A. Aambeuan
|
||
Bau
|
Bangké, bugang, kokotor jalma/sato
|
|
Hangit
|
Olahan anu tutung, barang anu kaduruk
|
|
Hangru
|
Getih
|
|
Hangseur
|
Cikiih
|
|
Hanyir
|
Lauk, getih
|
|
Hapeuk
|
Pakéan kotor, tempat kotor
|
|
Haseum
|
Kokotor ucing, kélék nu késangan, olahan anu geus lila
|
|
Pengar
|
Jéngkol, peuteuy, obat-obatan nu ngandung bahan kimia
|
|
Pesing
|
Cikiih
|
|
Segak
|
Bako, cipeuyeum
|
|
Seungit
|
Kembang, minyak seungit
|
|
B. Rarasaan
|
||
Amis
|
Rasana gula
|
|
Anta
|
Rasana cai (cai sumur di taneuh tela/basisir)
|
|
Asin
|
Rasana uyah
|
|
Gahar
|
Rasana manisan, inuman nu ngandung rasa amis-haseum.
|
|
Haseum
|
Rasana cuka, bungbuahan nu atah kénéh
|
|
Kecut
|
Rasana cuka
|
|
Kesed
|
Rasana salak (salak ngora)
|
|
Keutar
|
Rasana geutah, cangkang bungbuahan
|
|
Keurang
|
Rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu digoréng ku minyak
|
|
kalapa murah
|
||
Lada
|
Rasana céngék
|
|
Pahang
|
Rasana buah jéngkol, iwung nu geus kolot atawa can diasakan
|
|
Pangset
|
Rasana olahan nu réa teuing uyah (asin pisan)
|
|
Pait
|
Rasana kina, paria, hamperu
|
|
Peuheur
|
Rasana térong
|
ngan pikeun pangajaran! hanya untuk pembelajaran! just for learning!
Aambeuan Jeung Rarasaan
Ngaran Rupa-Rupa Leumpang
boyot | = | leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun |
batur. | ||
dadaligdeugan | = | dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, ngadaligdeug, jajarigjeugan, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
dalugdag-daligdeug | = | ngadaligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, jarugjag-jarigjeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
déog | = | péngkor, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pon- |
dok. | ||
dohot-dohot | = | leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngado- |
doho. | ||
dumaligdeug | = | dalugdag-daligdeug, ngadaligdeug, dadaligdeugan, jumarigjeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
égang | = | égol, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul di- |
na palangkakan jsb. | ||
égol | = | égang, leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul |
dina palangkakan jsb. | ||
gonjléng | = | leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, hayang narik |
perhatian lalaki. | ||
ingkud-ingkudan | = | jingkrung, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb. |
jajarigjeugan | = | jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, ngajarigjeug, dadaligdeugan, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
jarugjag-jarigjeug | = | jajarigjeugan, jumarigjeug, ngajarigjeug, dalugdag-daligdeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
jingjet | = | leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa ma- |
ké samping nu heureut teuing. | ||
jingkrung | = | ingkud-ingkudan, leumpang teu bener lantaran nyeri suku jsb. |
jumarigjeug | = | jarugjag-jarigjeug, jajarigjeugan, ngajarigjeug, dumaligdeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
keketeyepan | = | ngeteyep, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun sora, |
maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian. | ||
képoh | = | leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu méh kawas aksara |
X. | ||
kukurubutan | = | leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu remet kaka- |
yon. | ||
lajag-léjég | = | ngaléjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am- |
bek. | ||
méngpéos | = | ngabadaus, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak- |
lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
mongkoy | = | moyongkod, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat si- |
eun atawa éra. | ||
moyongkod | = | mongkoy, leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun |
atawa éra. | ||
narabas | = | leumpang di nu bala atawa di nu remet kalawan teu miduli cucuk |
jsb. | ||
nekéh | = | leumpang di tempat nu nanjak terus-terusan. |
néléndén | = | tétéléndénan, talandan-téléndén, leuleumpangan anca, pikalu- |
cueun katénjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
nelenyeng | = | leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang. |
ngabadaus | = | méngpéos, ngabéngbéos, leumpang (semu gancang) teu luak- |
lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
ngabéngbéos | = | ngabadaus, méngpéos, leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk, |
biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema jsté. | ||
ngabring | = | leumpang babarengan (lobaan). |
ngabrul | = | kaluar atawa indit babarengan |
ngaburudul | = | kaluar ti hiji tempat (lobaan). |
ngadaligdeug | = | dalugdag-daligdeug, dumaligdeug, dadaligdeugan, ngajarigjeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
ngadédod | = | leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu, kusabab awakna |
lintuh. | ||
ngadigdig | = | ngagedig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut. |
ngadigleu | = | leumpang kendor, semu bareurat ngaléngkah. |
ngadudud | = | leumpang gancang teu luak-lieuk. |
ngagandeuang | = | leumpang salsé, dada ajeg, bari keupat laun. |
ngagéang | = | leumpang semu égang. |
ngageblay | = | leumpang awéwé, anca, bari keupat laun. |
ngageblig | = | leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tapi ka kadéngé |
blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan). | ||
ngagéboy | = | leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus. |
ngagedig | = | ngadigdig, ngagidig, leumpang gancang sarta segut. |
ngagégag | = | leumpang kendor semu bareurat awak. |
ngageuyeunggeung | = | leumpang laun nu keur gering atawa kakara hudang gering. |
ngagéyot | = | ngagiyet, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. |
ngagidig | = | ngadigdig, ngagedig, leumpang gancang sarta segut. |
ngagigeug | = | leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu. |
ngagiplek | = | leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek. |
ngagitek | = | leumpang awéwé bari semu ngagutak-gitek bujur. |
ngagiyet | = | ngagéyot, leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur. |
ngajarigjeug | = | jarugjag-jarigjeug, jumarigjeug, jajarigjeugan, ngadaligdeug, |
leumpang titotolonjong kawas nu rék labuh (biasana jalma nu | ||
mabok, geus kurang tanaga atawa kakara hudang gering). | ||
ngalanggéor | = | leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus ketempona. |
ngaléjég | = | lajag-léjég, leuleumpangan di hareupeun batur, biasana bari am- |
bek. | ||
ngalénghoy | = | leumpang alon lantaran capé. |
ngaleut | = | ngeungkeuy, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan |
ngabring). | ||
ngaleyad | = | leumpang anca diaplén. |
ngaligincing | = | ngalongkéwang, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon- |
naon. | ||
ngalongkéwang | = | ngaligincing, sesebutan keur nu leumpang teu mawa naon-naon. |
ngantay | = | sababaraha urang nguntuy ti hareup ka tukang bari maju lalaun- |
an. | ||
ngeteyep | = | keketeyepan, leumpang kacida alonna sangkan teu nimbulkeun |
sora, maksudna ngarah teu katohyan ku jalma lian. | ||
ngeungkeuy | = | ngaleut, leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan |
ngabring). | ||
ngiciprit | = | leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang. |
ngincid | = | leumpang gancang (sorangan). |
ngingkig | = | ngungkug, leumpang gancang teu luak-lieuk. |
ngungkug | = | ngingkig, leumpang gancang teu luak-lieuk. |
niliktik | = | leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang, titiliktikan ka |
ditu ka dieu. | ||
nolog | = | leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék. |
noyod | = | leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram. |
nurugtug | = | leumpang gancang di nu mudun. |
nyelengceng | = | leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur). |
nyérénténg | = | nyirintil, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari am- |
bek). | ||
nyirintil | = | nyérénténg, leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari |
ambek). | ||
péngkor | = | déog, leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. |
rarampéolan | = | leumpang semu leuleus (nu keur mabok jsb.). |
rincug | = | leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang |
di nu bala sieun kacugak lantaran teu maké sendal/sapatu. | ||
sasampoyongan | = | leumpang gagaléongan (nu keur mabok jsb.) |
sésélékét | = | seselendep, leumpang di antara jelema loba. |
seselendep | = | sésélékét, leumpang di antara jelema loba. |
singkang | = | leumpang semu jégar lantaran sukuna ti lebah tuur ka handap se- |
mu kaluar (sabalikna tina képoh). | ||
talandan-téléndén | = | tétéléndénan, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun ka- |
ténjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
