Panglamunan



Panglamunan






Sanggian/Rumpakan:  Uking Sukri
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Laras:  Pélog/Degung
Gerakan:  Sedeng




1.
Najan angkeub kaayaan
2.
Carita anu kamari

moal samagaha pikir

ngan ukur jadi impian

najan mendung arék hujan

loba lampah nu hanjakal

najan mendung arék hujan

nyawang anu bakal datang

moal arék pugag léngkah

teu kacipta teu kagambar

(geuning)

(geuning)

bongan haté sumoréang

nu puguh ukur lamunan

ka nu anggang can ka (ka) ruhan

mun ditilik dititénan

ukur jadi panglamunan

dirasakeun dilakonan

alam anu baris datang

nyatana poé ayeuna






3.
Rarisi inggis ku bisi



rarémpan melang ku sugan



pikir nyawang ka pagéto



nyawang anu can karuhan



sieun kieu sieun kitu



(geuning)



hariwang meunang tunggara



salempang ku kaayaan



rupa-rupa panyawangan



tagiwur ku panglamunan


Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh