel, ngalulun sangu nu haneut kénéh ku daun cau, supaya



lila pulenna.




-
Nutup, nyieun sangu nu diakeulna dicampuran kadaharan séjén



(oncom, jsté.) katut sambara supaya leuwih ngeunah atawa pi-



keun sasarap.




-
Ngagoréng sangu, ngasakan sangu ku cara digoréng maké samba-



ra supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.


-
Nyangray sangu, ngagoréng sangu teu maké minyak, supaya ha-



neut.





-
Sangu anyar, sangu anu kakara nyait tina aseupan, jsb.


-
Sangu béar, sangu anu kurang atawa geus euweuh daya léngkétna.


-
Sangu beueuy, sangu nu rada beyé.


-
Sangu heuras, sangu nu kurang cai dina ngagigihanana.


-
Sangu kabuli, sangu liwet maké samin, daging domba, jsté. Kada-



haran modél Arab.


-
Sangu konéng, sangu nu rupana koneég, lantaran diasakanana di-



campur konéng, boh diseupan boh digoréng.


-
Sangu poé, sangu sésa kamari.


-
Sangu pulen, sangu ngeunah, henteu béar jeung henteu beyé.


-
Congcot, sangu nu teu diakeul, ditamplokkeun tina seupan, jadi



nyungcung persis saperti aseupan.


-
Buceng, puncak congcot.







F.
Kadaharan Ciri Daérah



Unggal daérah di Jawa Barat mibanda kadaharan anu mangnupa ciri husus-
na, saperti:





-
Bandung
:
1.
Peuyeum, kadaharan tina sampeu, nu jadi






amis lantaran diragian, sarta tuluy dibunian






2-3 poé.





2.
Oncom, bahan dahareun tina bungkil anu si-






na bulukan heula.


-
Bendul
:
Peuyeum gantung, peuyeum gelempengan anu di-





gantung.


-
Cianjur
:
Tauco, kadaharan tina kacang kadelé nu diasin





heula.


-
Garut
:
Dodol, nyaéta kadaharan anu dijieun tina ketan





dicampuran gula, cipati, jsb. tuluy digodogkeun





nepi ka liket, diteukteukan pasagi leutik.


-
Majalengka
:
Kécap, panyari kaolahan, dijieunna tina cai ka-





cang kadelé diuyahan, digulaan, jsté.


-
Purwakarta
:
Simping, kuéh nu dijieunna tina aci, rupana bu-





leud ipis.


-
Sumedang
:
Tahu, kadaharan tina aci kacang kadelé.


-
Sukabumi
:
Moci, kuéh baruleud, sari geunyal.