tétéléndénan | = | talandan-téléndén, néléndén, leuleumpangan anca, pikalucueun |
katénjona (budak leutik, japati jsté.). | ||
tonggoy | = | leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu ngage- |
roan. | ||
totolonjongan | = | leumpang kawas nu rék labuh. |
tuturubun | = | turun (leumpang) rurusuhan, buru-buru. |
ungkuy-ungkuyan | = | leumpang bari ngobahkeun awak ka luhur ka handap (nu tanpa- |
daksa). |
Rupa-Rupa Diuk
andegléng | = | diuk ajeg tumaninah dina korsi. |
andéprok | = | émok rékép (awéwé). |
anjeucleu | = | diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong mun- |
ding, kuda, sapédah jsb.). | ||
campego | = | cingogo kawas aya nu didagoan. |
candeluk | = | cendekul, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas |
aya nu didagoan. | ||
cendekul | = | candeluk, cindekul, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas |
aya nu didagoan. | ||
cindekul | = | cendekul, candeluk, cindukul, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas |
aya nu didagoan. | ||
cindeluk | = | cendekul, cindekul, cindukul, candeluk, diuk sababaraha lilana kawas |
aya nu didagoan. | ||
cindukul | = | cendekul, cindekul, candeluk, cindeluk, diuk sababaraha lilana kawas |
aya nu didagoan. | ||
cingogo | = | cangogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang. |
cangogo | = | cingogo, nagog, peta saperti nu keur bubuang. |
émok | = | cara diuk awéwé dina lanté (samak), pingpingna diréndéngkeun, bitis- |
na patumpang, arahna sarua. | ||
émok cabok | = | sabangsa émok tapi bitis nu kénca kana pingping kénca, nu katuhu ka- |
na pingping katuhu. | ||
nagog | = | cingogo. |
nanggeuy gado | = | diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipaké nanggeuy gado, biasana |
keur ngalamun atawa baringung pipikiran. | ||
ngabaheuhay | = | diuk nyanghunjar bari suku dipaanggangkeun, biasana lantaran capé. |
ngabebengkung | = | diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur. |
ngalageday | = | ngalegeday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté. |
ngalegeday | = | ngalageday, diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jsté. |
nyanghunjar | = | nangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah. |
nanghunjar | = | nyangunjar, diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah. |
nyanghunjar lambar | = | diuk bari ngalonjorkeun suku duanana. |
nyangsaya | = | diuk bari nyarandékeun awak kana tempat nu disarandéan. |
sidéngdang | = | diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah pang- |
gung nu aya kolongan), lamun suku duanana diayun-ayun disebutna | ||
ucang-ucangan, lamun suku diayun-ayun bari didiukan budak disebut- | ||
na ucang anggé (sarupa kaulinan). | ||
sideuha | = | diuk émok atawa sila bari leungeun sabeulah dipaké nulak awak. |
sila | = | diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didéngkak- |
keun. | ||
sila andekak | = | sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan. |
sila ipis | = | sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jébrag. |
sila mando | = | sila bari leungeun duanana aya di antara dua suku nu ditumpangkeun, |
awak biasana semu doyong ka hareup. | ||
sila tumpang | = | sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kénca katuhu. |
sila tutug | = | suku nu sebeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun. |
Ngaran Rupa-Rupa Omongan
ancad laér | = | ngomongna anca pisan. |
céntal | = | pacéntal-céntal, paséa paréa-réa omong. |
eur-eur | = | garap, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap-ap |
ereup-eup. | ||
galantang | = | ngagalantang, nyarita atawa pidato panjang tur tatag. |
galécok | = | garécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun. |
garap | = | eur-eur, kabiasaan ngomong nu harésé rék pok, ngomong arap- |
ap ereup-eup. | ||
garécok | = | galécok, nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun. |
garihal | = | omongan kasar matak nyentug kana ati. |
gebah | = | ngagebah, ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur |
reuwaseun. | ||
gebés | = | ngagebés, nyentak, ngahuit. |
gedebul | = | rahul, gedé omong, gedé bohong. |
gelendeng | = | ngagelendeng, ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatah- |
an, biasana paduduaan. | ||
gelendut | = | ngagelendut, nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lem- |
