Rupa-rupa Kaulinan Barudak 1


1.
Ambil-ambilan


Kaulinan barudak bari kakawihan, biasana di buruan lantaran

mikabutuh jelema loba.  Dua urang pahareup-hareup, tuluy leungeun-

na masing-masing pacekel-cekel bari rada dikaluhurkeun.  Barudak nu

séjénna ngantay bari silih cekel taktak (nu di tukang nyekel taktak nu

di hareupeunana, jst.).  Barudak nu ngantay téa arasup ka sela-sela nu

duaan nu leungeunna geus pacekel-cekel.  Kituna teh bari kakawihan:





Ambil-ambilan turugtug hayam samantu


saha nu diambil


kami mah budak pahatu


purah nutu purah ngéjo


purah ngasakan baligo


purah tunggu balé gedé


nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé


aya ubarna urat gunting sampuragé


tiguling nyocolan dagé.





Barang nu pandeuri geus aya di hareupeun nu duaan, terus di-

kurungan (ku leungeun nu dikaluhurkeun téa) bari terus ditanya "rék

milih mana? Bulan atawa béntang?" ceuk nu duaan.  Lamun némbal mi-

lih bulan kudu terus ngaléos ka katuhu, lamun milih béntang ka beulah

kénca.  Lamun nu ngantay geus kabéh marilih, gundukan kénca jeung

gundukan katuhu téh terus silih cekel, silih betot.   Nu éléh nyaéta nu

kabetot sarta sok terus dibawa lumpat.  Di sawatara tempat, kaulinan

modél kieu sok disebut ogé "Bulan Béntang".



2.
Anjang-anjangan


Kaulinan anu biasana dilakukeun ku barudak awéwé.  Mangru-

pa kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga.  Aya indung,

anak, tatangga, warung, jsb.



3.
Bébénténgan


Kaulinan barudak di buruan, dilakukeun ku lobaan.  Petana si-

lih beunangkeun (ditoél) bari mertahankeun bénténg, anu ngan ukur di-

cirian ku batu, talawéngkar, jsb.



4.
Béklen


Kaulinan budak awéwé di jero imah, téras, jsb.  Maké bal bék-

len jeung kewuk.



5.
Cacaburangé


Kaulinan barudak awéwé-lalaki di jero imah bari kakawihan.

Ucingna kudu neguh barang anu dikeupeul ku nu séjén.  Anu kateguh

jadi ucing.



6.
Cingciripit


Kaulinan cingciripit atawa sok aya nu nyebut dingding kiripik

mangrupa kaulinan anu basajan.  Ngan merelukeun batur tiluan atawa

opatan.  Carana, nu saurang namprakkeun leungeun, ari nu séjénna

ngasupkeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakkeun téa.  Anu

namprakkeun leungeun nu purah ngawih:





Cingciripit (dingding kiripik)


tulang bajing kacapit


kacapit ku bulu paré


bulu paré seuseukeutna


jol Pa Dalang


mawa wayang, jék jék nong





Waktu nyebutkeun "jék-jék nong" dampal leungeunna dikeu-

peulkeun, pikeun nyapit curuk téa.



7.
Congkak


Kaulinan congkak, anu digunakeun nyaéta pakakas nu disebut

Congkak (dijieun tina kai, panjangna leuwih kurang 40 cm, lebarna

leuwing kurang 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji).  Unggal

logak dieusian ku kewuk, siki salak, jsb. lobana tujuh siki.  Cara maén-

na piligenti, tepi ka siki congkak téh béak (arasup kana logak indung).



8.
Damdaman


Kaulinan nu dilakukeun ku duaan.  Maké kalang jeung silih ha-

kan 'buah dam', anu biasana dibédakeun ku talawéngkar jeung batu.

Anu éléh nyaéta anu buah damna béak.



9.
Éncrak


Éncrak kaulinan husus barudak awéwé.  Parabot anu diguna-

keunana bal leutik jeung kewuk atawa tutup limun sababaraha siki.

Aya ogé nu maké siki asem atawa siki tanjung.  Carana, kewuk diawur-

keun ka luhur bari ngalungkeun bal.  Kewuk nu acak-acakan teh kudu

dicokotan hiji-hiji.  Nyokotna henteu sagawayah, tapi kudu bari nga-

lungkeun deui bal.  Waktu bal di luhur, kewuk kudu geus kacokot.  Lian

ti éta, dina hiji bagian, kewuk kudu diawurkeun sina pindah kana tong-

gong dampal leungeun, dikaluhurkeun saeutik, terus dicakep.  Kaulin-

an éncrak biasana merlukeun batur, duaan atawa tiluan.



10.
Éngklé


Éngkle nyaéta kaulinan nu ngagunakeun batu.  Biasana baladan

(duaan atawa tiluan séwang).  Carana, mimiti nyieun heula tanda dina

taneuh (maké rokrak, cangkang kerang, atawa tutup limun).  Lian ti nyi-

eun tanda, ogé deuih kudu nyieun gurat sababaraha méter jauhna tina

tanda.  Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu.  Ari

batu dialungkeunana téh padeukeut-deukeut kana tanda.  Sabaraha

urang nu pangdeukeutna kana tanda, sabaraha urang anu jauh.  Anu

deukeut jadi balad, tur pangheulana maén.  Cara maénna nyaéta batu

disimpen dina tonggong dampal suku, dijungjung saeutik ka luhur, te-

rus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun ("ditembak-

keun") kana batu musuh nu ditangtungkeun.



11.
Empét-empétan


Kaulinan husus budak lalaki di sawah mangsa dibuat (panén),

mangrupa tarompét tina jarami, aya nu tungtungna disambung ku da-

un kalapa, aya ogé nu henteu.  Jarami téh dipotong diarah saruas.

Deukeut bukuna disopak saeutik minangka angkup (nu engkéna bisa di-

sada).  Bagian séjénna diliangan kawas suling.  Saméméh ditiup, sang-

kan disadana alus, sok dirorojok heula maké tungtung jarami nu leutik

bari dikawihan:





Ojok-ojok ami-ami


dirojok ku jarami


ojok-ojok uat-uat


ngarojok nu dibuat


ojok-ojok aung-aung


ngarojok nu disaung



12.
Galah



Kaulinan barudak di buruan jeung merlukeun batur nu loba, pa-

ling saeutik dalapan urang (dua regueun).  Saméméh prung maén, sa-

lah saurang nyieun gurat pasagi opat anu lega.  Gurat pasagi opat téh

tengahna digurat deui nepi ka ngajanggélék opat kotak.  Cara maénna,

regu nu hiji jaga di unggal gurat (kalang), sedeng regu nu hiji deui ma-

én, nyaéta kumpul dihiji kotak, terus lumpat ka kotak séjén bari teu ka-

toél, teu katepak, atawa teu katangkep ku regu nu jaga.  Lamun salah

saurang katepak, maénna teu bisa terus sarta kudu dipasrahkeun ka

regu nu jaga, jst.  Lamun teu katepak ku nu jaga sarta bisa asup ka ko-

tak séjénna sarta bisa balik deui ka kotak asal (pangbalikan) disebut-

na "asin", hartina meunang hiji (hiji-enol) ti regu lawan, jst.



13.
Galah Bandung


Béda jeung galah biasa, galah bandung teu merlukeun tempat

anu lega. Kitu deui prak-prakan maénna oge éstu béda.  Nu maénna cu-

kup tiluan (biasana budak awéwé). Lamun Si A maén, Si B jeung Si C

ngajaga. Cara ngajagana, nyaéta: Si B jeung Si C diuk pahareup-hareup

bari ngalonjorkeun suku duanana.  Diukna rada ngadayagdag ka tu-

kang ditunjel ku dua leungeun.  Suku anu dilonjorkeun téa, dampalna

dipatumpangkeun ka luhur.  Ari Si A nu maénna, ngaluncatan dampal

nu patumpang téa.  Lamun ngajlengna lancar, diteruskeun kana babak

kadua.  Dina babak kadua suku nu ngajaga rada ngajégang ka luhur

(jadi Ieuwih hésé diluncatanana).  Lamun dina babak kahiji Si A teu

lancar ngaluncatna, upamana nyanggut kana suku nu ngajaga, lasut

disebutna, sarta Si B nu kudu maén.  Dina babak katilu, nu maén kudu

cingogo di luareun kalang, geus kitu sabisa-bisa kudu bisa ngagolér di

jero kalang.  Awak teu kaci antel atawa ngagaris kana suku nu ngajaga.



14.
Gatrik


Kaulinan barudak lalaki di buruan. Maké awi bébékan kira-kira

sajeungkal anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan di teunggeul ku

paneunggeul awi.  Cara maénna, awi nu sajeungkal téa dipasangkeun

kana logak.  Geus kitu tuluy diteunggeul ambéh ngacleng sok diteung-

geul deui sina ka jauh.  Lamun geus murag ka hiji tempat, kai nu sa-

jeungkal téh dipaké ngukur (dijeungkal-jeungkalkeun kana taneuh) tepi

kana logak téa.  Jadi ukuran meunang jeung éléh ditangtukeun ku jum-

lah jeungkalan.



15.
Gugunungan


Kaulinan barudak lalaki di buruan, paluhur-luhur (pagedé-

gedé) nyieun gugunungan tina taneuh ngebul.  Nu nyieunna naragog

atawa dariuk dina taneuh.  Mimitina nyiduh heula, terus dipurulukan

taneuh.  Kituna téh sok bari ngarawih:





Paluhur-luhur gunung


pahandap-handap gobang


paluhur-luhur gunung


pahandap-handap gobang


(kitu baé sababaraha balikan)





Lila-lila taneuh nu dipuruluk-purulukeun téh maruncung, maru-

cunghul. Mun geus anggeus nyieun gugununganana sok terus patempo-

tempo, nu saha nu pangluhurna.