Papatet



Papatet






Sanggian:  N.N.
Rumpakan:  Nenden Asyani
Laras:  Pélog/Degung
Wanda:  Papantunan
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Patet:  Lorloran




Sateuacanna badé nembangkeun lagu Papantunan langkung ti payun nembangkeun heula lagu "Daweung".




Lagu Daweung



Saga ti Karang Pawitan



giringsing sutra déwangga



mangga urang tetembangan



ngahaleuang tembang Sunda






Papatet


1.
Babon lagu papantunan
2.
Kabinangkitan pujangga

papatet nu jadi dasar

pujangga alam bihari

dasar dina mamanisna

boh sastrana boh tembangna

sésénggolan reureueusna

natrat lana cumarita

wirahmana kitu deui

tug dumugi ka kiwari

nangtukeun lagu séjénna

pusaka turun-tumurun

kokocoran tina pantun

seuweu-siwi putra Sunda

dina wanda papanderan

umumna ka balaréa





Rumpaka:  Urang Réa (N.N.)


3.
Gunung Galunggung kapungkur
4.
Amit rék ngawih saeutik

gunung Sumedang katunjang

sarsilah aji Batara

talaga Sokawayana

nya pondok beunang miloko

rangkecik di tengah leuweung

panjang beunang ngungang-ngungang

ulah pundung ku disungkun

satutasna nulis dina

sumoréang teu ditéang

daun gebang séwu lontar

tarima raga wayahna

diteundeun di sisi jalan

ngancik di nagara deungeun

dina iuh-iuh tanjung






5.
Gunung Tangkubanparahu



nangkub dugi ka kiwari



sasakala nu baheula



Sangkuriang kabeurangan



bongan jalir tina jangji



bongan cidra ti subaya



jangji teu tutas sapeuting



kapayunan kingkilaban


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)

Asmarandana Degung  │  Asmarandana Karaton 1  │  Asmarandana Karaton 2  │ Candrawulan  │  Dangdanggula Degung
Embat-embat  │  Jemplang Ceurik  │  Jemplang Cidadap  │  Jemplang Karang  │  Jemplang Pamirig
Jemplang Pangantén  │  Kinanti Kaum  │  Ligar  │  Liwung  │  Magatru Degung  │  Mupu Kembang  │  Pancaniti
Papatet  │  Puspawangi  │  Putri Kingkin  │  Rajamantri  │  Sétra  │  Sinom Degung  │  Sulaya  │  Sungkeman
Téjamantri

Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)
Pupuh