Titisan Degung



Titisan Degung






Sanggian/Rumpakan:  Endu Sulaeman Apandi
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Laras:  Pélog/Degung
Gerakan:  Sedeng




1.
Titisan degung warisan karuhun (2x)
2.
Titisan degung warisan karuhun (2x)

sim abdi amit rék ngawih

henteu leungit komarana

ngawihkeun lagu baheula

jadi tuduh keur bangsana

titinggaal para bujangga

ayeuna urang mangsana

kiwari kantun ngaranna

mangga guar pusakana

mangga urang parupusti ku sadayana

masing caang narawangan ka mana-mana

diraksa didama-dama

ulah nyasar salah rampa

supaya alus buahna

bisi poékeun di jalanna

diraksa didama-dama

ulah nyasar salah rampa

supaya alus buahna

bisi poékeun di jalanna






3.
Titisan degung warisan karuhun (2x)



jalanna seni kasusastran



seni kawih seni tembang



da geus aya ti dituna



teu ngagarap dihéséna



urang mah ngan kari néangan nu masih aya



ulah léah gancang laas



mun nu salah matak tiwas



ulah léah gancang laas



mun nu salah matak tiwas


Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh