Dangdanggula Degung



Dangdanggula Degung






Sanggian:  N.N.
Rumpakan:  N.N.
Laras:  Pélog/Degung
Wanda:  Dedegungan
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Pupuh:  Dangdanggula




1.
Horéng kitu sugri nu kumelip
2.
Moal aya satungkebing langit

nu lumampah di saampar jagat

sakuriling jagat pramadita

butuh ku Gusti Yang Manon

gumelar hayang dieréh

pada nyuhunkeun tulung

kabéh bangsa samaksud

siang wengi mugi dijaring

kedal lisan bari jumerit

diriksa salamina

wakca sabalakana

teu petot menekung

pada nyebut embung

pada éar maridangdam

dijajah iwal ku Allah

sumambatna mugiya hasil ngajadi

nu ngersakeun ngagelarkeun bumi langit

maksad téh tinekanan

katut sapangeusina






3.
Najan lara tumeka ing pati



suka lillah lamun dimanah mah



sumeja béla pati téh



ulah bon marganing hirup



da puguh teu aya deui



salian ti ka Anjeunna



salamina tumut



pigeusaneun kumawula



na ka saha nitipkeun raga jeung pati



lian ti ka Anjeunna


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)

Asmarandana Degung  │  Asmarandana Karaton 1  │  Asmarandana Karaton 2  │ Candrawulan  │  Dangdanggula Degung
Embat-embat  │  Jemplang Ceurik  │  Jemplang Cidadap  │  Jemplang Karang  │  Jemplang Pamirig
Jemplang Pangantén  │  Kinanti Kaum  │  Ligar  │  Liwung  │  Magatru Degung  │  Mupu Kembang  │  Pancaniti
Papatet  │  Puspawangi  │  Putri Kingkin  │  Rajamantri  │  Sétra  │  Sinom Degung  │  Sulaya  │  Sungkeman
Téjamantri

Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)
Pupuh