but. | ||
gentem | = | omongan semu agem. |
gentra | = | ngagentraan, nyalukan, ngageroan. |
gerentes | = | ngagerentes, ngomong di jero haté. |
gereyem | = | ngagereyem, ngomong laun ukur kadéngé ku sorangan. |
gero | = | ngagero, nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas |
atawa aya bahaya, ngageroan = nyalukan. | ||
gonjak | = | ngagonjak, ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseu- |
rieun). | ||
gorocok | = | beuki ngomong, ngagorocok = ngomong rusuh. |
gundam | = | ngalindur, ngomong kalawan teu sadar (biasana keur saré). |
gunem catur | = | ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang. |
guntreng | = | cacarita lila duaan, sorana lalaunan. |
handap lanyap | = | omongan lemes tapi eusina ngahina. |
haréwos | = | ngaharéwos, nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur |
sangkan ulah kadéngé ku nu lian. | ||
haréwos bojong | = | caritaan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku batur. |
hariweusweus | = | haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas |
jsté.). | ||
haroshos | = | omongan anu méh teu kadéngé (sora jalma nu geus kurang na- |
pas). | ||
harung gampung | = | sompral, ngomong sangeunahna. |
hoghag | = | paréa-réa omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu paséa |
atawa nu parebut bebeneran). | ||
humandeuar | = | ngomong (bari rumahuh, ngedalkeun kasusah, kahoréam jsté. |
(biasana jalma nu ngarasula). | ||
jejebris | = | ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goréng budi, ambek |
jsb. | ||
kah | = | jawaban awéwé mun dicalukan. |
kecewis | = | ngecewis, ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun. |
kecewas-kecewis | = | ngomongkeun batur ka ditu ka dieu. |
kocéak | = | ngocéak, ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasi- |
eun jsb. | ||
kukulutus | = | gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek). |
kulan | = | jawaban lalaki mun dicalukan. |
kunyam-kunyem | = | ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab. |
sosoak | = | ngomong tarik bari ambek. |
Sesebutan Ka Jelema
Aki-aki
|
=
|
Lalaki nu geus kolot pisan.
|
Balég tampélé
|
=
|
Mangkat begér, wani di tukangeun, ari dihareupeun éra kénéh.
|
Bébéné
|
=
|
Kabogoh (awéwé).
|
Beubeureuh
|
=
|
Kabogoh (lalaki).
|
Bijil bulu mayang
|
=
|
Saharti jeung balég tampélé.
|
Budak
|
=
|
Anak jalma nu can balég.
|
Budak gumélo
|
=
|
Budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak kénéh,
kira-kira
|
umur 2-4 taun.
|
||
Budak kamalolé
|
=
|
1. Budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran
aya
|
tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu
daék
|
||
cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.
|
||
2. Budak nu teu pati kaurus, kurang nyusu lantaran indungna
begér
|
||
deui.
|
||
Budak pahatu
|
=
|
Budak nu geus teu boga indung.
|
Budak pahatu lalis
|
=
|
Budak nu geus teu boga indung bapa.
|
Budak yatim
|
=
|
Budak nu geus teu boga bapa.
|
Bujang
|
=
|
Lalaki nu geus balég tapi can kawin.
|
Bujang jenggléngan
|
=
|
Jajaka tulén.
|
Cawéné
|
=
|
Parawan, awéwé anu can kawin.
|
Duda
|
=
|
Lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui.
|
Galak sinongnong
|
=
|
Budak lalaki nu mimiti aya sir ka awéwé (sarua jeung balég
tampélé,
|
ngan geus rada aya kawani).
|
||
Kokolot begog
|
=
|
Jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan
ko-
|
lot.
|
||
Kolot
|
=
|
Jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
|
Kolot sapeuting
|
=
|
Jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu
kaka-
|
ra dijurukeun sapeuting.
|
||
Kontrong-kontrong
|
=
|
Jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki.
|
Lanjang
|
=
|
Awéwé nu can kawin.
|
Ngomboan
|
=
|
Lalaki nu mimiti begér ka awéwé, sorana ngagedéan.
|
Nini-nini
|
=
|
Awéwé nu geus kolot pisan.
|
Parawan
|
=
|
Cawéna, awéwé nu can kawin.
|
Parawan jekékan
|
=
|
Mojang tulén, keur meujeuhna rumaja putri.
|
Randa bengsrat/
|
=
|
Randa nu saenyana parawan kénéh, can sapatemon jeung salaki mé-
|
kulanjar
|
méh diserahkeun (ditinggal maot).
|
|
Randa/rangda
|
=
|
Awéwé nu geus diserahkeuh atawa ditinggal maot ku salakina.
|
Séngsérang panon
|
=
|
Parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nénjo, resep
naksir.
|
Tengah tuwuh
|
=
|
Jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun.
|
Turun amis cau
|
=
|
Parawan nu mimiti begér.
|