Istilah Paélmuan


A.
Cabang-cabang Élmu

Ngaran-ngaran atawa cabang-cabang paélmuan, di antarana:

-
Antropologi, élmu pangaweruh ngeunaan manusia, ahlina disebut an-


tropolog.

-
Arkéologi, élmu pangaweruh ngeunaan purbakala, ahlina disebut ar-


kéolog.

-
Astrologi, élmu palintangan, ahlina disebut astrolog.

-
Astronomi, élmu béntang-béntang, ahlina disebut astronom.

-
Biologi, élmu hayat, ahlina disebut biolog.

-
Ékologi, élmu kaayaan jeung pangaruh lingkungan kana kahirupan ru-


pa-rupa mahluk, ahlina disebut pakar lingkungan hirup.

-
Ékonomi, élmu perkara ngatur karaharjaan rumahtangga, nagara, jsb.


ahlina disebut ékonom.

-
Élmu palak, élmu palintangan.

-
Élmu sajarah, élmu ngeunaan sajarah, ahlina disebut ahli sajarah.

-
Étimologi, élmu anal-usul kecap.

-
Fonologi, élmu ngeunaan sora basa.

-
Géografi, élmu bumi, ahlina disebut ahli élmu bumi.

-
Géologi, élmu nu nalungtik bumi, ahlina disebut géolog.

-
Géometri, élmu ukur.

-
Kriminologi, élmu masalah kajahatan; ahlina disebut kriminolog.

-
Linguistik, élmu ngeunaan basa (tatabasa), ahlina disebut ahli basa.

-
Matematika, élmu pasti, ahlina disebut ahli matematik.

-
Morfologi, élmu ngeunaan wangun kecap.

-
Nahu, élmu tatabasa Arab.

-
Pédagogi, élmu pendidikan, ahlina disebut ahli pendidikan.

-
Psikiatri, élmu panyakit jiwa, ahlina disebut psikiater.

-
Psikologi, élmu jiwa, ahlina disebut psikolog.

-
Sémantik, élmu ngeunaan harti basa.

-
Sintaksis, élmu ngeunaan kalimah.

-
Sosiologi, élmu sosial, ahlina disebut sosiolog.

-
Téknologi, élmu téhnik.



B.
Kekecapan

Kekecapan anu patali jeung élmu pangaweruh, di antarana;

-
Abad informasi, abad atawa jaman anu nganggap informasi téh kaci-


da pentingna, nepikeun ka aya babasan: "Sing saha anu ngawasa in-


formasi, éta nu baris unggul".

-
Atikan, pendidikan, hal anu patali jeung ngaping, ngajaring, nya jas-


maniah nya rohaniah.

-
Buku pangajaran, buku anu eusina pangajaran.

-
Buku sumber, buku babon, buku anu jadi sumber tulisan, laporan pa-


nalungtikan, jsb.

-
Diajar, néangan pangarti, nyuprih élmu pangaweruh, pangabisa.

-
Élmu, pangaweruh, kanyaho, pangabisa tina rupa-rupa hal, boh nu


ngeunaan alam lahir atawa alam batin.

-
Guru, nu ngawuruk atawa ngajar.

-
Ilmiah, mibanda sipat-sipat paélmuan atawa dumasar kana paélmu-


an.

-
Ilmuwan, kecap umum pikeun ahli élmu pangaweruh

-
Informasi, béja atawa katerangan.

-
Murid, jalma anu keur guguru atawa nu keur diajar di sakola, jsté.

-
Ngapalkeun, diajar atawa maca, diskusi, ngalatih, jsb. Supaya apal.

-
Obyéktif, dumasar kana kanyataan.

-
Panalungtikan, néangan katerangan ngeunaan hiji perkara pikeun nga-


nyahokeun kaayaanana, kamekaranana, sipat-sipatna, jumlahna, jsb.

-
Pangajaran, sagala rupa anu diajarkeun.

-
Pangaweruh atawa kaweruh, kanyaho, élmu.

-
Pendidikan saumur hirup, pendidikan anu lumangsung terus sapan-


jang boga umur.

-
Perpustakaan, tempat buku-buku, maca, nginjeum buku, jsb.

-
Piwulang, pangajaran atawa naséhat.

-
Pustaka, bacaan buku-buku, pabukon.

-
Pustakamangsa, kalawarta, majalah.

-
Sakola, tempat murid diajar atawa meunang pangajaran jeung atikan.

-
Wajib belajar, program pamaréntah anu ngawajibkeun rahayatna


ngambeu pendidikan formal atawa informal.

-
Wangenan, définisi, omongan nu ngawatesan harti kecap nu saécés-


écésna, sangkan henteu nimbulkeun salah paham.



C.
Babasan Jeung Paribasa Nu Patali Jeung Élmu

Dina basa Sunda aya babasan jeung paribasa (pakeman basa) anu aya

patalina jeung élmu, di antarana:

-
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok, sakumaha héséna ogé pa-


ngajaran, upama dileukeunan bari junun mah bakal bisa.

-
Élmu ajug, tumerap ka jelema anu bisa mapatahan kahadéan ka batur,


 tapi manéhna sorangan teu ngajalankeun papatahna.

-
Élmu angklung, jolédar ka kolot.

-
Élmu mah moal beurat nananggung, sakumaha luhurna ogé élmu, mo-


al beurat mamawa, béda jeung harta banda upamana.

-
Élmu sapi, guyub dina hal nu kurang hadé.

-
Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna, hirup kudu nungtut


nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah.

-
Éuweuh élmu panungtungan, élmu mah moal aya béakna sanajan ne-


pi ka ajalna ogé, atawa sok aya baé nu leuwih loba élmuna.

-
Kudu bodo aléwoh, ulah bodo katotoloyoh, najan bodo tapi kudu daék


tatanya, ulah keur mah bodo tara daék tatanya jeung tara daék nurut


kana papatah batur.