Rupa-rupa Kaulinan Barudak 2


16.
Hahayaman


Hahayaman nyaéta kaulinan nu merlukeun jalma réa.  Carana

nguriling nyieun bunderan bari pacekel-cekel.  Saurang aya nu jadi ha-

yam, jeung saurang deui aya nu jadi careuhna.  Nu jadi careuh salawas-

na boga tugas ngudag-ngudag hayam tepi ka beunang.  Nu jadi hayam

dibéré kalonggaran pikeun kaluar asup tina bunderan.  Sedeng nu jadi

careuh mah teu dibéré jalan.  Nu matak nu jadi hayam téh sok lila katé-

wakna ku nu jadi careuh.  Mun geus katéwak, nu jadi hayam jeung nu ja-

di careuhna diganti ku nu séjén.



17.
Hong-hongan


Hong-hongan méh sarua jeung ucing sumput.  Bédana teh hong-

hongan mah maké tihang, minangka tempat cicingna nu néangan Si A

upamana kagiliran purah néangan.  Cicingna téh deukeut tihang téa, ba-

ri ngajaga sangkan tihang ulah kacampa ku nu nyarumput.  Nu nyarum-

put poma ulah katempo ku nu jaga tihang.  Mun katempo, nu jaga geu-

wat ngagorowok "Hong Si Anu ...!" cenah.  Mun geus dihongkeun kitu teu

meunang nyumput deui.  Aya kalana nu jaga tihang téh kokoréléngan né-

angan nu nyumput ka ditu ka dieu.  Tah lamun keur balangah kana ti-

hang kitu, tihang téh sok rikat diburu ku nu nyumput (dicampa) bari nga-

gorowok "Cambal ...!" cenah.  Mun geus dicambalkeun kitu, nu geus di-

hongkeun teh kaci nyarumput deui.  Sedeng lamun nu nyarumput bisa

kahongkeun kabéh tur tihang taya nu nyampa, nu jaga tihang bisa milu

nyumput bari masrahkeun tihang jaga ka jalma nu pangheulana dihong-

keun.




18.
jajangkungan


Kaulinan barudak lalaki, leumpang maké awi dua nu maké pa-

nincakan. Luhurna, kumaha kahayang nu rék makéna baé.



19.
Lalandakan


Kaulinan nu niron-niron landak.  Nu maénna lobaan.  Sangkan

salah saurang jadi landakna, méméh prung téh ngarawih heula, ngawih-

na jalma nu rék dijieun landak téa.





Landak-landak sonari


kop cau kop tiwu


hakaneun sia janari


bekel miang ka batawi


kop jurig jarian


kop jurig tangkod


kop jurig pacilingan


kop jurig onom





Réngsé dikawihan, landak téh sebrut ngudag ka ditu ka dieu.  Nu

diudag tingalacir lalumpat bari tingcéréwét "aya landak..! Aya landak..!"

cenah.



20.
Ngadu kaléci


Kaulinan barudak lalaki make kaléci.



21.
Oray-orayan


Kaulinan barudak di buruan bari kakawihan. Barudak téh pace-

kel-cekel taktak, ngantay, terus maju luak-léok saperti oray nu luar-léor

bari angger kakawihan:





Oray-orayan


luar-léor mapay sawah


entong ka sawah


paréna keur sedeng beukah





Oray-orayan


luar-léor mapay leuwi


entong ka leuwi


di leuwi loba nu mandi





Oray-orayan


oray naon


oray bungka


bungka naon


bungka laut


laut naon


laut dipa


dipa na'on


di pandeuri, ri ri... ri...





(Huluna tuluy ngudag-ngudag buntutna bari disada "Kok, kok,

kok, kok...")



22.
Paciwit-ciwit lutung


Kaulinan paciwit-ciwit lutung sok dilakukeun ku tiluan atawa

opatan.  Carana silih ciwit tonggong dampal leungeun, nyusun luhur.

