Pancaniti



Pancaniti






Sanggian/Rumpakan: Dalem Pancaniti - R. Ece Majid
Surupan:  4=Tugu (Barang)
Laras:  Sorog/Madenda
Pupuh:  Dangdanggula




1.
Pajajaran tilas Siliwangi
2.
Pamoyanan jadi tepis wiring

wawangina nu kari ayeuna

dayeuh maneuh nagara baheula

ayeuna nya dayeuh Bogor

cirina nya gunung Gedé

Batu tulis nu kantun

kiwari nya Cianjur

kantun liwung jaradi pikir

kalér-wétan sajajar deui

mikir nu disadana

jiga gunung Mandala

henteu surud liwung

mandalana hayu

teuteuleuman kokojayan

hayu sotéh hayu mulang

di Ciliwung nunjang ngidul Siliwangi

langlang-lingling dina luhur méga miring

nuus di Pamoyanan

nyangsang  'na méga malang






3.
Reg ngadeg lebah gunung Putri



Demah duwur dayeuh Pancatengah



dirérét ngabéngbréng konéng



gunung Cupu ngariung



kawas anu eukeur badami



rangrang Sagalahérang



Parongpong ka Bandung



Burangrang nu ngarangrangan



parahuna nangkub dugi ka kiwari



teu jadi lalayaran


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)

Asmarandana Degung  │  Asmarandana Karaton 1  │  Asmarandana Karaton 2  │ Candrawulan  │  Dangdanggula Degung
Embat-embat  │  Jemplang Ceurik  │  Jemplang Cidadap  │  Jemplang Karang  │  Jemplang Pamirig
Jemplang Pangantén  │  Kinanti Kaum  │  Ligar  │  Liwung  │  Magatru Degung  │  Mupu Kembang  │  Pancaniti
Papatet  │  Puspawangi  │  Putri Kingkin  │  Rajamantri  │  Sétra  │  Sinom Degung  │  Sulaya  │  Sungkeman
Téjamantri

Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)
Pupuh