Pulo Ganti



Pulo Ganti






Sanggian:  Endu Sulaeman Apandi
Rumpakan:  Endu Sulaeman Apandi
Laras:  Pélog/Degung
Gerakan:  Sedeng
Surupan:  1=Tugu (Barang)
Patet:  Lorloran




1.
Nyeri duméhna patebih
2.
Ieu lagu pulo ganti

nalangsa mah nalangsa duméh paanggang

keuna kana wirahmana

sono lawas teu patembong

ieu lagu pulo ganti

patepang mah patepang dina impian

keuna kana wirahmana

melang nu taya kendatna

lamun luyu reujeung ati

ditangtungkeun, ditangtungkeun wuwuh lanjung

tumaninah karasana

wuwuh nambahan ka bingung

lamun luyu reujeung ati

rus-ras nambahan kagagas

tumaninah karasana




3.
Dunungan urang ka Subang
4.
Melak saga palintangan

ka Subang mah ka Sarireja

babaléan pangalusna

dunungan urang ka Subang

melak saga palintangan

ka Subang mah ka Sarireja

babaléan pangalusna

dunungan mugi  sing melang

najan pageuh dipuntangan

ka abdi mah nu buméla

kasaéan tangtu lana

dunungan mugi  sing melang

najan pageuh dipuntangan

ka abdi mah nu buméla

kasaéan tangtu lana


Lagu-lagu Panambih (Sekar Tandak)

Duh Buana  │  Gunung Guntur  │  Lumengis  │  Ombak-ombakan  │  Padusunan  │  Pancawarna  │  Panglamunan
Panineungan  │  Pulo Ganti  │  Rénggong Manis  │  Séwu Cengkal  │  Sumoréang  │  Tepis Wiring  │  Titisan Degung


Lagu-lagu Tembang (Sekar Irama Merdika)
Pupuh