Bari silih ciwit kitu téh sok kakawihan:





Paciwit-ciwit lutung


si lutumg pindah ka tungtung (luhur)


paciwit-ciwit lutung


si lutung pindah ka tungtung (luhur)



23.
Pacublek-cublek Uang


Kaulinan pacublek-cublek uang sok dipilampah ku barudak awé-

wé, duaan atawa tiluan.  Carana, masing-masing dampal leu ngeun di-

peulkeun, tuluy disimpen di handap.  Salah saurang jadi indung, anu pu-

rah mepegan (neungeulan peureup nu duaan deui), kituna teh bari peu-

reupna nu kenca mah sarua dikahandapkeun.  Bari mepegan peureup, si

indung ngawih:





pacublek-cublek uang


Si Uang maung lenter


matata-mutiti


Si Titi mau kawin


pa emh emh, pa emh emh





Nu peureupna kapepeg pangpandeurina (bareng jeung panung-

tungan kawih), rikat disumputkeun ka tukang.  Tuluy indung mepegan

peureup nu séjénna deui, bari angger ngawih, tepi ka anggeus (peureup

saréréa geus aya di tukang).  Saha nu peureupna pangheulana dikatu-

kangkeun, éta nu kagiliran mepegan (jadi indung) dina balénan anu ka-

dua.




24.
Peperangan


Peperangan sok dilakukeun ku barudak lalaki. Tempatna di tega-

lan atawa di sampalan.  Parabot nu dipakéna nyaéta bebedilan tina awi

nu dieusian buah kanyéré.  Méméh prung dibagi heula.  Regu kahiji jadi

musuh regu kadua.  Dina derna perang, anu katémbak (ku bedil kanyéré)

kudu ngagolépak, api-api tiwas. Atawa mun sukuna nu katémbak, kapak-

sa leumpangna kudu ingkud-ingkudan, jsb.  Lamun geus réa nu palastra,

pamingpinna sok ngajak mundur atawa ngajak damé bari mawa bandé-

ra tina daun tepus atawa daun kakayon séjénna.



25.
Pris-prisan


Kaulinan pris-prisan diwangun ku dua regu.  Unggal regu pada-

pada nincak batu, cangkang kerang, atawa tutup limun nu disimpen di-

na taneuh.  Anggota regu lalumpat ka hareup "ngeupanan" sangkan diu-

dag (ditepak) ku regu lawan.  Lamun katepak, kudu jadi anggota regu la-

wan.  Lamun batu regu lawan katincak, disebutna "pris", hartina meu-

nang hiji-enol.



26.
Sérmen


Kaulinan barudak lalaki, peperangan maké pedang anu dijieun-

na tina awi.  Biasana babaladan.  Anu "paéh" nyaéta anu sukuna (ti tuur

ka handap) katoél ku pedang musuh.



27.
Sondah


Sondah mangrupa kaulinan barudak awéwé.  Carana, unggal jal-

ma nyekel talawéngkar terus dialungkeun kana kotak-kotak nu geus di-

sadiakeun (meunang ngaguratan dina taneuh).  Éta kotak-kotak téh lian

ti dialungan talawéngkar, oge sok diajiengan.  Ngan nu aya talawéngkar-

an nu teu meunang ditincak.  Dina sondah aya nu disebut mihiji, midua,

mitilu, jst.



28.
Sorodot gaplok


Kaulinan barudak lalaki di buruan, méh sarua jeung éngklé.  Be-

dana, dina sorodot gaplok mah batuna henteu dibawa éngklé-éngkléan,

tapi dialungkeun ku suku anu disorodotkeun, pikeun némbak batu lawan

anu dipasang dihareup.



29.
Surung Munding


Surung munding mangrupa kaulinan barudak lalaki. Dina surung

munding anu diutamakeun teh tanaga (kakuatan).  Carana, duaan paha-

reup-hareup, terus jogol, silihsurung pakuat-kuat tanaga.  Nu ngariung

ngalalajoanana sok bari ngawih:





Géré tong géré tong


nu éléh dipotong


géré tong géré tong


nu éléh dipotong



30.
Ucing-Ucingan


Ucing-ucingan bisa dilakukeun ku barudak lalaki atawa barudak

awéwé.  Saméméh prung sok ngarariung heula bari dikawihan, ku sau-

rang:






Cing cangkeling


manuk cingkleung cindeten


plos ka kolong


bapa Satar buleneng





Nu ngawih teh curukna bari acir-aciran, nuduh ka unggal jalma.

Lamun palebah "buleneng" curukna nunjuk ka Si A, nya Si A nu jadi

ucingna, kudu ngudag-ngudag nu séjén. Anu katéwak, éta nu kagiliran ja-

di ucing. Ucing-ucingan téh rupa-rupa, aya ucing sumput, ucing jongléng

(tajong kaléng), bancakan (najong susunan talawéngkar), ucing peung-

peun, jsb.