Istilah Kaulinan Jeung Kalangenan


1.
Istilah dina sondah, di antarana:

-
bintang, tanda hiji kalang anu geus beunang ku hiji pamaén.

-
bulan, tempat (biasana kotak di tengah) anu meunang cabrek, sarta


manéhna bisa cabrek di dinya.  Ari ku nu séjén kudu diluncatan

-
cabrak, henteu éngklé.

-
kojo, biasana mangrupa talawéngkar, anu dipaké ngalung kana ko-


tak ku pamaén.

-
midua, upama kojona masing-masing dua.

-
ombér, kalang tambahan di luar kalang nu geus aya, pikeun nga-


bantuan pamaén ngajleng ka nu jauh, upama nu deukeut geus di-


bintangan ku batur.



2.
Istilah dina ngadu kaléci, di antarana:

-
blép, antep (angger) di dinya upama kokojo kacandet ku jelema.

-
céntang, nojo kaléci séjén kalawan tarik.

-
dur, supaya dijauhkeun upama kokojo beunang (kacandet) ku jele-


ma.

-
dut, paéh lantaran teu kaluar tina kalang, pot (depot).

-
épék, ngépék, ngeunakeun kana sisina, sangkan ngadeukeutan anu


séjén.

-
golotok, nojo kaléci séjén lalaunan.

-
kalang, kalang buleud atawa pasagi nu dipaké pasang.

-
kokojo, kaléci anu dipaké nojo.

-
olés, ngan ukur keuna, henteu kaluar tina kalang.

-
parét, diparét, ditojo disakalikeun, nepi ka nu beunangna leuwih ti


hiji.

-
sedét, nyedét, kojo anu teu nambleg.

-
sigit, can kaluar tina kalang nu diukur ku jempol.

-
stan, nojo kaléci bari nangtung.

-
stik, keuna ku dijeungkal, jadi teu kudu ditojo deui.

-
tambleg, kokojo anu cicing dina urut nu ditojona.



3.
Istilah dina maén langlayangan (mangrupa kaulinan budak jeung

kolot), di antarana:

-
beurat sabeulah, nyéréng waé ka sabeulah (ka kénca atawa ka ka-


tuhu), sakapeung mah nepi ka siga nu golang.

-
cacap, béak benang dina golongan.

-
dijeblag, mimiti dibetot, terus diulur, nepi ka langlayangan téh nga-


jeblag kawas nu éléh.

-
dikubet, dibetot (dina ngadu).

-
disasar, disabet tina benang nu lain gelasan.

-
diulur, dibéréan.

-
gédég, langlayangan anu kérétég, teu anteng.

-
gelasan, benang anu diajangkeun keur diadukeun (meunang ngage-


las).

-
godos, pisah deui sanggeus mokbrok.

-
golang, langlayangan (ngahaja) sina muter.

-
kapakan, ngaléngléong sorangan teu karana éléh diadu.

-
manteng, maén langlayangan, boh ngadu boh henteu, bari teu nga-


robah posisi langlayangan.

-
mayung, langlayangan nanjung kawas payung.

-
mokbrok, diadu lila (dina maén ulur).

-
ngabandang, meunang langlayangan éléh atawa kapakan ku langla-


yangan deui anu ngapung.

-
ngarebol, ngabetot benang batur nu langlayanganana geus éléh


atawa kapakan.

-
ngarucu, moro langlayangan.

-
nutug, langlayangan nyirorot hulu tiheula.

-
nyéréng, malik ka kénca atawa ka katuhu.

-
rarancang, rangkay langlayangan tina awi, jsb.

-
tali timba, tali anu dipasang dina langlayangan anu nyambung ka-


na benang.

-
wangkong, gambar dina langlayangan.



4.
Istilah kaulinan séjénna, di antarana:

-
asin, istilah dina galah anu hartina 'meunang'.

-
bit, kecap anteuran upama nyieun kasalahan supaya teu meunang


hukuman.

-
cak, kecap anteuran sangkan anu nyieun kasalahan meunang huku-


man.

-
hompimpah, cara nangtukeun ucing, jsb. méméh prung maén.  Ca-


rana ku namprakkeun jeung nangkubkeun dampal leungeun.

-
hong, istilah dina ucing-ucingan dina ngabeunangkeun nu nyum-


put.

-
ngokok, nu jadi ucing teu daék jauh ti tempatna, teu daék ngider né-


angan nu nyumput.

-
suten, pikeun nangtukeun ucing atawa balad.  Nu éléh jadi ucing


atawa nu meunang balad A., nu éléh balad B.  Carana ngasongkeun


cinggir, curuk, jeung jempol.  Cinggir (perlambang sireum) éléh ku


curuk (perlambang jelema), curuk éléh ku jempol (perlambang ga-


jah), jempol éléh ku cinggir.  Ceuk sakaol, perlambang yén mahluk


mah euweuh nu jago.

-
talawéngkar, sesemplékan barang gagarabah (buyung, kenténg


jsté.).